NEW
Font size
WorksheetsQuiz Pangalaman Pribadi
Total questions: 10
Worksheet time: 50mins
Pangalaman téh nyaéta naon-naon atawa sagala rupa anu kaalaman atawa karandapan boh ku urang boh ku batur. Pangalam anu karandapan ku urang sorangan disebutna….
Pangalaman batur
Pangalaman pribadi
Ngalaman nyorangan
Pangalaman ceuk batur
Jalma anu lampar (sok nyanyabaan jauh) tangtu leuwih réa pangalamanana batan jalma anu kurung batok. Ari maksudna kurung batok nyaéta….
Jalma anu ulin waé
Jalma anu sok iinditan
Jalma anu tara kamana-mana
Jalma nu resep ulin jeung batur
Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa dipapantes, tapi kudu dumasar….
Kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang
Naon waé anu dipikaresep ku urang atawa ku batur
Data anu nyata, anu kungsi katempo atawa kaalaman
Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman
Iraha waktu nu hadé keur ngobor bangkong (héjo) di sawah?
Mun sawah acan dipacul
Mun sawah arék dipanén
Mun sawah arék disingkal
Mun sawah geus réngsé dipacul
Ku naon sok aya nu ngobor maké patromak?
Ngarah leuwih caang
Ngirit minyak jeung awi
Ngarah bangkong teu sieuneun
Ngarah loba meunang bangkong
Pangalaman téh aya nu karandapan sapopoé aya ogé anu henteu karandapan sapopoé atawa langka karandapan. Indit ka sakola mangrupa conto pangalaman anu langka kaalaman.
Bener
Salah
Téma atawa topik anu rék dicaritakeun kudu anu sakirana matak ngirut jalma anu rék ngaregepkeun. Hartina, pangalaman anu dicaritakeun téh kudu anu sakirana luar biasa atawa sakirana anéh keur batur.
Bener
Salah
Aya rupa-rupa sipat pangalaman, nyaeta bisa pikabungaheun, pikasediheun, pikaresepeun, pikaeraeun, pikaseurieun.
Bener
Salah
Dina nyaeritekaun pangalaman urang kudu hade ngan pas bubuka hungkul.
Bener
Salah
Harita pas kelas genep SD kuring diajar naek motor. Kusabab can lancar, kuring nepi ka nabrak tangkal cau. Ti dinya kuring teu wani mawa motor deui.
Pangalaman di luhur teh miboga sipat anu pikasediheun.
Bener
Salah
