wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH SUNDA KELAS XI 2023

Total questions: 18

Worksheet time: 9mins

Name
Class
Date
1.

dihandap anu teu kaasup wanda sawala nyaeta ...

a)

seminar

b)

sanggar gawe (workshop)

c)

biantara

d)

sarasehan

2.

Kagiatan ngadu pamadegan (argumentasi) antara dua pihak atawa leuwih boh mandiri atawa kelompok anu tujuanna pikeun nyawalakeun atawa ngarengsekeun pasualan disebut .....

a)

Debat

b)

Diskusi

c)

Pidato

d)

Rapat

3.

Galur kagiatan sawala nu bener di handap nyaeta ,….

a)

Bubuka ti panumbu catur , kagiatan tanya jawab, pedaran ti pangjejer

b)

Pedaran ti pangjejer, kagiatan tanya jawab, bubuka ti panumbu catur

c)

Bubuka ti panumbu catur, pedaran ti pangjejer, kagiatan tanya jawab, nyusun kacindekan, panutup

d)

Bubuka ti Panumbu catur, pedaran ti pangjejer, nyusun kacindekan , panutup

4.

Pilih anu lain pancen utama panumbu catur .....

a)

Boga kaweruh ngeunaan perkara nu dipedar

b)

Ngatur waktu

c)

Nyarita diborong ku sorangan

d)

Mibanda sikep sopan

5.

Jalma nu ngatur jalanna dina diskusi teh disebutna ....

a)

girang serat

b)

panumbu catur

c)

pangjejer

d)

pamilon

6.

Kagiatan ngébréhkeun pamadegan ngeunaan perkara atawa masalah sangkan bisa netepkeun kumaha pialuseunana disebut . . . .

a)

Simposium

b)

Seminar

c)

Rapat

d)

Sawala

7.

Ieu di handap anu teu kaasup kana wanda (jinis) sawala nyaéta . . . .

a)

Seminar

b)

Simposium

c)

Sidang

d)

Lokakarya

8.

Gambar di luhur minangka sawala pikeun silih tukeur sawangan ngeunaan hiji pasualan anu keur disanghareupan ku saréréa, disebutna?

a)

Simposium

b)

Video Konférénsi

c)

Workhsop

d)

Sanggar Gawé

9.

Panumbu catur katelah ogé ku istilah...

a)

Moderator

b)

MC

c)

Protokol

d)

Pembawa acara

10.

Sedengkeun anu kudu dilakonan ku panumbu catur dina lumangsungna kagiatan diskusi, diantarana nyindekkeun hasil diskusi. Maksud nyindekkeun hasil diskusi nya éta ....

a)

Sound system (mikrofon), buku catetan, ngatur hadirin sangkan tartib, jeung sajabana.

b)

Sangkan urang leuwih akrab dina lumangsungna diskusi

c)

Nyieun kasimpulan dina lumangsuna diskusi/debat

d)

Jadi panengah upama aya konflik jeung bébédaan pamadegan atawa pamahaman

11.

MC mah tugasna mingpin sakabéh runtuyan acara. Ari tugas utama panumbu catur mah ...

a)

Mingpin jalanna acara dina kagiatan ceremonial samisal upacara

b)

Mingpin sakabéh runtuyan acara, minangka panengah atawa wasit dina kagiatan diskusi

c)

Pangatur acara dina nikahan, minangka nu jadi pangdeudeul acara

d)

Mingpin sakabéh lumangsungna acara, dina graduasi atawa acara resmi lianna

12.

Anu teu kaasup ciri-ciri carpon, nya éta...

a)

Wangun karangana pondok

b)

Sifat caritana naratif jeung fiktif

c)

Palaku caritana kaitung réa

d)

Eusina kaharti ku akal atawa réalistis

13.

Umumna ukuran pondok dina carpon teh nyaeta ...

a)

dibaca sakali tamat antara 5-10 menit

b)

dibaca sakali tamat antara 10-15 menit

c)

dibaca sakali tamat antara 15-20 menit

d)

dibacana teu cukup ku sakali tamat

14.

Dina taun 1930 medal buku kumpulan carpon munggaran, nu judulna ....

a)

Dogdog Pangrewong

b)

Jajaten Ninggang Papasten

c)

Awewe Dulang Tinande

d)

Nu Harayang Dihargaan

15.

Carpon kaasup kana karya sastra modern lantaran meunang pangaruh ti bangsa....

a)

Inggris

b)

Walanda

c)

Portugis

d)

Spanyol

16.

Téma nyaéta...

a)

Gagasan anu ditepikeun ku pangarang

b)

Tokoh anu dilalakonkeun dina carita

c)

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

d)

Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita

17.

Bedana carpon jeung dongeng nyaeta...

a)

dongeng mah loba bagian nu pamohalan (teu asup akal), sedengkeun carpon umumna carita kahirupan sapopoe nu kaharti ku akal

b)

carpon mah teu kanyahoan saha nu ngarangna, sedengkeun dongeng mah kanyahoan nu ngarangna

c)

carpon mah kaasup sastra heubeul, sedengkeun dongeng mah kaasup sastra modern

d)

dongeng mah carita na panjang, sedengkeun carpon mah caritana pondok

18.

Carpon nyaéta...

a)

Karya sastra rékaan anu diwangun ku sababaraha pada

b)

Karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranna pondok

c)

Karya sastra prosa rékaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompléks)

d)

Karya sastra prosa anu pamohalan tur ukuranana pondok