wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS BAHASA SUNDA KELAS 9

Total questions: 40

Worksheet time: 3hrs 20mins

Name
Class
Date
1.

Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut . . .

a)

Biantara

b)

Sajak

c)

Nyarita

d)

Wawaran

2.

Biantara aya dina acara-acara di handap ieu, iwal . . .

a)

Hajatan

b)

Sidang

c)

17 Agustusan

d)

Musawarah

3.

Jalma nu mahir dina nepikeun biantara sok disebut . . .

a)

Narator

b)

Motivator

c)

Kurator

d)

Orator

4.

Di handap ieu nu teu kaasup kana téhnik biantara nya éta . . .

a)

Impromtu

b)

Ékspositori

c)

Manuskrip

d)

Ékstemporan

5.

Biantara anu nepikeunana ku cara ditalar disebut . . .

a)

Impromtu

b)

Mémoritér

c)

Manuskrip

d)

Ékstemporan

6.

Téknik dina nepikeun biantara ku cara nuliskeun poin-poin nu dianggap penting nya éta …

a)

Impromtu

b)

Mémoritér

c)

Manuskrip

d)

Ékstemporan

7.

Pak Présidén biantarana sok ngagunakeun naskah. Hal éta dilantarankeun biantarana paranjang. Disebut naon téhnik anu digunakeun ku Présidén téh . . .

a)

Impromtu

b)

Mémoritér

c)

Manuskrip

d)

Ékstemporan

8.

Di handap ieu pungsi dijieunna konsép biantara, iwal . . .

a)

Sangkan apal naon nu rék diomongkeun

b)

Sangkan anu ditepikeun keuna kana sasaran

c)

Sangkan henteu gempeur

d)

Sangkan nu ditepikeun kaharti ku batur

9.

Anu penting dina naskah biantara, nya éta . . .

a)

Eusi

b)

Konsép

c)

Basa

d)

eusi jeung basa

10.

Eusi Biantara henteu meunang . . .

a)

Pepel ku inpormasi

b)

Ngayayay

c)

Ngéntép seureuh

d)

Nyusun

11.

Ibu miwah Bapa guru anu ku sim kuring dipihormat

sareng réréncangan anu dipikacinta.

 

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto . . .

a)

Bubuka biantara

b)

Panutup biantara

c)

Pangbagéa

d)

Eusi biantara

12.

Langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah Nu Maha Gofur, réhna dina dinten ieu urang tiasa riung mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kaséhatan.

 

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto . . .

a)

Bubuka biantara

b)

Panutup biantara

c)

Pangbagéa

d)

Eusi biantara

13.

Pamungkas sakitu anu kapihatur, séwu nuhun kana perhatosanna ogé mugi-mugi waé naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunten nu kasuhun.

 

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto . . .

a)

Bubuka biantara

b)

Panutup biantara

c)

Pangbagéa

d)

Eusi biantara

14.

Nu teu kaasup kana struktur naskah biantara, nya éta . . .

a)

Bubuka biantara

b)

Panutup biantara

c)

Eusi biantara

d)

Informasi

15.

Di handap ieu kaasup mangpaat tina biantara, iwal . . .

a)

Ngalatih Kawantér

b)

Ngalatih pikeun mangaruhan batur

c)

Ngalatih sangkan calakan dina nyarita

d)

Ngalatih nepikeun eusi pamikiran

16.

Nu teu meunang ditepikeun dina biantara nya éta . . .

a)

Inpormasi penting

b)

Motivasi atawa pengjurung kana kahadéan

c)

Hal-hal anu dianggap penting

d)

Isu-isu nu can tantu bener

17.

Dina waktu nepikeun biantara, sora téh kudu . . .

a)

Halimpu

b)

Lalaunan

c)

Tarik

d)

Alus

18.

Di handap ieu sikep anu henteu diperlukeun dina waktu nepikeun biantara nya éta . . .

a)

Tenang

b)

Lungguh

c)

Percaya diri

d)

Wantér

19.

