wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda Kelas XI

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna ...

a)

sisindiran

b)

rarakitan

c)

paparikan

d)

wawangsalan

e)

tatarucingan

2.

Rarakitan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nyaéta kecap mimitina

a)

ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua

b)

ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

c)

ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi

d)

ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi sarua

e)

ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

3.

Paparikan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nyaéta padeukeutna sora dìna jajaran...

a)

ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang

b)

ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi

c)

ka-1 jeung ka-3, ka-2 jeung ka-4

d)

ka-2 jeung jajaran ka-3

e)

ka-1 jeung jajaran ka-4

4.

Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta...

a)

paparikan, rarakitan, wawangsala

b)

piwuruk, sésébréd, silihasih

c)

cangkang, eusi, wangsal

d)

wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

5.

Téks:

Mawa peti dina sundung,

dibawa ka Nusa Jawa

.Pangarti teu beurat nanggung,

kabisa teu beurat mawa.

Sisindiran di luhur kaasup kana wanda ...

a)

wawangsalan

b)

tatarucingan

c)

teteguhan

d)

paparikan

e)

rarakitan

6.

Kamana jalan ka Jogja (a)

Ka ditu ka pangrumasan (b)

Kamana jalan ka Surga (c)

Ka ditu ka pangaosan (d)

Nu Kaasup Cangkang tina rarakitan diluhur nyaeta...

a)

a,b

b)

c,d

c)

a,c

d)

b,d

e)

a,d

7.

Ieu di handap aya wawangsalan:

Bibika tipung tarigu,

ku engkang henteu kaharti.

Wangsalna, nyaéta....

a)

kungkang

b)

bibika

c)

tipung

d)

kaharti

e)

roti

8.

Katumbiri di Cigeulis

Ti citeureup ka Ciamis

Kaciri seuri nu geulis

Mun di teuteup beuki manis

di tilik tina eusi na paparikan di luhur kaasup kana...

a)

Sesebred

b)

Silih Asih

c)

Piwuruk

d)

Tatarucingan

e)

Wawangsalan

9.

Mihape sisir jeung minyak

Bisi kaancloman leungeun

Mihape pikir jeung Niat

Bisi kaasongan deungeun

Sisindiran diluhur kaasup kana...

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Wawangsalan

d)

Tatarucingan

e)

Piwuruk

10.

Wangsalna “simeut”, ari cangkangna nyaéta ....

a)

Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut.

b)

Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun.

c)

Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang.

d)

Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran.

e)

Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing.

11.

Teu beunang di tiwu leuweung

teu beunang di pikasono

wangsalna....

a)

Tiwu

b)

Kaso

c)

beunang

d)

Leuweung

e)

bangban

12.

Tokyo teh Ibukota na

Iraha Patepang deui

wangsalna....

a)

tepang

b)

Tokyo

c)

Jepang

d)

Taiwan

e)

Cina

13.

Mesin Ketik elektronik

Dipakena kunu pinter

Wangsalna...

a)

elektronik

b)

Kalkulator

c)

Ketik

d)

Mesin

e)

Komputer

14.

Dicokot endogna macok

jawabanna...

a)

Salak

b)

puyuh

c)

Botak

d)

Hayam

e)

Oray

15.

Di Jinjing teu dibawa

Jawabanna...

a)

Panto

b)

Jinjing

c)

bawa

d)

Kantong

e)

Dompet

16.

Kamana jalan ka Jogja (a)

Ka ditu ka pangrumasan (b)

Kamana jalan ka Surga (c)

Ka ditu ka pangaosan (d)

Nu Kaasup eusi tina rarakitan diluhur nyaeta...

a)

a,b

b)

c,d

c)

a,c

d)

a,d

e)

b,d

17.

Jumlah engang dina paparikan aya sabaraha engang

a)

4

b)

8

c)

1

d)

10

e)

12

18.

Katojo ku panon poe

Ditiungan daun pandan

Lalajo ningang nu sue

Diciuman kunu edan

di tilik tina eusina paparikan diluhur kaasup kana...

a)

Sesebred

b)

Piwuruk

c)

Silih asih

d)

Silih cabok

e)

Nitah

19.

Ungkara basa anu nyumputkeun maksud anu saenyana ku nyebut kecapanu padeukeutjeung nu dimaksud disebut...

a)

Wawangsalan

b)

Tatarucingan

c)

Sisindiran

d)

Paparikan

e)

Rarakitan

20.

Kaulinan anu mangrupa pananya anu jawabanna kudu diteguh, kalimah pananya na heunteu sa ujratna, di sebut...

a)

Paparikan

b)

Wawangsalan

c)

Tatarucingan

d)

Rarakitan

e)

Sisindiran