NEW
Font size
WorksheetsPAS Sunda Kelas 8
Total questions: 40
Worksheet time: 2mins
Gaya basa anu ngagunakeun basa kaleuleuwihi atawa leuwih ti misti...
kadalon (pleonasme)
ngasor (eupemisme)
ocon (metonimia)
rarahulan (hiperbola)
Ngabedega éndah agréng sigrong.
Kecap agréng singrong hartina...
éndah tur asri
gedé tur alus
kasép tur sopan
geulis hadé haté
Isola bumi siliwangi
Liliwatan Bandung Lémbang
Suku tangkuban parahu
Ngabedega éndah agréng sigrong
Kecap Isola dina sempalan kawih di luhur nuduhkeun...
wangunan
daérah antaran Bandung jeung Lémbang
daérah Tangkuban Parahu
kaugeran hiji tokoh masarakat
Tengetan pamadegan ieu dihandap!
1) Bandung Lémbang
2) Mojang Priangan
3) Basisir Pangandaran
4) Isola Bumi Siliwangi
5) Asmarandana
Nu mangrupa judul kawih nya éta...
1, 2, 3
1, 2, 4
2, 3, 4
3, 4, 5
Nu ngabédakeun antara tembang jeung kawih nya éta ...
lagu-lagu dina kawih mah dina hiji engangna sok diwangun ku hiji nada
lagu-lagu dina tembang sok diwangun ku hiji nada
lagu-lagu dina kawih mah loba engang anu ngan diwangun ku hiji sora baé
lagu-lagu dina tembang sok diwangun ku hiji nada jeung hiji sora
Rakitan basa sabangsa tembang/lalaguan anu teu kauger ku papatokan pupuh, biasana dipirig (diiringi) gamelan nyaeta ....
lagu
kawih
tembang
kidung
Ngumpulkeun fakta ku report disebut istilah ... .
Fact organizing
lead decission
word selection
star
sarat warta dina media elektronik nyaeta ... .
aya dina tv
akurat, anyar, ngirut, faktual, komunikatif, boga sifat medar
medar di elektronik
aya tulisanya
Media warta diantarana
Media citak, media elektronik, media online
media informasi
media hayalan
media baca
Anu kaasup kecap barang nya eta . . .
gawe
korsi
indit
miang
Nu Kaasup kecap pagawean nya eta . . . .
masak
papan
kai
meja
Hiji kajadian atawa hal bisa dijadikeun warta, upama
Eta kajadian atawa hal teh dianggap penting pikeun dipikanyaho ku balarea
Eta kajadian atawa hal teh dianggap bisa nyumponan kapana-saran balarea
A sareng B leureus
Eta kajadian atawa hal teh tos dimuat dina media masa
ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan, atawa hal naon wae anu geus kaalaman atawa kalaksanakeun, disebutna...
informasi
warta
fakta
laporan
Kajadian anu istimewa teh disebutna...
informasi
fakta
warta
peristiwa
Warta téh nya éta berita anu ditulis dumasar kana.....
opini
fakta
rekaan
sawangan
paguneman
Di handap ieu mangrupa susunan biantara anu bener nyaéta….
Salam pamuka, eusi, panutup, mukadimah, pangwilujeng do’a
Salam pamuka, do’a, mukadimah, eusi, pangwilujeng, panutup
Mukadimah, salam pamuka, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup
Salam pamuka, pangwilujeng, mukadimah, eusi, do’a, salam panutup
Salam pamuka, mukadimah, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup
Wawangsalan mana nu merenah pikeun ieu poto
Anak munding nyusu keneh
Aduh Enéng deudeuh teuing
Anak munding nyusu kénéh
Aduh Enéng deudeuh teuing
Anak munding nyusu kénéh
Aduh Énéng deudeuh teuing
Anak munding nyusu kénéh
Aduh Enéng dedeh teuing
Anak munding nyusu kénéh
Aduh Enéng deudeuh teing
carita atawa katerangan atawa kajadian anu anyar keneh disebutna ...
laporan
majalah
warta
informasi
Puisi anu sok dilagukeun disebut...
sajak
rumpaka
karawitan
tembang
Kawih téh mangrupa lalaguan sunda. Jalma nu sok ngawih disebut....
sindén
juru kawih
juru tembang
penyanyi
És lilin mah Ceuceu kalapa muda,
dibantun mah dibantun ka Sukajadi.
abdi isin dunungan samar kaduga,
sok sieun mah aduh henteu ngajadi.