Téma biantara nu teu cocog ditepikeun di lingkungan sakola nya éta . . .

a)

Cara gampang diajar basa sunda

b)

Tatakrama pergaulan

c)

Rumaja jeung narkoba

d)

Keluarga Berencana

20.

Basa nu hadé dipaké dina naskah biantara, nya éta . . .

a)

Basa lemes

b)

Basa kasar

c)

Basa loma

d)

Basa cohag

21.

Dina basa Sunda aya aturan atawa tatakrama nyarita supaya merenah jeung ngeunah kanu ngadéngé. Istilahna disebut . . .

a)

Undak-usuk basa

b)

Panta-pantana basa

c)

Réka basa

d)

Rupa-rupa basa

22.

Basa hormat keur sorangan "indit".

a)

Mangkat

b)

Angkat

c)

Léos

d)

Mios

23.

Basa hormat keur batur "balik".

a)

Uih

b)

Mulih

c)

Mulang

d)

Wangsul

24.

Basa hormat keur sorangan "meuli".

a)

Ngagaleuh

b)

Meuli

c)

Jajan

d)

Mésér

25.

Basa loma tina kecap "ngabantun".

a)

Nyandak

b)

Bantun

c)

Mawa

d)

Nyokot

26.

Basa hormat keur sorangan "ngadéngé".

a)

Nguping

b)

Ngandéngé

c)

Ngaregepkeun

d)

Gerenyem

27.

Basa hormat keur ka batur "saré".

a)

Saré

b)

Kulem

c)

Mondok

d)

Bobo

28.

Abdi udur, Bapa . . .

a)

Aduh

b)

Gering

c)

Teu cageur

d)

Teu damang

29.

Abdi nyanggem, Bapa . . .

a)

Ngomong

b)

Nyarita

c)

Nyarios

d)

Ngobrol

30.

Abdi dongkap ti sakola. Pak guru . . . ti Jakarta

a)

Dongkap

b)

Sumping

c)

Datang

d)

Nepi

31.

Istilah omongan nyarita panjang (lila) bari mapatahan ku lemah lembut nya éta . . .

a)

Gelendut

b)

Gedebul

c)

Gerentes

d)

Gentra

32.

Istilah omongan kasar mantak nyentug kana ati nya éta . . .

a)

Gelendut

b)

Gedebul

c)

Gerentes

d)

Garihal

33.

. . . biantara téh di hareupeun kelas!

a)

Caritakeun

b)

Galantangkeun

c)

Gorowokeun

d)

Haréwoskeun

34.

Azis mah da ngomongna . . . matak sok disebut Azis gagap gé.

a)

Eur-eur

b)

Garihal

c)

Gedebul

d)

Harung gampung

35.

Béda jeung si éta mah najan ngahina gé batur moal apaleun ari teu nyadar mah, sabab omonganana . . .

a)

Gelendut

b)

Handap lanyap

c)

Gerentes

d)

Garihal

36.

Sing tarik ngomong téh ulah . . . améh batur ngadéngé!

a)

Gelendut

b)

Ngagerenyem

c)

Handap lanyap

d)

Garihal

37.

Istilah ngomong dina jero haté nya éta . . .

a)

Ancad laér

b)

Gerentes

c)

Handap lanyap

d)

Humandeuar

38.

Ulah dititah maca biantara si Jaja mah sok teu laleukeun, bisi kesel ngadéngéna, sabab ngomongna . . .

a)

Ancad laér

b)

Gerentes

c)

Handap lanyap

d)

Humandeuar

39.

Duka atuh aya rusiah naon da meuni lila . . . na gé.

a)

Ancad laér

b)

Gentra

c)

Haréwos

d)

Gelendeng

40.

Loba sukuran hirup mah lain ukur . . . baé.

a)

Ancad laér

b)

Gerentes

c)

Handap lanyap

d)

Humandeuar