WorksheetsPTS BAHASA SUNDA XI
Total questions: 30
Worksheet time: 30mins
Biantara téh nyaéta nyarita di hareupeun ….
Kulawarga
kepala sekola
babaturan
guru
Balerea
Dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung teu resmi, ieu di handap mana nu kaasup kana biantara teu resmi ….
biantara ngaresmikeun sakola anyar
biantara dina rapat DPR
biantara sukuran boga imah anyar
biantara kapala sakola jeung kolot siswa
Biantara dina upacara
Métodeu/téknik dina nepikeun biantara ku cara nuliskeun poin-poin nu dianggap penting nyaéta….
ngapalkeun biantarana
impromtu
ékstémporan
persuasif
Maca Naskah Biantara
Sadaya puji kagungan Gusti Nu Maha Suci. Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ngagolontor ka Jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad Saw
Kalimah di luhur mangrupa bagian tina ….
salam bubuka
bubuka
ngahaturkeun nuhun
eusi biantara
sanduk sanduk
Bagian dina struktur biantara anu eusina ménta pangampura bisi aya kasalahan dina nyarita nyaéta ....
salam bubuka
panutup biantara
ngahaturkeun nuhun
eusi biantara
Dina nyusun téks biantara eusina kudu mundel, naon harti tina kecap mundel téh….
loba mangpaat jeung loba pulunganeunana
luyu jeung aturan nyieun téks biantara
kudu loba maké kecap anu éndah dina biantara
merhatikeun kaédah-kaédah biantara
Dumasar kana struktur biantara
Nepikeun biantara ku cara nepikeuna kalayan eces jentre tur jelas saperti dina rapat mangrupakeun gaya biantara…
Lagam religious
Lagam agiator
Lagam konversasi
Lagam teater
Lagam didaktik
Dina nepikeun biantara urang kudu merhatikeun sora anu bedas sangkan kadéngé ku balaréa. Béntés dina nepikeun kecap jeung kalimah dina biantara, ulah loba ngarandeg dina nyarita. Éta pedaran téh kaasup kana ....
lentong (intonasi)
sora (artikulasi)
pasang peta
wirahma
Nada
teu kaop ningali batur boga dahareun hayang wae jelema eta mah
babasan anu bener keur conto jelema di luhur nyaeta..
Amis daging
Amis budi
Culametan
Buntut kasiran
Epesmeer
Paribasa neukteuk curuk dina pingping hartina…
Tong sok nyiar nyiar picilakaeun
Nyaritakeun ka gorengan sorangan
Nyaritakeun kagorengan dulur sorangan
Kudu bisa ngahindar tina kagorengan
tong migawe perkara nu teu kudu digawean
Tong sok cicing di lawing panto, bisi nontot jodo
Kalimah diluhur kaasup kana…
Babasan
Paribasa
Rakitan lantip
Sisindiran
Panyaraman
Rupina cekap sakitu pamapag ti sim kuring, bilih aya langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun, mugi jembar pangampura.
Kalimah diluhur kaasup kana ….
Salam bubuka biantara
Bubuka biantara
Eusi biantara
Panutup biantara
Salam panutup biantara
Karya sastra wangun puisi anu diwangun ku cangkang jeung eusi disebut ....
sisindiran
guguritan
wawacan
pupuh
sajak
Sisindiran diwangun ku 4 padalisan.
Arti padalisan nyaeta…
Kata
Kalimat
Baris
Paragraph
Suku kata
Sisindiran anu kecap-kecap awal padalisan cangkangna dipaké atawa dibalikan deui dina padalisan eusi nepi ka siga masang atawa ngarakit disebut ….
paparikan
rarakitan
wawangsalan
sésébréd
piwuruk
Cangkang dina sisindiran aya dina padalisan….
kahiji, katilu
kahiji, kadua
kadua, katilu
kadua, kaopat
katilu, kaopat
Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun ….
rarakitan
paparikan
wawangsalan
tatarucingan
piwuruk
Sisindiran anu diwangun ku dua padalisan sarta ngandung unsur tatarucingan disebut ….
rarakitan
paparikan
wawangsalan
guguritan
wawacan
Tokyo ibu kotana,
tos tepang teras paanggang.
Eusi wawangsalan di luhur téh nyaéta ….
Beijing
Cina
Jepang
India
Thailand
Tos Juli méméh Séptémber,
putus gé teu panasaran.
Eusi wawangsalan di luhur téh nyaéta ….
Juni
Juli
Agustus
September
Oktober
Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nyaéta….
sapadana diwangun ku opat padalisan
unggal padalisana diwangun ku dalapan engang
padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang
padalisan katilu jeung kaopat disebutna eusi
diwangun ku ugeran
Dongkap ti sakola uih ka bumi kadangu di dapur pun biang nuju gurang goreng
Dina kalimah diluhur aya kecap rajekan ngarana…
Dwimurni
Dwireka
Dwipurwa
Dwimadya
Trilingga
Aksara sunda diluhur ngandung arti kecap...
BA
RA
LA
NA
KA
Aksara Sunda di luhur ngandung arti kecap...
BA
RA
LA
NA
KA
Aksara Sunda diluhur ngandung arti kecap...
BA
LA
RA
NA
KA
Sebutkeun 4 cara nepikeun biantara !
Sebutkeun 2 paribasa jeung hartina ( tong nyandak tina PG ) !
Pek jieun hiji conto sisindiran kalayan dumasar kana ugeran !
Naon nu disebut wawangsalan ? jieun contona !
Jieun masing masing 1 kalimah anu ngandung kecap rajekan dwipurwa jeung dwi madya !
