NEW
Font size
Worksheetsulangan bab 1 dongeng+Carita babad
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
(1) Sumebar sacara tinulis
(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal
(3) diwangun ku basa lancaran
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén atikan
(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(7) Ngandung unsur seni
(8) Sumebar sacara lisan
(9) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan
Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng diantarana ...
1, 2, 3, 4
1, 6, 8, 9
2, 3, 5, 8
1, 2, 4, 8
5, 7, 8, 9
Jaman baheula aya adi lanceuk ngaranna Ki Sabar jeung Ki Subur. Ari Ki Subur lanceukna Ki Sabar téh kaasup jelema beunghar. Ngan Ki Subur téh kacida korétna. Ki Subur tara méré jariah. Lamun nginjeumkeun duit, mulangkeunana kudu leuwih loba. Béda pisan jeung adina, ngaranna téh ki Sabar. Ki Sabar mah hirupna pas-pasan alias miskin; tapi masih sok tutulung ka batur. Lamun ningali batur keur susah pasti wé ditulungan sabisana ku ki Sabar
Sempalan dongeng di luhur téh nepikeun ngeunaan ....
Taneuh subur
Dulurna Ki Sabar
Ki Sabar jeung Ki Subur
Ki Sabar lanceukna ki Subur
Adina Ki Sabar anu bageur pisan
Nyi Putri ngadeg bari nulak cangkéng ngagorowok “Kami kudu kawin ka anak pulung cacah, hideng deuih? Ké lanan, kami éling kénéh,” tuluy nunjuk ka luar mani bentik bentik curukna, omongna “ka ditu geura balik, manéh ulah ka dieu-dieu deui!”
Watek nyi putri tina sempalan dongéng di luhur téh nyaéta ....
bageur
adigung
soméah
welas asih
sadrah tumarima
Dalem Boncél kacida kaduhungeunana, lantaran geus wani wani ngusir kolotna. Ayeuna ku dirina karasa kumaha balukarna doraka ka nu jadi kolot. Manéhna nyegruk kanyenyerian bari nangkeup tetengger kuburan indung bapana
Amanat anu ditepikeun tina sempalan dongéng di luhur téh nyaéta ....
kudu indit ka kuburan indung bapa
ulah doraka ka nu jadi kolot
kudu wani ngusir kolot
ulah sok kaduhung
ulah sok nyegruk
Titénan sempalan dongéng dihandap ieu !
(1) Di lamping gunung Mégamendung, teu tebih ti jalan anu ti Bogor ka Sindanglaya, aya Situ Hiang, katelahna Talagawarna.
(2) Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manéhna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil.
(3) Ceuk ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
(4) Kacaritakeun praméswari Prabu Munding Wangi ngagaduhan putra istri, anu geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina. Jenenganana Déwi Kandita.
(5) Prabu Boros Ngora téh salasahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nya éta Radén Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana.
Sempalan dongéng di luhur nu kagolong kana wangun carita babad nyaéta….
1
2
3
4
5
Baca sempalan dongéng dihandap !
Kecepruk kecepruk munding meuntas. Ditumpakan ku budak awéwé, diukna ngémpol. Wanci tunggang gunung nu lumaku nepi ka tutugan pasir, eureun handapeun kiara. Kabeneran lebah dinya aya pancuran, caina ngagolontor hérang. Budak awéwé ka cai, ngumbah suku, subeungeut, tuluy nginum, da hanaang. Ari nginumna di totor, teu inget kana weweling indung. Leguk nginum, geblus pancuran awi saruas. Asup kana tikoro budak, kaserot bareng jeung cai. Budak téh eueuleugeungan. Reng sisitan, gebay jadi oray totog.
Dicutat tina Rancagé Diajar Basa Sunda
Kalimah nu nuduhkeun unsur pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah ....
Kabeneran manggih pancuran
Munding ditumpakan ku budak awéwé
Wanci tunggang gunung nepi ka tutugan pasir
Budak awéwé sisitan tuluy robah jadi oray totog
Budak awéwé nginum cai bari ditotor, teu inget weweling indung
Ieu di handap sempalan dongéng nu kaasup kana dongeng sasakala nyaéta ....
Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau. Sakadang kuya melak anak cau, ari sakadang monyét melak jantungna
Si oray kuda anu salawasna jal sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas-lengis ka si Aki ménta ditulungan, sien génghék kaduruk.
