wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH Biantara

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

"Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad SAW.”

 

Ieu sempalan kaasup kana struktur biantara ....

a)

Dunga

b)

Mukaddimah

c)

Sanduk-sanduk

d)

Salam Bubuka

e)

Salam Panutup

2.

"Rupina sakitu nu kapihatur. Sakali deui ka para siswa kelas XII, wilujeng ngahontal harepan sareng cita-cita nu langkung luhur, bral geura miang, geura tandang makalangan."

 

Nilik kana eta sempalan, téma biantara nu ditepikeun ngeunaan ....

a)

Maulid Nabi Muhammad Saw.

b)

Paturay Tineung Siswa Kelas XII

c)

Miéling Sumpah Pemuda

d)

Olimpiade Kelas XII

e)

MPLS Siswa Anyar

3.

"Bapa Kepala Sakola, Komite Sakola, réngréngan guru, sareng staff TU nu ku simkuring dipikahormat, ogé teu hilap siswa-siswi nu dipikareueus."

 

Ungkara di luhur nuduhkeun struktur biantara ....

a)

Eusi

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

Sanduk-sanduk

e)

Salam Panghormat

4.

"Sim kuring ngadeg di ieu papanggungan kanggo ngadugikeun biantara dina raraga miéling poé sumpah pamuda..."

 

Sempalan biantara di luhur kaasup kana bagian ....

a)

Mukadimah

b)

Nyindekkeun

c)

Sanduk-sanduk

d)

Nepikeun eusi

e)

Ngadadarkeun tujuan

5.

"Hapunten bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah...."

 

Kalimah di luhur kaasup kana biantara bagian ....

a)

Mukadimah

b)

Nyindekkeun

c)

Sanduk-sanduk

d)

Nepikeun eusi

e)

Ngadadarkeun tujuan

6.

Bapa kepala sakola nuju biantara dina raraga Agustusan. Dina prak-prakanna bari mawa catetan inti. Kaasup kana métode biantara ...

a)

Métode nalar

b)

Métode impromtu

c)

Métode ngapalkeun

d)

Métode ékstémporan

e)

Métode maca naskah

7.

Dina acara perpisahan SMA Kartika XIX-2, Bu Tuti ditunjuk jadi ketua panitia, anjeunna dipiwarang biantara, tuluy dibaca naskah biantara téh sagemblengna (sakabéhna). Ieu biantara kaasup conto ....

a)

Métode nalar

b)

Métode impromtu

c)

Métode ngapalkeun

d)

Métode ékstémporan

e)

Métode maca naskah

8.

Biantara tanpa persiapan, langsung ditepikeun biasana dilakukeun ku jalma nu geus parigel atawa ahli dina nepikeun biantara nyaéta métode...

a)

Métode nalar

b)

Métode impromtu

c)

Métode ngapalkeun

d)

Métode ékstémporan

e)

Métode maca naskah

9.

Métode nalar disebut ogé métode ....

a)

Métode poin inti

b)

Métode impromtu

c)

Métode ngapalkeun

d)

Métode ékstémporan

e)

Métode maca naskah

10.

Jejer biantara teh kudu luyu jeng situasi sarta kondisi kiwari nu keur ramé dipadungdengkeun, ulah medar matéri anu éta-éta kénéh atawa geus basi. Kaasup kana padika biantara....

a)

Basana hadé

b)

Jejerna aktual

c)

Rangkayna weweg

d)

Kudu aya babasan

e)

Gaya basana merenah

11.

Nyieun biantara téh tong padu teuing, rangkayna kudu weweg hartina ....

a)

Kudu matak ngirut, sabab patali jeung seni nyarita

b)

Basana beunghar tur euyeub ku mamanis basa

c)

Rangkay tulisan dumasar struktur biantara

d)

Réa mangpaat jeung pulungeunana

e)

Aktual, luyu jeung situasi kondisi

12.

Patalina jeung gerak awak/badan nu éféktif dina biantara disebut ogé istilah lainna nyaéta....

a)

Sora (Artikulasi)

b)

Wirahma (Irama)

c)

Pasang Peta (Géstur)

d)

Lentong (Intonasi)

e)

Pasemon (Ekspresi)

13.

Patalina jeung anca gancangna atawa tarik halonna dina nyarita disebut ....

a)

Sora (Artikulasi)

b)

Wirahma (Irama)

c)

Pasang Peta (Géstur)

d)

Lentong (Intonasi)

e)

Pasemon (Ekspresi)

14.

Biantara nyaéta ....

a)

nyarita di hareupeun balaréa, kalawan eusina luyu jeung tujuan nu rék ditepikeun

b)

ngokolakeun hiji acara nu gedé pangaruhna pikeun balaréa

c)

mingpin sakabéh sési dina hiji acara nu réa pamilonna

d)

mingpin diskusi dina hiji kagiatan nu profesional

e)

nyarita ngagunakeun basa nu béda-béda

15.

Basa nu digunakeun dina biantara ilaharna ngagunakeun basa Sunda...

a)

loma

b)

hormat

c)

loma-hormat

d)

hormat-loma

e)

kasar-hormat

16.

Pék tilikan ieu hal-hal nu aya dina struktur biantara!

