NEW
Font size
WorksheetsDONGENG
Total questions: 20
Worksheet time: 30mins
Anu dimaksud dongeng teh nyaeta...
A. carita rekaan nu ngandung unsur pamohalan
B. carita rekaan nu teu ngandung unsur pamohalan
C. carita sajarah anu aya di dunia
D. carita keur barudak
dongeng teh disebut oge carita anu fiksi, fiksi miboga harti...
A. carita nyata
B. carita nu bener aya
C. carita nu diaya-ayakeun
D. carita teu nyata
dongeng teh carita nu ngandung unsur pamohalan, anu dimaksud pamohalan teh nyaeta...
A. hal-hal anu dijieun ku masarakat
B. hal-hal anu teu asup akal
C. hal-hal anu dicaritakeun sacara lisan
D. hal-hal anu asup akal
unggal daerah boga dongeng anu aya hubunganna jeung tempat atawa kapercayaan daerahna. eta sababna dongeng mangrupa bagian tina folklore atawa...
A. carita batur
B. carita daerah
C. carita rakyat
D. carita bohong
Dongeng kaasup karya masarakat/karya balarea sabab...
A. kanyahoan anu ngarangna
B. teu kanyahoan anu ngarangna
C. sumebar sacara lisan
D. sumebar sacara tulisan
Anu kaasup dongeng fabel nyaeta...
A. sakadang kuya jeung sakadang monyet ngala cabe
B. tangkuban parahu
C. karajaan sunda
D. sasakala gunung guntur
anu kaasup dongeng sasatoan nyaeta...
A. sasakala maung panjalu
B. si kabayan ngadeupaan lincar
C. sakadang kuya jeung sakadang monyet
D. cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
dongeng "Sasakala tangkuban parahu" nyaritakeun...
A. asal-usul hiji barang
B. asal-usul tempat
C. asal-usul sasatoan
D. asal-usul kaayaan
gunung tangkuban parahu kaasup kana dongeng...
A. dongeng sasatoan
B. dongeng sage
C. dongeng sasakala
D. dongeng fabel
Tokoh dongeng anu disebut-sebut asli sunda nyaeta...
A. si kabayan
B. si lamsijah
C. sangkuriang
D. si tumang
hal anu kudu diperhatikeun nalika ngadongeng nyaeta ieu dihandap, iwal
A. vokal/suara
B. intonasi jeung artikulasi
C. ekspresi
D. ekspektasi
dongeng anu nyaritakeun jalma biasa disebut oge...
A. fabel
B. mite
C. sage
D. farabel
dongeng anu caritana ngandung unsur sajarah nyaeta...
A. babak
B. mite
C. sage
D. sasakala
sato dina gambar disebut...
A. hayam jago
B. hayam
C. hahayaman
D. hayam kampung
dongeng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat nyaeta...
A. dongeng farabel
B. dongeng sasakala
C. dongeng fabel
D. dongeng mite
amanat dina carita "Gunung geulis" nyaeta...
A. kudu diajar jujur
B. ulah sarakah jeung kudu sabar
C. ulah egois
D. kudu ngajaga amanat ti batur
dina dongeng "Gunung Geulis" tokohna aya...
A. 2
B. 8
C. 2
D. 3
carita anu nyata/bener ayana disebut...
A. dongeng
B. carita fiksi
C. carita non-fiksi
D. carita rekaan
judul dongengna nyaeta...
A. dewi sri
B. nyiroro kidul
C. dewi kidul
D. putri duyung
conto dongeng anu asalna ti kabupaten Bandung nyaeta...
A. sasakala sukabumi
B. sasakala maung panjalu
C. sasakala gunung geulis
D. sasakala tangkuban parahu
