WorksheetsPH Kelas 5 Basa Sunda Pangajaran 1
Total questions: 20
Worksheet time: 15mins
Béklen asalna tina kecap bikkelen anu diserep tina basa ....
Walanda
Arab
Inggris
Nu sok arulin béklen ilaharna barudak ....
lalaki
awéwé
lalaki jeung awéwé
kolot
Istilah gacrit téh ilaharna dipaké dina kaulinan ....
béklen
maénbal
jajangkungan
kaléci
Motor keur dikumbah ku A Andi.
Kalimah di luhur mun dijadikeun wangun kalimah aktif nyaéta ....
A Andi keur dikumbah motor
A Andi keur kumbah motor
Motor keur ngumbah ku A Andi
A Andi keur ngumbah motor
Nu sok arulin ngadu kaléci ilaharna barudak ....
lalaki
lalaki jeung awéwé
awéwé
salah kabéhanana
Di handap anu ilahar dijadikeun siki keur maén béklen nyaéta ....
siki kadu
siki asem
kewuk
siki salak
Kecap di handap ieu anu aya patalina jeung maén langlayangan nyaéta ....
depot
gelasan
kewuk
gacrit
Ngaran kaulinan nu luyu jeung gambar nyaéta ....
galah
gatrik
kaléci
sondah
Cucu ngajakan Edi maén gatrik. Kalimah ajakan anu merenah nyaéta ....
Edi, rék maén gatrik moal?
Edi, isukan kuring rék maén gatrik.
Edi, ulin gatrik, yuk!
Edi rek ulin gatrik jeung Cucu
Maén béklen téh ngabutuhkeun ... jeung bal karét.
Kecap barang anu merenanh pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
kaléci
kewuk
kenur
gundu
Barudak ngala awi keur nyieun ....
game online
ucing-ucingan
jajangkungan
lumpat karung
Rudi, Bianca, Asép, Diah, Santi jeung Dodo keur nyémplekan kenténg rék maén ....
boy-boyan
langlayangan
yoyo
lumpat karung
... nu Tono kapakan sabab kenurna pegat.
béklen
kolécér
jajangkungan
langlayangan
Lamun gedé angin mah ... téh muterna tarik pisan.
yoyo
kolécér
jajangkungan
bedil
Barudak keur ... di lapang mani jéjéréwétan.
medar langlayangan
maén PS
ucing-ucingan
jajangkungan
Asép balik sakola muru ka warnét rék maén ....
PS
boy-boyan
langlayangan
game online
Barudak dina Agustusan kamari miluan perlombaan ....
kolécér
lumpat karung
sondah
ucing-ucingan
Jaman ayeuna mah barudak téh leuwih resep maén ... tibatan kaulinan baheula.
PS
sondah
yoyo
ucing-ucingan
Ujang mah maén ... pinter pisan, tuh muterna meni leceng.
game online
PS
langlayangan
yoyo
Ani jeung Ana keur maén ... di buruan.
game online
kolécér
ucing-ucingan
sondah
