wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SAS BASA SUNDA KELAS VII

Total questions: 50

Worksheet time: 3hrs 30mins

Name
Class
Date
1.

Aturan atawa tatakrama dina nyarita basa Sunda sangkan merenah nya éta harti tina...

a)

Pangaweruh basa

b)

Tatakrama basa

c)

Undak-usuk basa

d)

Larapan basa

2.

Nurutkeun kana harti kecapna, tatakrama basa téh nya éta...

a)

Aturan sopan santun ngagunakeun basa

b)

Larapan basa

c)

Tatakrama basa

d)

Pangaweruh basa

3.

Anu kaasup kana paguneman téh nya éta...

a)

Dialog

b)

Épilog

c)

Monolog

d)

Prolog

4.

Obrolan silihtémpas antara dua urang atawa leuwih nya éta harti tina...

a)

Prolog

b)

Épilog

c)

Monolog

d)

Dialog/Paguneman

5.

Vokal E dina basa Sunda téh jumlahna aya...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

6.

Kecap "sedeng" mangrupa conto vocala nu ngagunakeun...

a)

É taling/curek

b)

E pepet

c)

Eu

d)

Oe

7.

Nu kaasup kana conto kecap E pepet nya éta...

a)

Séréh

b)

Seuneuh

c)

Leubeut

d)

Lebet

8.

Hurup E anu dibaca jelas nya éta kaasup kana E...

a)

E pepet

b)

É taling/curek

c)

Eu

d)

Oe

9.

Vocal anu diucapkeun saperti urang teurab "eureuleu" téh kaasup kana vokal...

a)

E pepet

b)

É taling

c)

Eu

d)

Oe

10.

Paguneman téh dilakukeun ku...

a)

Sorangan bari sorana bedas

b)

Duaan bari teu ngaromong

c)

Duaan atawa leuwih bari silihtémpas

d)

Sorangan bari sotrana teu kadéngé

11.

Jejer dina paguneman téh bisa...

a)

Diatur ku nu nyarita

b)

Diatur ku nu diajak nyarita

c)

Bisa naon baé

d)

Teu bisa sambarangan

12.

Di mana paguneman téh dilakukeunana...

a)

Di mana baé

b)

Di jero kelas

c)

Dina kaayaan dines

d)

Bari dariuk dina korsi

13.

Tatakrama basa Sunda sacara gurat badagna diwangun ku ragam...

a)

Basa loma jeung ragam basa hormat

b)

Basa cohag jeung basa hormat

c)

Basa cohag jeung basa kasar

d)

Basa loma wungkul

14.

Tatakrama basa Sunda maksudna pikeun...

a)

Ngawilah-wilah jalma

b)

Ngahargaan saluhureun wungkul

c)

Silih hargaan jeung sasama

d)

Basa Loma jeung basa hormat keurig ka batur wungkul

15.

Tatakrama basa Sunda baheula mah disebut...

a)

Panta-pantana basa

b)

Undak-usuk basa

c)

Tatakrama sikep

d)

Basa loma

16.

"Kuring kakara balik ti sakola"

Dirobah kana ragam basa hormat...

a)

Abdi nembé mulih ti sakola

b)

Abdi kakara mulih ti sakola

c)

Abdi nembé wangsul ti sakola

d)

Abdi nembé mulang ti sakola

17.

"Kamari kuring papanggih jeung lanceuk manéh"

Ragam basa hormatna nya éta...

a)

Kamari abdi patepang sareng pun lanceuk

b)

Kamari abdi patepang sareng pun raka

c)

Kamari abdi patepang sareng tuang lanceuk

d)

Kamari abdi patepang sareng tuang raka

18.

"Indung kuring mah ngajarna di SMP PGRI 2 CISOLOK"

Ragam basa hormatna nya éta...

a)

Pun ibu mah ngawulangna di SMP PGRI 2 CISOLOK

b)

Pun biang mah ngawulangna di SMP PGRI 2 CISOLOK

c)

Tuang biang mah ngawulangna di SMP PGRI 2 CISOLOK

d)

Tuang ibu mah ngawulangna di SMP PGRI 2 CISOLOK

19.

"Basa bapa kuring datang, kuring Keurig ngadéngékeun lagu"

Ragam basa hormatna nya éta...

a)

Waktos bapa kuring sumping, abdi keur ngupingkeun lagu

b)

Waktos pun bapa sumping, abdi nuju ngupingkeun lagu

c)

Waktos pun bapa sumping, abdi nuju ngadangukeun lagu

d)

Waktos pun bapa dongkap, abdi nuju ngupingkeun lagu

20.

"Uing teu bisa datang ka sakola"

Ragam basa hormatna nya éta...

a)

Abdi teu tiasa sumping ka sakola

b)

Abdi teu bisa sumping ka sakola

c)

Abdi teu bisa dongkap ka sakola

d)

Abdi teu tiasa dongkap ka sakola

21.

Galah atawa gobag mangrupa kaulinan barudak anu kaasup kana...

a)

Olahraga tradisional

b)

Pupujian

c)

kakawihan

d)

Drama

22.

