Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS 1 XII Bahasa Daerah (Sunda)

Total questions: 25

Worksheet time: 52mins

Name
Class
Date
1.

Tuliskeun tokoh anu hidep apal dina wayang golek

(a)  

2.

dimana pernahna kampung mahmud teh?

(a)  

3.

saha tokoh pendiri kp.mahmud teh?

(a)  

4.

pek jieun contoh tulisan dina wangun eksposisi!

4 lines
5.

jieun dua kalimah anu ngandung kecap rajekan Trilingga jeung Dwipurwa!

4 lines
6.

Saméméh ngalaksanakeun pagelaran dina acara séréntaun, sakabéh masarakat ngariung atawa kumpul di imah pupuhu adat. Kecap pupuhu sarua hartina jeung…

a)

Pamingpin

b)

Dunungan

c)

Kolot

d)

Jalma nu boga kasakten

e)

kolot nu dipercaya

7.

Istilah atawa sesebutan pikeun jalma nu sok nyundatan nya éta …

a)

Bengkong

b)

mantri

c)

pakacar

d)

patukangan

e)

paraji

8.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun tikaruhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebut…

a)

Folklor

b)

Etika

c)

Budaya

d)

Tatakrama

e)

Tradisi

9.

Nincak enog dina upacara tradisi ngawinkeun, némbongkeun maksud yén nya éta …

a)

Hirup kudu sauyunan

b)

Hirup téh bakal silih éléhkeun

c)

Némbokeunyén eta pangantén bakal bagja hirupna

d)

Simul tina calon pangantén lalaki geus majad atawa bakal bisa méré katurunan

e)

Dina ngambah kahirupan tinangtu bakal meunang rupa-rupa cocoba

10.

Dina upacara kapapaténan aya nu di sebut hajat atawa tradisi matang puluh, upacara tradisi matang puluh téh sarua hartina jeung …

a)

Hajat mitembeyan

b)

Hajat tilu poé

c)

Hajat saratus poé

d)

Hajat opat puluh poé

e)

Nyusur tanah

11.

Dina proses ngawinkeun di sunda sok aya istilah di pingit pikeun calon pangantén istri utamana. Istilah di pingit sarua hartina jeung …

a)

Di kurungan

b)

Di wanohkeun kana bag-baggan hirup

c)

Di sengkeur dina migawé pagawéan atawa liliaran

d)

Pada maturan

e)

Pada ngagugu kahayangna

12.

Ilaharna tulisan bahasan mah sok maké wangun tulisan …

a)

Arguméntasi

b)

Éksposisi

c)

Narasi

d)

Déskripsi

e)

Campuran

13.

Eta gambar teh nuduhkeun tradisi....

a)

syukuran panganten

b)

siraman panganten

c)

nyalametkeun panganten

d)

saweran panganten

e)

ngareuah-reuah panganten

14.

Dina tradisi Sunda aya nu disebut pamali, kumaha maksudna?...

a)

Pamali nya éta panyaram urang Sunda sangkan ulah milampah nu dianggap salah

b)

Pamali nya éta panyaram urang Sunda sangkan dianggap bener

c)

Pamali nya éta salah sahiji sisindiran nu aya di tatar Sunda

d)

Pamali nya éta gaya basa nu aya dina basa Sunda

e)

Pamali nya éta kabiasaan kolot Sunda jaman baheula

15.

Di handap ieu anu lain conto tina tradisi nu aya di tatar Sunda, nyaeta ....

a)

Ulang taun

b)

Tepung taun

c)

Hajat Sasih

d)

Rebo Wekasan

e)

Seren taun

16.

Résénsi buku téh obyékna bisa kana rupa-rupa buku, nu ngawengku ....

a)

buku fiksi atawa non fiksi

b)

buku kasohor atawa buku teu kasohor

c)

buku penting atawa buku nu teu penting

d)

buku kandel atawa buku ipis

e)

buku murah atawa buku mahal

17.

Lamun urang nyusun hiji karangan résénsi anu obyékna buku hartina ....

a)

méré pangajén kana éta buku, ngabedah eusina, sarta méré kritik kana alus jeung goréngna

b)

ngadadarkeun sinopsisna nepi ka anu maca ngarti kumaha jalan caritana

c)

ngarangkum eusina bab per bab kalawan tétéla nepi ka nu maca paham naon eusi éta buku

d)

méré kritik kana éta buku sangkan anu maca paham dina alus jeung goréngna

e)

méré nyaho ka calon nu maca éta buku sabaraha harga buku jeung di mana bisa dibeulina

18.

ieu di handap nu kaasup kana struktur Resensi Identitas Karya anu mernah kajaba...

a)

Judul Resensi

b)

Judul PIlem atawa buku

c)

Eusi Carita

d)

Pangarang atawa sutradara

19.

Résénsi téh asalna tina basa Latin anu hartina nyawang, nimbang-nimbang, atawa ngajén, nu asalna tina kecap ....

a)

recensere

b)

review

c)

reduplication

d)

recensator

e)

resensi

20.

Titénan dadaran ieu di handap:


1) ngawanohkeun buku ka calon nu maca, naha éta buku téh pantes dibaca atawa henteu;

2) méré pituduh ka calon nu maca di mana éta buku bisa dibeuli sarta ka mana ruteu nu kudu ditempuh mun rék meuli éta buku;

3) promosi buku, biasana ditulis ku penerbit atawa dikéngkénkeun ka penulis résénsi sangkan buku nu anyar terbit téh payu;

4) ngabedah eusi buku, upamana lantaran eusina téh kontrovérsial, matak anéh, atawa nimbulkeun padungdengan (perdebatan).


Nu kaasup tujuan ngarésénsi buku téh dituduhkeun ku nomer ....

a)

1 jeung 2

b)

1, 2, jeung 3

c)

1, 3, jeung 4

d)

2 jeung 3

e)

2, 3, jeung 4

21.

“Hanjakalna dina ieu novel téh loba basa atawa kekecapan nu boa moal kaharti lamun dibaca ku barudak ayeuna. Sakuduna mah aya glosari (kamus kecil) anu nerangkeun harti kekecapan nu dianggap hésé kahartina. Ku cara kitu, barudak anu maca ieu novel masih bisa nuturkeun jalan caritana kalawan lancar.” Dina karangan résénsi, dadaran di luhur téh bisa kagolongkeun kana ....

a)

data buku

b)

déskripsi bab per bab

c)

kasang tukang

d)

rékoméndasi keur calon nu maca

e)

kritik kana eusi buku

22.

Titénan runtuyan ieu di handap:

1) buku

2) film

3) upacara adat

4) pintonan drama

5) album musik

Obyék nu bisa dirésénsi dituduhkeun ku nomer ....

a)

1, 2, 3, 4

b)

1, 3, 4, 5

c)

1, 2, 4, 5

d)

2, 3, 4, 5

e)

3, 4, 5

23.

Karangan anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana, mangrupa wangenan tina karangan jenis...

a)

éksposisi

b)

narasi

c)

déskripsi

d)

arguméntasi

e)

pérsuasi

24.
Balik ti saung si Cepot ngobrol sapanjang jalan sabari tatajong. Kecap nu di cetak miring kaasup kecap....
a)
Dwilingga
b)
Trilingga
c)
Dwipurwa
d)
Dwireka
e)
Dwisasana
25.
Bakating kubutuh Bi Ijah neangan duit pak pik pek mantuan gawe di Restoran. Nu di cetak miring kaasup kecap....
a)
Dwilingga
b)
Trilingga
c)
Dwipurwa
d)
Dwireka
e)
Dwisasana