wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Quiz Carita Wayang kelas XII

Total questions: 20

Worksheet time: 18mins

Name
Class
Date
1.

Timana asalna carita wayang téh?

a)

India

b)

Arab

c)

Indonesia

d)

Cina

2.

Saha nu nyiptakeun carita wayang Ramayana jeung Mahabrata téh?

a)

Bhavabhuti & Deepak Chorpa

b)

Wiyasa & Walmiki

c)

Amarkant & Jainendra Kumar

d)

Sisworo Gautama Putra

3.

Nyaritakeun ngeunaan naon ari Carita Wayang Mahabrata?

a)

Nyaritakeun ngeunaan cinta segi tilu

b)

Nyaritakeun ngeunaan kisah kulawarga nu harmonis

c)

Nyaritakeun ngeunaan perang sadulur antara pandawa jeung kurawa

d)

Nyaritakeun ngeunaan kahirupan nu loba tantanganana

4.

   Naon anu dimaksud tina bayang (kalangkang) téh?

a)

Nyaéta kalangkang nu kaciri nalika pagelaran wayang

b)

Nyaéta lalakon nu diréka, dicipta-cipta ku dalang

c)

Nyaéta lalakon nu di wujudkeun ku dalang bari dipirig ku gamelan

d)

Nyaéta lalakon wangwangan (dikira-kira) adeg-pangadegna jelema, boh lahirna boh batinna.

5.

Asupna carita wayang ka Indonesia téh bareng jeung asupna agama ..

a)

Islam

b)

Hindu

c)

Budha

d)

Konghucu

6.

Saha nu kaasup kana Dalang kasohor di Indonesia?

a)

Sutisna

b)

Parta Suwanda

c)

Asep Sunandar Sunarya

d)

Suleman

7.

 Carita wayang naon nu nyaritakeun ngeunaan cinta segitiga antara Rama, Shinta, jeung Rahwana téh?  

a)

Mahabrata

b)

Tutur Tinular

c)

Ramayana

d)

Dorna Santikaguru

8.

Mana nu kaasup kana bébédaan tina carita wayang India jeung Carita Wayang Sunda?

a)

Dina carita wayang India Gatotkaca mangrupa tokoh penting, pahlawan nagara Amarta, jeung r’ea dicaritakeun dina Mahabrata. Sedengkeun dina carita wayang Sunda Gatotkaca mangrupa tokoh nu teu penting tur galur hirupna teu réa kacaritakeun.

b)

Dina wayang India aya penokohan Punakawan (Semar, Cépot, Déwala, jeung Garéng). Sedengkeun dina wayang Sunda mah euweuh.

c)

Dina wayang India Srikandi téh mangrupa awéwé geulis, adina Drupadi, jeung pamajikan Arjuna. Sedengkeun dina wayang Sunda Srikandi téh lain awéwé sampurna, lanceukna Drupadi, jeung lain pamajikan Arjuna.

d)

Dina wayang India Dorna mangrupa guru Pandawa jeung Kurawa nu wijaksana jeung dipihormat sedengkeun dina wayang Sunda Dorna téh mangrupa guru Pandawa jeung Kurawa, tapi pasipatanana jahat, julig, tur sok ‘ngadudombakeun’ Pandawa jeung Kurawa.

9.

   Tokoh Punakawan (Semar, Cépot, Déwala, Garéng) dina carita wayang Sunda miboga tujuan pikeun?

a)

Ngawakilan kaum ménak

b)

Ngawakilan bangsa India

c)

Ngawakilan rakyat leutik

d)

Ngawakilan pamaréntah nagara

10.

Mana nu teu kaasup kana unsur carita wayang

a)

Manggalasastra (bubuka)

b)

Jejer (tema)

c)

Puseur sawangan

d)

Amanat

11.

   Dongéng jeung Carita wayang miboga sasaruaan, salahsahijina nya éta

a)

Carita wayang jeung carita dongéng dianggit ku jalma nu sarua nyaéta Walmiki jeung Wiyasa.

b)

Carita wayang jeung carita dongéng dilalakonkeun ku dalang.

c)

Carita wayang jeung carita dongéng sumebarna kucara patalépa ngaliwatan lisan.

d)

Carita wayang jeung carita dongéng sarua ngandung unsur sajarah.

12.

   Arjuna kaasup kana tokoh dina carita wayang naon?

a)

Mahabrata

b)

Ramayana

c)

Babad Alas Amer

d)

Rahwana Pejah

13.

Saha ngaran tina ieu tokoh pawayangan?

a)

Dewala

b)

Semar

c)

Arjuna

d)

Kurawa

14.

Saha ngaran tina ieu tokoh pawayangan?

a)

Cépot

b)

Semar

c)

Arjuna

d)

Kurawa

15.

Saha ngaran adi ti Sri Rama dina carita "Tragedi di Leuweung Dandaka" sempalan epic Ramayana?

a)

Pandawa

b)

Radén Lakmana

c)

Rahwana

d)

Kurawa

16.

Dina carita wayang Mahabrata versi India, aya hiji tokoh nu dikisahkeun poliandri. éta tokoh téh nyaéta …

a)

Drupadi

b)

Gatotkaca

c)

Arjuna

d)

Srikandi

17.

Tembang dalang dina pagelaran wayang golék, biasana ngagunakeun basa Kawi nu eusina mangrupa déskripsi gambaran kaayaan adegan nu dicaritakeun, disebut ...

a)

Murwa

b)

Nyandra

c)

Antawacana

d)

Kakawén

18.

Dina unsur intrinsik carita wayang aya nu disebut galur atawa plot carita. Upama dina hiji carita langsung dimimitian kana hiji kajadian kaasup kana galur …

a)

Mérélé

b)

Mundur

c)

Mobok tengah

d)

Lempeng

19.

Paguneman atawa dialog antar tokoh wayang nu diperankeun ku dalang, disebut ...

a)

Antawacana

b)

Kakawén

c)

Nyandra

d)

Murwa

20.

Mimitina carita wayang sumebar sacara …

a)

Lisan

b)

Tinulis

c)

Radio

d)

Pertunjukan