"Pa Pépén Afandy bogaeun imah anyar di Bandung"

Ragam basa hormatna nya éta...

a)

Pa Pépén Afandy gaduheun rorompok anyar di Bandung

b)

Pa Pépén Afandy kagungan rorompok anyar di Bandung

c)

Pa Pépén Afandy kagungan rorompok énggal di Bandung

d)

Pa Pépén Afandy kagungan bumi énggal di Bandung

23.

Kekecapan dina tatakrama basa Sunda diwangun ku dua ragam basa, nya éta...

a)

Basa loma jeung basa hormat

b)

Basa kasar

c)

Basa santun

d)

Basa sedeng

24.

Kecap "mios" nya éta basa hormat keur ka...

a)

Sorangan

b)

Batur

c)

Sémah

d)

Tatangga

25.

Kecap "natamu" nya éta basa hormat keur...

a)

Sorangan

b)

Batur

c)

Sémah

d)

Tatangga

26.

Kecap "balik" nya éta kaasup kana basa...

a)

Loma

b)

Hormat keur sorangan

c)

Hormat keur batur

d)

Lemes

27.

Kecap "mulih" kaasup kana basa...

a)

Loma

b)

Hormat keur sorangan

c)

Hormat keur batur

d)

Lemes

28.

Kecap "wangsul" kaasup kana basa...

a)

Loma

b)

Lemes

c)

Hormat keur batur

d)

Hormat keur sorangan

29.

Anu kaasup kana kecap basa hormat keur batur nya éta...

a)

Meuli

b)

Mésér

c)

Ngagaleuh

d)

Beuli

30.

Anu kaasup kana kecap basa hormat keur sorangan nya éta...

a)

Dongkap

b)

Sumping

c)

Datang

d)

Jugjug

31.

Lengkepan kalimah di handap ieu!

Haturan wilujeng........ka tamu uleman.

a)

Datang

b)

Dongkap

c)

Indit

d)

Sumping

32.

kaulinan anu diwuwuh ku kakawihan nya éta kaulinan anu mangrupa...

a)

Kasenian

b)

Pamilon

c)

Pasanggiri

d)

Panyatur

33.

Anu kaasup kana conto kaulinan barudak awéwé nya éta...

a)

Sondah

b)

Gatrik

c)

Sorodot gaplok

d)

Papanggalan

34.

Anu kaasup kana conto kaulinan barudak lalaki nya éta...

a)

Gatrik

b)

Simar

c)

Sondah

d)

Congklak

35.

Conto kaulinan anu dibarung ku kakawihan nya éta...

a)

Oray-orayan

b)

Sondah

c)

Congklak

d)

Galah

36.

Conto kaulinan anu teu dibarung ku kakawihan nya éta...

a)

Simar

b)

Slépdur

c)

Ambil-ambilan

d)

Eundeuk-eundeukan

37.

Dina tatakrama basa Sunda aya anu disebut kecap PUN jeung...

a)

Neda

b)

Dahar

c)

Tuang

d)

Makan

38.

Lengkepan kalimah di handap ieu!

"Ayeuna pun............tos kelas 6 SD

a)

Tuang

b)

Raka

c)

Adi

d)

Rama

39.

Pun bapa teu acan.............ti kantor

a)

Wangsul

b)

Mulih

c)

Dongkap

d)

Datang

40.

Haturan wilujeng...

a)

Dongkap

b)

Datang

c)

Sumping

d)

Wangsul

41.

Kecap tuang rai ngandung harti...

a)

Adi Anjeun/batur

b)

Adi sorangan

c)

Lanceuk sorangan

d)

Lanceuk batur

42.

Kecap tuang rama ngandung harti...

a)

Bapa anjeun/batur

b)

Bapa sorangan

c)

Indung sorangan

d)

Indung babaturan

43.

Kaulinan barudak téh mangrupa...

a)

Kamonésan

b)

Kawajiban

c)

Katunggaraan

d)

Kajembaran

44.

Kaulinan barudak bisa dilakukeun ku...

a)

Duaan

b)

Tiluan

c)

Lobaan

d)

Kabéh jawaban bener

45.

Kecap kulem kaasup kana basa hormat keur...

a)

Batur

b)

Sorangan

c)

Loma

d)

Kasar

46.

Teruskeun kakawihan di handap ieu!

- Ambil-ambilan
turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil,
kami mah teu boga incu
boga gé anak pa...

a)

Udin

b)

Kosim

c)

Ojim

d)

Hatu

47.

Kecap "padaharan" kaasup kana basa...

a)

Loma

b)

Hormat keur sorangan

c)

Hormat keur batur

d)

Kasar

48.

Kecap "teu damang" kaasup kana basa...

a)

Loma

b)

Hormat keur sorangan

c)

Hormat keur batur

d)

Kasar

49.

Kecap "lingsem" basa lomana nya éta...

a)

Isin

b)

Éra

c)

Wantér

d)

Dusun

50.

Kecap "ngahaturanan/ngalélér" kaasup kana basa...

a)

Loma

b)

Hormat keur sorangan

c)

Hormat keur batur

d)

Kasar