Jaman baheula aya Raja Sepuh nu kacida welas asihna ka pala putrana. Ari putrana aya tilu, kabéhanana ogé awéwé. Hiji mangsa, Raja ngageroan putra- putrana sina ngariung, masamoan di karaton jeung kulawadetna. Ku Raja éta anak-anakna téh rék ditanya soal kanyaahna ka manéhna.
Jol sakadang maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak sakadang kuya. Gur baé suluh téh diseungeut
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan léb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.
Ieu di handap nu mangrupa ungkara nu luyu antara conto dongéng jeung papasingan dongéngna nyaéta ...
Dongéng Si Kabayan mangrupa conto dongéng fabel
Dongéng legenda Karang Nini mangrupa conto dongéng fabel
Dongéng sasakala Talagawarna mangrupa conto dongéng farabel
Dongéng Situ Bagendit mangrupa conto dongéng sasakala.
Dongéng sakadang kuya jeung sakadang monyét mangrupa conto dongéng sage
Paménta Tilu Rupa
Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carék dahar isuk henteu soré lain bobohongan. Pagawéanana sok buburuh ngangon domba. Ari buruhna dina sataun ngan saukur meunang paré 50 geugeus ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.
Demi dununganana jalma beunghar tapi korét kacida sarta licik. Ka pangangon téh ngan saukur minteran waé. Sakali mangsa éta tukang ngangon téh gering nepika teu bisa ngangon. Tapi ku dununganana téh henteu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, kadununganana ménta kadaharan. Ngan batan méré mah dununganana kalah nyarékan.
Antukna tukang ngangon téh musapir, manéhna prihatin liwat saking sarta ngenes dina jero haté. Beurang peuting neneda ka Gusti hayang cara deungeun-deungeun teu kakurangan nanaon, tuluy wéh miceun manéh kaleuweung. Nalika keur réhat handapeun tangkal, manéhna manggih batu tilu siki. Anu kacaritakeun bisa ngabulkeun 3 paménta.
Tuluy wéh manéhna ménta hayang loba duit, naha ari pok téh kalah nyebut loba ceuli. Atuh kabéh saawak-awak rebeng ku ceuli, paménta kadua antukna manéhna ménta éta kabéh ceuli dileungitkeun tina awakna tapi poho kana ceuli anu dua. Ahirna kabéh ceulina leungit euweuh nu nyésa. Paménta nu katilu manéhna ménta ceuli anu dua diayakeun deui. Tidinya manéhna sadar yén jalma anu beunghar téh nya éta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna.
(Pamekar Diajar Basa Sunda, kaca 59)
Amanat anu nyangkaruk dina éta dongéng nya éta .....
Manusa teu daya upaya dina nyorang kahirupan
Kudu sukuran kana naon anu geus ditarima
Hirup téh teu salawasna dina kabagjaan
Yén hirup téh kudu silih tulungan
Ulah jadi jalma korét
Dalem Boncél téh Bupati Caringin, Banten. Kacaturkeun, harita anjeunna nuju moyan di taman kadaleman. Teu lila jol aya pangawalna ngabéjaan aya tamu. Kacida reuwasna Dalem Boncél téh. Gancang baé muru ka padaleman, nepungan tamuna. Ari bréh, nyampak aki-aki jeung nini-nini. Kaciri ti lemburna téh. Papakéan kacida basajanna. Awak geus kacida kucelna, sigana lantaran hirup sangsara. Mamawa buntelan butut, teuing naon eusina
Dina sempalan dongéng di luhur aya kecap sangsara. Harti kecap sangsara téh nyaéta ....
taya pangaboga
sagala aya
sederhana
sarakah
gumbira
(1) Paham kana eusi dongéng
(2) Maké kekecapan anu gampang dipikaharti
(3) Ngatur wirahma
(4) Gerakan leungeun
(5) Éksprési
(6) Improvisasi
(7) Percaya diri
(8) Gaya Basa
Sababaraha hal anu kudu diperhatikeun dina prak-prakaan ngadongéng ...
1, 2, 3, 4, 5
1, 2, 3, 6, 7
1, 2, 4, 5, 6
1, 5, 6, 7, 8
1, 3, 6, 7, 8
Carita rékaan anu ngabogaan unsur pamohalan disebut...
Carpon
Novél
Dongéng
Éséy
Biografi
Salasahiji ciri dongéng téh anonim, maksudna nyaéta...
Sumebarna sacara lisan
Sumebarna sacara tinulis
Kanyahoan anu ngarangna
Teu kanyahoan saha anu ngarangna
Ngabogaan amanat
Dongéng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma biasa disebut...
