wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

KUIS RESENSI - BAHASA DAN SASTRA SUNDA

Total questions: 20

Worksheet time: 42mins

Name
Class
Date
1.

Istilah resensi teh nyoko kana kagiatan...

a)

mere gambaran

b)

ngajen

c)

ngaringkes

d)

ngritik

e)

mere saran

2.

Istilah resensi anu asalna tina basa Belanda teh nyaeta...

a)

revidere

b)

recensere

c)

recensio

d)

resentie

e)

resendere

3.

Ieu di handap nu teu kaasup kana karya anu sok diresensi nyaeta...

a)

buku

b)

pagelaran drama

c)

musik/lagu

d)

filem

e)

ngawangkong

4.

Kusabab resensi teh mangrupa kagiatan ngajen atawa meunteu, jadi anu wajib aya dina eusi resensi teh nyaeta...

a)

judul resensi

b)

identitas karya anu diresensi

c)

sinopsis/ ringkesan karya anu diresensi

d)

kapangarangan

e)

kahengkeran jeung kaunggulan karya anu diresensi

5.

salah sahiji struktur anu aya dina resensi teh nyaeta sinopsis/ringkesan. tujuan resensi ku ayana sinopsis/ ringkesan teh nyaeta...

a)

mikaweruh ngeunaan kaunggulan jeung kahengkeran hiji karya

b)

maparin gambaran ka pamaca neunaan hiji karya

c)

ngasongkeun saran atawa kritik kana hiji karya

d)

mikaweruh kasang tukang jeung alesan digelarkeuna hiji karya

e)

nguji kualitas hiji karya

6.

salah sahiji tujuan anu tangtu tina resensi teh nyaeta "nguji kualitas hiji karya". eta hal bisa dibuktikeun ku ayana...

a)

kaunggulan jeung kahengkeran karya anu diresensi

b)

sinopsis karya anu diresensi

c)

identitas karya anu diresensi

d)

kritik jeung saran kana karya anu diresensi

e)

kapangarangan/ kaaktoran tina hiji karya

7.

salah sahiji mangpaat tina resensi nyaeta ngajak masarakat sangkan milu ngajen jeung mere tinimbangan kana eusi hiji karya. eta hal teh miboga maksud...

a)

sangkan masarakat maca hiji resensi

b)

sangkan masarakat milu nyieun resensi tina puseur sawangan anu beda

c)

sangkan masarakat bisa milu ngritik jeung mere saran kana resensi hiji karya

d)

sangkan masarakat bisa ngajen sacara langsung kana hiji karya

e)

sangkan masarakat bisa kritis dina milih hiji karya

8.

Resensi Deskriptif teh nyaeta resensi anu...

a)

ditepikeun sacara umum tur singget tina sagemblengna karya

b)

ditepikeun sacara langsung ngaliwatan media tulis

c)

ditepikeun sacara wincik/detail unggal bagian anu aya dina karyana

d)

ditepikeun ngagunakeun metodologi elmu kaweruh anu tangtu

e)

ditepikeun ngagunakeun metodologi elmu kaweruh anu teu tangtu

9.

karya anu diresensi teh biasana mangrupa karya anu...

a)

populer

b)

anyar

c)

alus

d)

hade

e)

heubeul

10.

lamun urang rek ngaresensi hiji karya aya sawatara sarat nu kudu dicumponan, diantarana nyaeta...

a)

mibanda pangaweruh ngeunaan paelmuan anu dipedar dina karyana

b)

mibanda kamampuh maca anu hade

c)

mibanda pangaweruh ngeunaan cara nulis resensi

d)

mibanda kamampuh nulis anu hade

e)

mibanda pangaweruh ngeunaan informasi dina hiji bidang

11.

salian ti mibanda kamampuh nganalisis anu seukeut, sarat sejen anu kudu dicumpnan nalika ngaresensi hiji karya nyaeta nyaho kana karya-karya sejen. eta hal miboga maksud...

a)

sangkan nu nulis maca karya sejen

b)

sangkan nu nulis boga babandingan keur nulis resensi

c)

sangkan nu nulis bisa nganalisis eusi resensi

d)

sangkan nu nulis bisa ngajen eusi resensi kalawan bener

e)

sangkan nu nulis bisa ngabandingkeun resensina jeung karya sejen

12.

Sangka bisa ngagambarkeun kaunggulan jeung kahengkeran tina karya anu diresensi, nu nulis resensi kudu miboga...

a)

pangaweruh ngeunaan paelmuan anu dipedar dina karya anu diresensi

b)

pangaweruh pikeun nyaho kana karya-karya sejen

c)

kamampuh dina milih karya nu rek diresensi

d)

kamampuh nganalisis anu seukeut

e)

kamampuh pikeun mere saran jeung kritik

13.