Dina padalisan kadua éta kawih aya ... engang
11
10
12
13
Rumpaka kawih téh diwangun ku dua unsur, nyaéta rumpaka jeung kawih. Ari kawih raket patalina jeung....
puisi
karawitan
lagu
prosa
Ungkara sastra anu winangun dumasar kana pupuh nya éta ...
Biantara
Warta
Guguritan
Sisindiran
Warta biasana dimuat dina media...
Fb
WA
Sosial
telegram
Baju kudu heuereut pola
dikelin teu dijalujur.
Mun teu cucud ti sakola,
arisin balik ka lembur
Wangun di luhur disebutna...
sisindiran
rarakitan
paparikan
wawangsalan
Sisindiran nu diwangun ku dua padalisan, sarta padalisan ka hijina cangkang, padalisan kaduana eusi kalayan aya jawabanana, disebut...
paparikan
sisindiran
rarakitan
wawangsalan
Bedana anatara rarakitan jeung paparikan, nyaeta...
rarakitan mah kekecapanana kudu murwakanti, paparikan mah heunteu perlu murwakanti
dian rarakitan, kecap awalnacangkang sok dibalikan deui; dina eusi paarikan mah henteu
paparikan guru lagu teu sarua, rarakitan mah sarua kecapna
paparikan sapada dua padalisan, rarakitan mah sapadana opat padalisan
Nurutkeun sipatna, wangun ungkara di luhur teh...
heureuy
guyon
piwuruk
silih asih
Ngala hurang dikorangan
dihanjatkeun ti walungan.
Hayu urang...
naronjatkeun pangwangunan
Pikeun ngisian titik-titik di luhur, biasa ngagunakeun kecap...
tingalian
babarengan
gotong royong
sabilulungan
Abdi teh kapiring leutik,
Kaisinan ku gambaran.
Wangsalna...
piring
leutik
kaisinan
pisin
" Situ ciburuy laukna hese dipancing"
Guru wilangan jeung guru lagu anu aya dina ungkara diluhur, nyaeta...
8-pancing
8-cing
8-ing
8-i
"panonpoe, panonpoe disasate.”
Ungkara diluhur miboga harti…
sabenerna
sajalantrahna
denotatif
konotatif
Kalimah ieu dihandap nu miboga harti konotatif, nyaeta…
Kuring ka pangajian make baju hejo
Yani dibere tiung warna hejo ku Neng Nani.
Maneh mah meni hejo ninggali duit gepokan teh.
Kuring mah resep pisan kana warna hejo teh.
Rumpaka kawih kagolong kana wangun…
lancaran
ugeran
lalaguan
sajak
Ku naon kuring lamun ninggali jalma nu biasa ngalangkung, sok nyeredet hate? Ku sabab ninggali…
pameunteuna kasep
budi bahsana anu hade tur sopan
jalma nu pikaresepeun
sorot soca ti eta jalma
Lamun kuring ninggali Situ Ciburuy, sok nyeredet hate, sabab…
endah kayaanana
ngenclong caina
loba situna
loba parahu
"Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang.”
Ungkara di luhur biboga harti…
Sabenerna
sajalantrahna
denotatif
Konotatif
“ Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang.”
Anu sok biasa di bubuy mah…
Jagong
Lauk
Sampeu
Oncom
Baca sing regep kawih di handap ieu!
Bubuy bulan ,bubuy bulan sangray bentang,
Panonpoe, panonpoe disasate,
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang,
Unggal poe, unggal poe oge hade.
Situ ciburuy laukna hese dipancing,
Nyeredet hate ninggali nenclong caina,
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,
Nyeredet hate ninggali sorot socana.
Ceuk kawih di luhur, abdi teh sabanerna hayang diteang unggal ...
Poe
Waktu
Minggu
Bulan
Baca sing regep kawih di handap ieu!
Bubuy bulan ,bubuy bulan sangray bentang,
Panonpoe, panonpoe disasate,
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang,
Unggal poe, unggal poe oge hade.
Situ ciburuy laukna hese dipancing,
Nyeredet hate ninggali nenclong caina,
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,
Nyeredet hate ninggali sorot socana.
Tema kawih di luhur teh ngenaan ...
Kaendahan alam
Kaayaan hiji situ
Kaendahan Situ Ciburuy
Cinta