Fabél
Mite
Sasakala
Babad
Parabel
Dongéng anu eusina aya patalina jeung sajarah disebut...
Sagé
Parabel
Sasakala
Fabél
Mite
Anu kaasup kana conto dongéng fabél nyaéta...
Sasakala Talagawarna
Dongéng Kéan Santang
Si Kabayan Ngala Tutut
Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyét
Sasakala Situ Panjalu
Conto nu teu kaasup kana carita Babad, nya éta...
Babad Cikundul
Babad Bubat
Babad Bogor
Babad Galuh
Babad Kéan Santang
Nu kaasup kana conto dongéng mite nyaéta...
Sasakala Talagawarna
Dongéng Kéan Santang
Si Kabayan Ngala Tutut
Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyét
Sasakala Situ Panjalu
Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjéna ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta...
Téma
Palaku
Purwakanti
Galur
Latar
Nu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta...
Kapanggih nu ngarangna
Kajadian nyata
Sumebar sacara tinulis
Teu anonim
Sumebarna sacara lisan
Karajaan munggaran di Jawa Barat, nya éta...
Tarumanagara
Sunda Sembawa
Galuh
Salakanagara
Kawali
Boh ramana boh pamanna kamashur raja nu jujur, wijaksana, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun agama. Sikep sarupa kitu téh turun Ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna dibekelan élmu katut kasantikaanana loba pisan. Ku kituna Prabu Niskala Wastu Kancana ageung jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahiyangan...
Sempalan carita di luhur mangrupa gambaran ....... Prabu Niskala Wastu Kancana
Pasipatan
kaayaan
jejer
puseursawangan/sudut pandang
amanat
Boh ramana boh pamanna kamashur raja nu jujur, wijaksana, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun agama. Sikep sarupa kitu téh turun Ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna dibekelan élmu katut kasantikaanana loba pisan. Ku kituna Prabu Niskala Wastu Kancana ageung jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahiyangan...
Naon sababna Prabu Niskala Wastu Kancana dianggap leuwih unggul ti mamangna ogé ramana?
Leuwih ngora umurna
Leuwih pinter cara mikirna
Ngawasa élmu lahiriah boh batiniah
Aya buktina dina Prasasti
Aya buktina dina Naskah Carita Parahiyangan
Boh ramana boh pamanna kamashur raja nu jujur, wijaksana, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun agama. Sikep sarupa kitu téh turun Ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna dibekelan élmu katut kasantikaanana loba pisan. Ku kituna Prabu Niskala Wastu Kancana ageung jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahiyangan...
Saha nu jadi palaku utama tina sempalan Babad di luhur?
Rama na
Mamang na
Prabu Niskala Wastu Kancana
Prabu Wangi
Buni sora
Boh ramana boh pamanna kamashur raja nu jujur, wijaksana, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun agama. Sikep sarupa kitu téh turun Ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna dibekelan élmu katut kasantikaanana loba pisan. Ku kituna Prabu Niskala Wastu Kancana ageung jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahiyangan...
Aya sabaraha sipat Prabu Niskala Wastu Kancana nu kasebut tina carita di luhur
3
4
5
2
1
naon sababna babad teu bisa disebut sajarah?
teu bisa di buktikeun ku disiplin elmu samemehna
pangarangna teu kapaluruh
sumebarna tatalépa
miboga unsur sajarah
eusina nyaritakeun asal usul hiji patempatan
naha carita babad teu bisa di buktikeun ku disiplin elmu samemehna kulantaran?
ngabogaan unsur sajarah
unsur intrinsik
ngandung unsur pamohalan
unsur hiperbola
legendaris
numutkeun Ricklefs, 2008 satuluyna, babad dihartikeun carita...
anu sumebarna sacara tulisan
anu aya unsur pamohalan
anu sumebarna sacara lisan
anu aya patalina jeung sajarah
anu ditulisna ku aksara sunda
Babad jeung dongéng téh béda. Salah sahiji unsur pangbéda antara babad jeung dongéng téh, nyaéta ....
Dongéng mah aya pangarangna, ari babad mah euweuh
Dongéng mah teu ngandung unsur sajarah, ari babad mah aya unsur sajarahna
Babad mah réalis, ari dongéng mah pamohalan
Babad mah leuwih panjang batan dongéng
Babad mah palakuna réa, dongéng mah palakuna saeutik
Runtuyan kajadian anu silih sinambung dina babad téh sok disebut....
téma carita
galur
latar
puseur Sawangan
palaku
