wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN DONGÉNG KELAS 7

Total questions: 27

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Dongéng téh carita rékaan nyaéta anu nyaritakeun hal anu ..

a)

Teu enya-enya kajadian

b)

Saluyu jeung kanyataan

c)

Enya-enya kajadian

d)

Kajadian sapopoé

2.

Anu disebut pamohalan téh nyaéta hal-hal anu ...

a)

Kaharti ku akal

b)

Enya-enya kajadian

c)

Teu kaharti ku akal

d)

Euweuh kajadianana

3.

Conto unsur pamohalan dina dongéng "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau" nyaéta ...

a)

Monyét beuki cau

b)

Monyét ngala cau

c)

Monyét ngdahar cau

d)

Monyét bisa nyarita

4.

Dongéng téh carita rékaan anu kaasup kana wangun ...

a)

Puisi

b)

Éséy

c)

Prosa

d)

Drama

5.

Dongéng kaasup kana karya balaréa lantaran ...

a)

Kanyahoan nu ngarangna

b)

Dicaritakeun ku jalma réa

c)

Teu kanyahoan nu ngarangna

d)

Anu ngarangna réa

6.

Dongéng anu patalina jeung asal-muasalna ngaran tempat disebut dongéng ...

a)

Fabél

b)

Parabél

c)

Sasakala

d)

Sagé

7.

Tokoh 'Nyi Endit' nyampak dina dongéng...

a)

Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

b)

Sasakala Situ Paténggang

c)

Sasakala Gunung Tampomas

d)

Sasakala Situ Bagendit

8.

Tokoh 'Sangkuriang' aya dina dongéng...

a)

Sasakala Siti Paténggang

b)

Sasakala Gunung Tampomas

c)

Sasakala Situ Bagendit

d)

Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

9.

Dongéng sajarah téh nyaéta dongéng anu ...

a)

Raket patalina jeung kajadian sajarah

b)

Raket patalina jeung pangajaran sajarah

c)

Raket patalina jeung élmu sajarah

d)

Raket patalina jeung buku sajarah

10.

Dongéng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma biasa disebut dongéng ...

a)

Fabél

b)

Parabél

c)

Sagé

d)

Sasakala

11.

Dongéng anu eusina aya patalina jeung sabangsaning lelembut, jin disebut dongéng ...

a)

Sasakala

b)

Sagé

c)

Mite

d)

Fabél

12.

Conto judul dongéng anu kaasup kana dongéng Fabél nyaéta ...

a)

Sasakala Situ Bagendit

b)

Si Kabayan Ngala Tutut

c)

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét maling cabé

d)

Nyi Roro Kidul

13.

Conto judul dongéng anu kaaspu kana dongéng Parabél nyaéta ...

a)

Sasakala Situ Bagendit

b)

Si Kabayan Ngala Nangka

c)

Nyi Roro Kidul

d)

Sasakala Lembur Bunihayu

14.

Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan disebut dongéng ...

a)

Fabél

b)

Parabél

c)

Sasakala

d)

Mite

15.

Dumasar eusina, 'Nyi Roro Kidul' kaasup kana wanda dongéng ...

a)

Sagé

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Mite

16.

Salasahiji ciri tina karangan dongéng téh nyaéta ...

a)

Sumebarna sacara lisan

b)

Palakuna jin jeung siluman

c)

Témana ngeunaan kahirupan raja

d)

Loba ditulis dina buku jeung majalah

17.

Salasahiji unsur carita dongéng anu eusina nétélakeun rupaning hal atawa perkqra nu rék ditepikeun ku pangarang dina karyana, disebut ...

a)

Téma

b)

Latar

c)

Alur

d)

Amanat

18.

Unsur carit dongéng, anu ngébréhkeun kalayan tempat, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita disebut ...

a)

Téma

b)

Latar

c)

Galur

d)

Amanat

19.

Salasahiji Struktur Téks Dongéng, anu eusina mangrupa bagian bubuka dina dongéng anu méré gambaran palaku anu ngalalakon, disebut ...

a)

Koda

b)

Résolusi

c)

Konflik

d)

Oriéntasi

20.

Ciri utama tina carita dongéng, anu ngabédakeun dongéng jeung carita séjénna nyaéta ...

a)

Karya Puisi

b)

Nyaritakeun Raja

c)

Mibanda unsur pamohalan

d)

Carita Sato

21.

Abdi sadaya ngahaturkeun ... sumping ka para tamu.

Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ...

a)

Wilujeng

b)

Wilujéng

c)

Wilujeung

d)

Wilujéung

22.

Mani ... kamari mah, sabab teu bisa ngahawab sual ulangan.

Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ...

a)

Handeel

b)

Handéél

c)

Handeuel

d)

Handeueul

23.

Énjing abdi badé piknik ka Curug Cindulang ... pun lanceuk.

Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ...

a)

Sareung

b)

Saréng

c)

Saréung

d)

Sareng

24.

Mani resep nempo tangkal balingbing, buahna leubeut pisan.

Pola engang tina kecap nu digurat handapan nyaéta ...

a)

VK - KVK

b)

KVV - KVVK

c)

KV - KVK

d)

KV - KVVK

25.

Ieu kembang malati téh mani seungit kieu nya.

Pola engang tina kecap anu digurat handapanyan nyaéta ...

a)

KVK - KVKK

b)

KV - KVVK

c)

KVK - KVK

d)

KVKK - KVKK

26.

Sebutkeun unsur-unsur intrinsik tina Dongéng !

4 lines
27.

Sebutkeun naon waé Struktur Téks Carita Dongéng !

4 lines

Similar Resources on Wayground