Lengkah mimiti anu kudu dilakukeun nalika urang rek nyusun resensi buku nyaeta...

a)

nulis judul resensi

b)

nyatetkeun pamadegan ngeunaan payus henteuna eta buku dibaca

c)

nyatetkeun hal-hal anu pikatajieun tina bukuna

d)

maca kalawan daria buku nu rek diresensi

e)

milih buku nu rek diresensi, alusna mah buku anu best seller

14.

Sangkan informasi anu ditulis dina resensi lengkep tur taya informasi anu kaliwat, lengkah anu kudu dilakukeun teh nyaeta...

a)

milih buku nu rek diresensi, alusna mah buku anu best seller

b)

maca kalayan daria buku nu rek diresensi, alusna mah sababaraha balikan

c)

nyatetkeun hal-hal anu pikatajieun tina buku anu rek diresensi

d)

nuliskeun pamadegan/ saran ngeunaan buku anu diresensi

e)

nuliskeun judul resensi

15.

ieu di handap lain mangrupa identitas anu kudu aya dina resensi pilem, nyaeta...

a)

produser

b)

pamaen

c)

sutradara

d)

durasi

e)

pamedal

16.

ieu di handap mangrupa identitas anu kudu aya dina resensi musik, nyaeta...

a)

komposer

b)

kandelna

c)

citakan

d)

pamaen

e)

produksi

17.

Najan pilemna ajangkeuneun barudak jeung rumaja, tapi dijerona aya kritik. Upamana wae aya adegan tokoh Bayu nalapung bal anu keuna kana poster calon legislator anu neunggeul kana sirahna. Tapi najan kitu, sacara umum pilem Garuda di Dadaku geus hasil jadi pilem anu ngawewegan kana sikep nasionalisme barudak jeung rumaja Indonesia ngaliwatan jejer mengbal.

sempalan resensi di luhur teh kaasup kana...

a)

sinopsis/ ringkesan

b)

identitas

c)

pedaran eusi karya

d)

kapangarangan

e)

kaunggulan

18.

leu pilem téh nyaritakeun tokoh Bayu, budak kelas 6 SD anu boga cita-cita hayang jadi pamaén méngbal sohor. Unggal poé cocoanana téh kana bal méngbal. Bayu cicing jeung indung, ogé akina. Bapana Bayu gé resep kana méngbal, nepi ka sukuna tidikes tur teu bisa deui méngbal. Antukna ukur jadi supir taksi. Lantaran ginggiapeun (trauma) kitu, akina Bayu teu resep ka saha waé nu sok méngbal. Ku kituna, akina Bayu (Usman) kacida ngahalang-halangna ka Bayu pikeun neruskeun cita-citana jadi tukang (pamaén) méngbal. Tapi getih bapana ngamalir dina diri Bayu manéhna kuat nisan tekadna hayang jadi tukang méngbal.

Sempalan resensi di luhur kaasup kana bagian...

a)

sinopsis

b)

kahengkeran

c)

kaunggulan

d)

saran

e)

kapangarangan

19.

"Tukang Asahan" ngasongkeun pasualan hirup nu kudu disurahan. Minangka hiji pintonan, ieu drama ngajak seuri (tur dina enas-enasna mah ngajak nyeungseurikeun sorangan), jeung ngajak mikir deuih. Dina ieu drama, unggal jalma najan hirup dina jaman nu béda, saéstuna boga pasualan nu sarua. Batu asahan ukur dipaké simbol keur nyungsi masalah nu saéstuna, nyaéta kumaha urang bisa maké pikiran jeung kamampuh keur nyanghareupan kahirupan.

Sempalan resensi di luhur kaasup kana bagian...

a)

sinopsis

b)

kaunggulan

c)

kahengkeran

d)

saran

e)

kapangarangan

20.

Eta gé aya ari kahanjakal mah, naha perkara bobotoh bet henteu kasabit-sabit. Padahal Persib Bandung téh boga bobotoh fanatik nu sumebar di sabudeureun Jawa Barat jeung Banten. Padahal mun nu nulis éta buku niténan sumber séjénna, upamana situs www.vikingpersib.net, apan data ngeunaan bobotoh téh nyampak.

Ditilik tina segi téhnis aya kakurang deuih. Upamana dina kolofon euweuh

katerangan ngeunaan sabaraha kandelna ieu buku. Jadi wéh, rada hésé kudu nangtukeun.

kandelna. Komo mun nepi ka lebah: "Parade Foto" mah, kapan susah nangtukeun kacana da teu dinomeran.

Sempalan resensi di luhur kaasup kana bagian...

a)

sinopsis

b)

kahengkeran

c)

kakurangan

d)

saran

e)

kapangarangan