NEW
Font size
WorksheetsPTS Semester 1 bahasa sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
Istilah dina basa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung kecap paguneman, nyaeta...
Perintah
Percakapan
Bercakap
Berbicara
Aya tilu syarat lamun urang rek ngalakukeun paguneman, salah sahijina nyaeta paguneman teh kudu dilakukeun ku...
Tujuhan
Limaan
Duaan atawa leuwih
Saurang
Mang Utas : “Lo.. Kadieu sakeudeung, urang ngopi
heula!”
Si Alo : “Aeh.. sugan teh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah.”
Mang Utas : “Puguh Lo, amang teh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis. Amang mah asa di Kutub, Lo.”
Tema/topik paguneman di luhur, nyaeta...
Hawa lembur nu tiis
Liburan ka kutub
Nginum kopi
Nginum kopi
Baca Sempalan paguneman ieu di handap!
Ahmad : “Wan, urang lalajo Persib di imah urang, yu!”
Irwan : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng.”
Ahmad : “Kumaha mun ngajak Engkus jeung Nanang?”
Irwan : “Enya atuh, di-sms we..”
Kasar
Lemes
Hormat
Loma
Dedeh : “Assalamualaikum.”
Udin : “Wa’alaikumsalam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten bade tumaros, dinten
kamari aya tugas?”
Udin : “Oh muhun.. aya tugas Basa Sunda. Ku naon
atuh kamari teu sakola, Deh?”
Dedeh : “............”
"hayu atuh urang ngerjakeun isukan"
"muhun sakedap deui dugi"
"kamari teh abdi udur, nyeri patuangan"
"kedah ngerjakeun naon PR bahasa Sunda teh?"
di handap ieu anu mangrupakeun tatakrama ngalakukeun paguneman, nyaeta...
mun batur nyarita, urang kudu motong caritaan batur
teu kudu nyambung jeung jejer/tema
sora kudu haharewosan
sora kudu ngoncrang, ulah haharewosan
Kalimah ieu di handap nu make tatakrama basa nu merenah, nyaeta...
Abdi mah parantos tuang
Terang henteu kamari aya supa di kebon
Pa Usman nembe sumping/dongkap ti Jakarta
Pa Angga wangsul ti payun
Aya tilu wangun tatakrama basa sunda, iwal ti...
Basa Lemes
Basa Loma
Basa Kasar
Basa Sorangan
Kalimah di handap ieu nu make bahasa lemes nu bener, nyaeta...
kuring indit ka sakola
Teh Dina permios abdi bade ka Cikotok
antosan sakedap, abdi dahar heula
Mamah diuk gigireun Bapa
Salman : ” punten !”.
Otin: . . .
Salman: ” Dupi yayan aya kitu ? ”.
Otin: ” yayan teh kaleureusan nuju dipiwarang ku ema. Bade aya naon kitu ? ”.
Keur ngalengkepan paguneuman di luhur anu tepat nyaeta ...
” mangga!”
” monggo! ”
” ya! ”
” naon ”
Waktu bibi datang ti cikotok, kadeleuna mawa oleh-oleh,
Ragam bahasa hormatna nyaeta ....
waktu bibi datang ti cikotok, katingalina mawa oleh-oleh
waktu bibi dongkap ti cikotok, katingalina mawa oleh-oleh
waktu bibi datang ti cikotok, katingalina nyandak oleh-oleh
waktu bibi dongkap ti cikotok, katingalina nyandak oleh-oleh
Tatakrama bahasa sunda di Banten, hususna di Lebak diwangum ku....
ragam bahasa dusun jeung bahasa loma
ragam bahasa loma jeung bahasa hormat
ragam bahasa cohang jeung bahasa hormat
ragam bahasa dusun jeung bahasa hormat
Wawuh atawa sering papanggih tapi teu nyaho aran-arana acan, disebut ....
wanoh
waranoh
wawuh munding
pasemon
Hal anu mayeng dipigawe disebut ogeh ...
rutin
ragem
pasemon
wanoh
Paguneman teh asalna tina kecap gunem, nu hartina......
nyarita sorangan
nyarita silih tempas
nyarita kasar
nyarita lemes
diuk, gering, imah, kula
bahasa hormatna tina kalimah diluhur nyaeta
calik, udur, bumi, kami
calik, udur, rompok, abdi
calik, sakit, rompok, abdi
calik, udur, bumi, kuring
Aran, balik, cager, dahar.
bahasa hormatna tina kalimah diluhur nyaeta ....
nami, wangsul, damang, berangdahar
ngaran, wangsul, damang, dahar
nami, mulang, damang, nyatu
nami, wangsul, damang, tuang
Bagian ragam bahasa nu ngawengku ragam bahsa loma jeung bahasa hormat disebut ....
tatakrama bahasa
mikanyaho bahasa
diajar bahasa
ngobrol biasa
Nu di maksud komunikasi dua arah nyaeta…………
Teu langsung amprok jeung nu diajak nyaritana, tapi teu ngaliwatan pakakas komunikasi,
Langsung amprok jeung nu diajak nyaritana, tapi ngan nanya wungkul
Langsung amprok jeung nu diajak nyaritana, aya nu nanya aya nu ngajawab,
Teul angsung amprok jeung nu diajak nyaritana, tapi ngajawab wungkul.
Nu disebut komunikasi dua arah nyaeta......
prakprakanana aya nu nanya
prak-prakanana aya nu ngajawab
Prak-prakannana aya nu nanya jeung ngajawab
Prak prakanana aya nu naya aya nu teu nanya
