Font size
WorksheetsPTS BD 8
Total questions: 20
Worksheet time: 19mins
Mun hayang juara kelas kudu.......diajar
getol
kedul
berehan
bangor
Ditanya kitu téh kabéh ogé kalah… taya nu ngomong sakemék-kémék acan
tingjarerit
tingharuleung
tinggorowok
tingjarawab
Ceu Mariam mah Amis budi.
Amis budi hartina......
hade akhlakna
hade rarayna
hade awakna
hade ngomongna
Sikep anu nulis rumpaka kawih karasa ku nu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, bungah kaasup kana …
Tema
Amanat
Nada
Eusi
Naon ari nu dimaksud rumpaka teh?
Tulisan
Nada
Lirik
Amanat
Rakitan basa sabangsa tembang/lalaguan anu teu kauger ku patokan pupuh, biasana dipirig (diiringi) gamelan disebut ...
lagu
kawih
tembang
kidung
Tengetan pamadegan ieu dihandap!
1) Bandung Lémbang
2) Mojang Priangan
3) Basisir Pangandaran
4) Isola Bumi Siliwangi
5) Asmarandana
Nu mangrupa judul kawih nya éta...
1, 2, 3
1, 2, 4
2, 3, 4
3, 4, 5
BANDUNG LEMBANG
Bandung Lémbang
Puseur kaéndahan
Diriung ku gunung-gunung
Gunung sasakala sunda
Sunda jaya nu baheula
………………………………..
Dina kalimah "Puseur kaendahan" puseur hartina ...
Tengah
Palebah
sisi
gigir
KARANTAGAN PAHLAWAN
Teu honcéwang
Sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa
Cadu mudur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tégang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban mérdéka
Rumpaka kawih karantagan Pahlawan nyaritakeun ...
pahlawan anu perlaya (gugur)
tekad pahlawan ngabela bangsa
pahlawan anu ka sohor
para pahlawan nu hayangeun perang
Bedana Kawih jeung tembang nyaeta ...
Kawih mah teu kauger ku rupa-rupa aturan, tembang mah kauger ku aturan nyaeta aturan pupuh
Tembang mah lalaguanan jaman kiwari, kawih mah lalaguan tos lami
Kawih mah tradisional tembang mah modern
kawih mah make sinden, tembang mah meunang ku saha wae
“Lanceukna mah geulis .... Adina mah biasa wae”
Nyaeta
jeung
tapi
sarta
“Kuring rek di pangmeulikeun Hape anyar .... peunteun Basa sunda 100”
tapi
lamun
jeung
sanggeus
“ .... make sapatu, manehna .... lumpat ka lapangan”
ari .... piraku .....
sanggeus .... tuluy .....
boro-boro ..... oge .....
lain ..... tapi ....
" .... lalaki .... awewe, euweuh bedana"
boh ..... boh .....
rek .... lain .....
sanggeus ..... tuluy ......
ari .... piraku ....
" Gara-gara maen bal, si Dudu sukuna .... getihan"
nepi
meni
nepika
ka
"mun gering nginum ubar .... cageur"
lamun
ambeh
gara-gara
lantaran
"Mojang Priangan"
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan
Lagu "Mojang Priangan" teh eusina nyaritakeun ...
kaendahan alam
nyaah ka sasama
nyaah ka lemah cai
pasipatan jalma
"Mojang Priangan"
...
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan
Lagu "Mojang Priangan" teh ngagambarkeun mojang anu ...
daekan
someah
judes
centil
Peuyeum Bandung
Di mana-mana, di kampung di kota
Geus kakoncara ku nimat rasana
Sampeu asalna teu direka-reka
Naon namina, ku matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
Peuyeum Bandung dijieunna tina ...
Ketan
Cau
Sampeu
beas
Tuliskeun kalayan lengkep salah sahiji rumpaka kawih pop Sunda!
