wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BIANTARA, BABASAN JEUNG PARIBASA

Total questions: 10

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Biantara tanpa nyiapkeun téks, biasana dilakukeun ku jalma nu geus parigel atawa ahli dina nepikeun biantara nyaéta metodeu...

a)

Nalar

b)

Maca naskah

c)

Ekstémporan

d)

Langsung (impromtu)

2.

Nepikeun biantara kalawan mawa catetan hal-hal nu penting nu rék ditepikeun. biasana sok dijieun catetan mangrupa gurat badag, disebut metodeu...

a)

Nalar

b)

Maca Naskah

c)

Ekstémporan

d)

Langsung (impromtu)

3.

Téhnik biantara téh rupa-rupa. Biantara anu ngagunakeun téks sarta dibaca sakur nu aya dina éta téks, disebut...

a)

Tèhnik ngadadak

b)

Téhnik maca

c)

Téhnik nalar

d)

Tèhnik nyatetkeun inti

4.

Pek lengkepan sisindiran di handap ieu!

Saninten jeung buah sukun

Rasana teuing ku ngeunah

..........

...........

a)

Hapunten anu kasuhun

Keur ngahontal cita-cita

b)

Basana kirang merenah

Hapunten anu kasuhun

c)

Mawa hurang ka cibenda

Mawa kopi ka cisaga

d)

Hapunten anu kasuhun

Basana kirang merenah

5.

Ieu cutatan biantara di handap!

“Sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun.”

Ungkara di luhur biasana dipaké dina bagian ...

a)

Eusi biantara

b)

Panutup biantara

c)

Bubuka biantara

d)

Salam panutup

6.

Biantara téh nya éta nyarita di hareupeun balaréa dina situasi nu resmi. Biantara pikeun mapag dina hiji acara disebut biantara pamapag, atawa biasana disebut .....

a)

Hutbah

b)

Ceramah

c)

Pidato

d)

Pengumuman

7.

……...

Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….


ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

mamanis biantara

8.

Alhamdulillah dina danget ieu urang sadaya tiasa ......... di ieu tempat.

Kalimah paribasa anu sesuai kangge ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta...

a)

Rempug jukung sauyunan

b)

Ngukur ka kujur nimbang ka badan

c)

Patepung lawung paamprok jonghok

d)

Henteu jangjang henteu jingjing

9.

Sok sanaos saparakanca dongkapna ka dieu estuning ngagalincing .....

Kalimah paribasa anu sesuai kangge ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta...

a)

Rempug jukung sauyunan

b)

Ngukur ka kujur nimbang ka badan

c)

Patepung lawung paamprok jonghok

d)

Henteu jangjang henteu jingjing

10.

Mangga urang sasarengan ngarojong pangwangunan....

Kalimah paribasa anu sesuai kangge ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta...

a)

Rempug jukung sauyunan

b)

Ngukur ka kujur nimbang ka badan

c)

Patepung lawung paamprok jonghok

d)

Henteu jangjang henteu jingjing