NEW
Font size
WorksheetsUlangan
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
TÉKS PAGUNEMAN
Nani : “Mbu, Néng amitan bade mios ka sakola.”
Bu Ami : “Oh enya, tos sasarap acan?”
Nani : “Atos, Mbu engké Néng wangsulna rada sonten bade latihan Pramuka heula.”
Bu Ami : “Muhun, kadé kalangkung netepan lohor nya.”
Nani : “Moal atuh Mbu. Néng mios heula nya, assalamu’alaikum.”
Bu Ami : “Wa’alaikum salam, kadé nya ati-ati di jalan.”
Naon judul nu merenah pikeun téks paguneman di luhur…
Mios ka sakola
Acara di sakola
Amitan
Eskul Pramuka
TÉKS PAGUNEMAN
Nani : “Mbu, Néng amitan bade mios ka sakola.”
Bu Ami : “Oh enya, tos sasarap acan?”
Nani : “Atos, Mbu engké Néng wangsulna rada sonten bade latihan Pramuka heula.”
Bu Ami : “Muhun, kadé kalangkung netepan lohor nya.”
Nani : “Moal atuh Mbu. Néng mios heula nya, assalamu’alaikum.”
Bu Am : “Wa’alaikum salam, kadé nya ati-ati di jalan.”
Téks paguneman di luhur kaasup kana salah sahiji conto paguneman …
Amitan
nganuhunkeun
ngidinan
Ménta idin
Salah sahiji sarat paguneman téh nyaéta …
Salah saurang pancénna mung ngaregepkeun
Minimal kudu aya saurang
Kudu aya tanya jawab
Maksimal kudu aya dua urang
“Urang papaharé di imahna si Usro, yu!”
Ieu kalimah kaasup kana kalimah….
panitah
pangjurung
panyarek
pangajak
“Ulah ulin di sisi jalan, bisi katabrak!”
Ieu kalimah kaasup kana kalimah….
panyarek
pangajak
panitah
…Perhatikeun Gambar di gigir. Kaulinan naon nu aya dina gambar …
Hahayaman
Oray-orayan
Galah santang
Gatrik
PAIS JAMBAL WALAHAR
Di antara anu bieu ditataan, nya pais jambal anu pangkasohorna di Walahar téh. Kadé, lauk jambal anu dimaksud di dieu mah lain jambal roti nu sok diasin téa, anu dina basa Sunda disebutna lauk manyung. Tapi ieu mah lauk jambal anu hirupna di walungan. Prahna ayeuna mah pada nyebut lauk patin anu habitatna di laut. Nu matak saupama urang ulin ka Pangandaran, loba nu daragang asin jambal.
Salah sahiji kacindekan anu bener dumasar kana bacaan di luhur nya éta…
lauk patin disebut oge manyung
lauk patin hirupna di laut
lauk patin sok diasin
lauk patin hirupna dina cai tawar
PAIS JAMBAL WALAHAR
Di antara anu bieu ditataan, nya pais jambal anu pangkasohorna di Walahar téh. Kadé, lauk jambal anu dimaksud di dieu mah lain jambal roti nu sok diasin téa, anu dina basa Sunda disebutna lauk manyung. Tapi ieu mah lauk jambal anu hirupna di walungan. Prahna ayeuna mah pada nyebut lauk patin anu habitatna di laut. Nu matak saupama urang ulin ka Pangandaran, loba nu daragang asin jambal.
Salah sahiji kacindekan anu salah dumasar kana bacaan di luhur nya éta ...
.jambal roti sok diasin
patin jambal hirupna dina cai tawar
patin jambal sok dipais
patin jambal sok disebut manyung
Salah sahiji cara ngasakan lalab téh nya éta maké saab cai ngagolak, disebutna ...
digodog
diseupan
dileob
dikulub
Kalapa parud nu diasakan jeung gula beureum tuluy sok dieusikeun kana adonan kuéh bugis disebut …
serundéng
salé
entén
keremes
Paribasa “uncal tara ridueun ku tanduk” dina cutatan teks di luhur moboga harti…
Boga élmu mah gedé mangpaatna
Élmu teu matak beurat mawa
Mawa élmu mah beurat
Élmu mah teu dibabawa
Naon hartina paribasa Adat ka kurung ku iga …
Boga adat anu loba
Adat nu hésé dirobahna
Adatna alus pisan
Teu boga adat pisan
Mun indit ka Tegal waru
Tong ngaliwat ka astana
……….
……….
Kalimah anu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaéta …
Ciri jalma anu hadé
Ka batur sok ngahargaan
Mun urang getol diajar
Moal mantak buntu laku
Jalma nu beunghar élmu
Leuwih luhur darajatna
Lamun hayang jadi santri
Pék jugjug alim ulamana
Anak adam anjeun didunya ngumbara,
Hirup anjeun di dunya téh moal lila.
Umur anjeun unggal poé dikurangan,
Beurang-peuting umur anjeun dicontangan
Anak adam anjeun ulah kajongjonan,
Néangan harta banda teu jeung jeujeuhan.
Kana ibadah anjeun geus mopohokeun,
Poho rukun Islam reujeung rukun iman
Wacana di luhur di sebut …
Pupujian
Dongeng
Sajak
Pangalaman
Anak adam anjeun didunya ngumbara,
Hirup anjeun di dunya téh moal lila.
Umur anjeun unggal poé dikurangan,
Beurang-peuting umur anjeun dicontangan
Anak adam anjeun ulah kajongjonan,
Néangan harta banda teu jeung jeujeuhan.
Kana ibadah anjeun geus mopohokeun,
Poho rukun Islam reujeung rukun iman.
Purwakanti nu nyangkaruk dina pada kahiji jeung pada kadua …
a jeung é
o jeung u
a jeung a
a jeung i
Pupujian sok di sebut ogé …
Ngawih
Nembang
Nadom
Nyanyi
Anu kaasup kana basa loma nya éta …
Asup
Tuang
Calik
Mulih
Sabada hidep nengetan gambar di gigir, pesen naon nu hayang ditepikeun dina eta iklan ….
urang kudu ngumbah leungeun
urang kudu cicing di imah
urang kudu jaga jarak
urang kudu maké masker
“Kade peso téh….bisi….!
seuket-kakeureut
seukeut-kakeureut
seket-kakérét
seukeut-kakeretse
Kuring kakara balik ti sakola
Ragam basa hormatna …
Abdi nembé wangsul ti sakola
Abdi nembé mulih ti sakola
Abdi kakara mulih ti sakola
Abdi nembé mulang ti sakola