1) ngucapkeun salam pamuka

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun puji Syukur ka Allah

4) medar tema nu rék ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping

 

Sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaéta…..

a)

1-2-3

b)

1-3-5

c)

2-3-4

d)

3-4-5

e)

1-2-3-4-5

17.

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara, diantarana saperti ieu dihandap, iwal…

a)

Medar topik/téma

b)

Sanduk-sanduk

c)

Salam panutup

d)

Nyindekkeun

e)

Dunga

18.

Pék ilikan ieu métode biantara di handap!

1) langsung (Impromtu)

2) maca naskah (manuskrip)

3) ngapalkeun teks (nalar/memory teks)

4) nyatet nu penting - pentingna wungkul (ekstemporan)

 

Nu kaasup kana métode biantara, nyaéta…

a)

1 jeung 4

b)

1 jeung 2

c)

2 jeung 3

d)

1, 2, jeung 3

e)

1, 2, 3, jeung 4

19.

1) ngucapkeun salam

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun sukur ka allah

4) medar tema nu rek ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

20.

Sajeroning biantara téh urang kudu nyarita kalawan lancar, henteu gugup, jelas, sarta henteu loba ngarandeg, disebut ogé ...

a)

Ngandung wirahma

b)

Alus basana

c)

Munel eusina

d)

Tatag nyaritana

e)

Ngayayay

21.

1. Mungguh ari waktu asa nyéak pisan sajorélat. Asa kamari kénéh simkuring saparakanca riung mungpulung sareng raka-raka ti kelas XII di ieu sakola, tapi ayeuna tos kedah paturay deui. Kantenan baé salami sasarengan téh seueur luang pangalaman anu diwariskeun ti Tétéh kalih Akang pikeun kamajuan ieu sakola. Tangtos baé éta sadaya bakal janten tuladan sareng katineung anu moal kahihilapkeun. Atuh kasaéan ti Tétéh kalih ti Akang baris janten pamuka lawang kanggo naratas jalan pikahareupeun simkuring saparakanca, enggoning nempuh cita-cita.

2. Teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur séwu nuhun kana pirang-pirang kasaéan Akang kalih Tétéh sadayana. Simkuring saparakanca henteu tiasa males éta kasaéan, anging mung tiasa ngedalken du’a, pamugi rupaning luang sareng pangalaman anu parantos dipaparin ku Akang kalih ku Tétéh, kénging ganjaran anu ageung mangtikel-tikel ti Gusti Nu Maha Suci.

3. Langkung tipayun simkuring hoyong ngadugikeun pangwilujeng ka Tétéh kalih Akang kelas XII anu parantos lulus ti ieu sakola. Mugi-mugi salulusna ti ieu sakola tiasa neraskeun deui ka paguron luhur anu dicita-cita.

4. Pamungkas simkuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a ti Akang sareng Tétéh, pamugi sadaya adi-adi kelas nu aya di ieu sakola sing tiasa nuturkeun tapak lacak Akang miwah Tétéh ku jalan ngukir rupa-rupa préstasi anu mungguh matak nyeungitkeun sareng pikareueuseun.

Paragraf di luhur bisa jadi eusi biantara nu merenah saupama susunanana jadi ....

a)

3-1-2-4

b)

3-2-1-4

c)

1-2-3-4

d)

1-3-2-4

e)

3-4-2-1

22.

"Cep, jadi jalma mah kudu bodo aléwoh, ulah bodo katotoloyo" Ceuk P Jahidin ka siswa SMA Kartika XIX-2

Harti kudu bodo alewoh nya eta ....

a)

Kudu robah adat, tina milampah goréng jadi milampah hadé.

b)

Lamun urang teu nyaho, kudu daék tatanya.

c)

Dina ngahontal hiji maksud, urang kudu ngajalankeun rupa-rupa cara atawa tarékah.

d)

Narima barang anu geus lila dipikahayang bari teu disangka sanga

e)

Ulah lebar dina ngagunakeun harta banda pikeun kasalametan awak urang.

23.

Dina nepikeun biantara urang kudu merhatikeun sora anu bedas sangkan kadenge ku balarea. Bentes dina nepikeun kecap jeung kalimah dina biantara dipedar dina

a)

lentong (intonasi)

b)

sora (artikulasi)

c)

pasang peta

d)

wirahma

e)

nada

24.

…….

Hadirin anu dipihormat, aya sawatara hal nu kudu disiapkeun ku urang sadayana dina mayunan ujian ieu, diantara urang kudu pinter ngatur waktu pikeun diajar, ulah loba teuing ulin, kudu ngalobakeun maca di perpustakaan, sing mindeng diskusi ngeunaan pelajaran jeung babaturan…..


Ungkara kalimah diluhur mang rupa conto bagian…..

a)

mukadimah

b)

ngadadarkeun tujuan

c)

nepikeun eusi

d)

nyindekkeun

e)

sanduk-sanduk

25.

1) nepikeun eusi

2) salam bubuka

3) nyindekkeun

4) sanduk-sanduk

5) salam panghormat

6) ngahaturkeun nuhun

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta ...

a)

1-2-3

b)

2-5-6

c)

1-2-5

d)

2-4-5

e)

2-3-5