NEW
Font size
Worksheetspaguneman kls 7
Total questions: 20
Worksheet time: 15mins
Istilah dina basa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung kecap paguneman, nyaeta...
Perintah
Percakapan
Bercakap
Berbicara
Aya tilu syarat lamun urang rek ngalakukeun paguneman, salah sahijina nyaeta paguneman teh kudu dilakukeun ku...
Tujuhan
Limaan
Duaan atawa leuwih
Saurang
Mang Utas : “Lo.. Kadieu sakeudeung, urang ngopi
heula!”
Si Alo : “Aeh.. sugan teh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah.”
Mang Utas : “Puguh Lo, amang teh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis. Amang mah asa di Kutub, Lo.”
Tema/topik paguneman di luhur, nyaeta...
Hawa lembur nu tiis
Liburan ka kutub
Nginum kopi
Mang Utas jeung Alo
Baca Sempalan paguneman ieu di handap!
Ahmad : “Wan, urang lalajo Persib di imah urang, yu!”
Irwan : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng.”
Ahmad : “Kumaha mun ngajak Engkus jeung Nanang?”
Irwan : “Enya atuh, di-sms we..”
Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa...
Kasar
Lemes
Hormat
Loma
Dedeh : “Assalamualaikum.”
Udin : “Wa’alaikumsalam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten bade tumaros, dinten
kamari aya tugas?”
Udin : “Oh muhun.. aya tugas Basa Sunda. Ku naon
atuh kamari teu sakola, Deh?”
Dedeh : “............”
Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur, nyaeta...
"hayu atuh urang ngerjakeun isukan"
"muhun sakedap deui dugi"
"kamari teh abdi udur, nyeri patuangan"
"kedah ngerjakeun naon PR bahasa Sunda teh?"
di handap ieu anu mangrupakeun tatakrama ngalakukeun paguneman, nyaeta...
mun batur nyarita, urang kudu motong caritaan batur
teu kudu nyambung jeung jejer/tema
sora kudu haharewosan
sora kudu ngoncrang, ulah haharewosan
Kalimah ieu di handap nu make tatakrama basa nu merenah, nyaeta...
Abdi mah parantos tuang
Terang henteu kamari aya supa di kebon
Pa Usman nembe sumping ti Jakarta
Pa Angga wangsul ti payun
Aya tilu wangun tatakrama basa sunda, iwal ti...
Basa Lemes
Basa Loma
Basa Kasar
Basa Sorangan
Kalimah di handap ieu nu make bahasa lemes nu bener, nyaeta...
kuring indit ka sakola
Teh Dina permios bade ka Bandung
antosan sakedap, abdi dahar heula
Mamah diuk gigireun Bapa
Pipit : ” punten !”.
Otin : . . .
Pipit : ” Dupi ifadah aya kitu ? ”.
Otin : ” Ifadah teh kaleureusan nuju dipiwarang ku ema. Bade aya naon kitu ? ”.
Keur ngalengkepan paguneuman di luhur anu tepat nyaeta ...
” mangga!”
” monggo! ”
” ya! ”
” yoi!”
Kecap nu dibalikan deui engang mimitina disebut kecap rajekan....
dwimadya
dwipurwa
dwimurni
dwireka
tujang-tajong, bulak-balik, kaasup kana conto kecap rajekan....
dwimurni
dwireka
dwipurwa
dwimadya
Kacap rajekan nu dirajek/diulang engang tengahna disebut kecap rajekan....
dwimurni
dwipurwa
dwireka
dwimadya
Nu teu kaasup kana rupa-rupa kecap rajekan nya eta....
dwimadya
dwikora
dwilingga
trilingga
Nu mangrupa conto kalimah nu ngalarapkeun kecap rajekan dwipurwa nya eta....
Manehna bulak-balik wae ti tatadi.
Ibu-ibu PKK ngayakeun kagiatan sosial di Bale Desa.
Unggal isuk, budak teh meuni rajin sasapu.
Aya sababaraha rupa merek HP anu ditawarkeun ku si Papih keur hadiah milangkala/ulang taun.
Kabayang lamun ka Palestina blang-bling-blong sora bom, matak ketir.
kecap anu didengdekeun dina kalimah di luhur kaasup kana conto kecap rajekan....
dwilingga
trilingga
trimurni
trireka
Gambar di luhur nya eta gambar papatong. Papatong kaasup kana conto kecap rajekan....
dwipurwa
dwimurni
semu/titiron
dwimadya
Nu kaasup kana conto kecap rajekan dwimadya nya eta....
sapeupeuting, sababaraha
beberes, tatajong
dar-der-dor, plak-plik-pluk
bulak-belok, sura-seuri
"din eta baju ganti sapeupeuting di pake wae , henteu bau kitu."
kecap anu kaasup kana kecap rajekan nya eta ...
ganti
sapeupeuting
dipake wae
bau
"si fulan kahiji jeung si fulan kadua pagaweanna teh trang-tring-trung wae,, jadi rudet ningalina".
kecap anu kaasup kana kecap rajekan trilingga nya eta ...
si fulan kahiji jeung si fulan kadua
pagaweanna
trang-treng-trong
trang-tring-trung
