WorksheetsBAHASA SUNDA 9
Total questions: 50
Worksheet time: 2hrs 40mins
Name
Class
Date
1.
Sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun. Ungkara di luhur biasana dipaké dina bagian...
a)
Bubuka biantara
b)
Panutup biantara
c)
Salam biantara
d)
Eusi biantara
2.
Téhnik biantara anu nyatetkeun heula gurat badag atawa hal-hal penting omongan anu rék ditepikeun disebut tehnik...
a)
Improtu
b)
Tèhnik nalar
c)
Èkstémporan
d)
Tèhnik maca
3.
Biantara téh nya éta nyarita di hareupeun balaréa dina situasi nu resmi. Biantara pikeun mapag dina hiji acara disebut biantara pamapag, atawa biasana disebut...
a)
Papatah
b)
Sambutan
c)
Weujangan
d)
Guguritan
4.
Téhnik biantara téh rupa-rupa. Biantara anu ngagunakeun téks sarta dibaca sakur nu aya dina éta téks, disebut..
a)
Tèhnik ngadadak
b)
Téhnik maca
c)
Téhnik nalar
d)
Tèhnik nyatetkeun inti
5.
Sora, lentong wirahma, nada, paroman, jeung pasang peta mangrupa hal anu kudu diperhatikeun dina waktu...
a)
Eusi biantara
b)
Wirahma
c)
Nepikeun biantara
d)
Paroman atanapi pasemon
6.
Upama hidep dibéré pancén ku guru pikeun nulis naskah biantara, tuluy kudu diapalkeun kecap demi kecap sarta dibiantarakeun di hareupeun kelas kalayan teu maké téks. Téhnik biantara naon nu ku hidep dipaké?
a)
Tèknik Nalar
b)
Tèknik maca
c)
Improtu
d)
Èkstemporan
7.
(1) Nangtukeun jejer/topik biantara. (2) Nyieun rangkay kerangka biantara. (3) Nyusun naskah biantara dumasar kana rangkay nu geus disusun. (4) Ngumpulkeun bahan nu diperlukeun luyu jeung topik. (5) Ngarapihkeun susunan naskah biantara kalawan bener tur merenah. Léngkah-léngkah nu bener dina nulis naskah biantaranya éta...
a)
(2).(1).(3).(5).(4)
b)
(5).(4).(3).(2).(1)
c)
(1).(4).(2).(3).(5)
d)
(3).(5).(1).(2).(4)
8.
Saméméh nulis biantara alusna mah dijieun heula rangkayna, pangpangna mah bagian eusina. Naon sababna?
a)
Sangkan pidatona narik pamirsa
b)
Sangkan gampang baca na
c)
Gampang ka hartos
d)
Gangkan dina ngamekarkeun eusi biantara téh henteu
9.
Bapana Amir keur nyieun kandang sapi. Kandang sapi dina istilah arsitéktur disebut…..
a)
Istal
b)
Langgar
c)
Pagupon
d)
Karapyak
10.
Tulisan anu medar hiji pasualan dumasar kana fakta-fakta anu kapanggih. Boh tina hasil panalungtikan, boh tina pangalaman sorangan disebut …
a)
Carita pondok
b)
Pedaran
c)
Novél
d)
Résénsi
11.
Wacana anu eusina ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji pasualan dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya, jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan disebut…
a)
Agumentasi
b)
Narasi
c)
Éksposisi
d)
Déskripsi
12.
Tulisan anu ngagambarkeun objék, tempat, atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca siga nu ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarkeun dina wacana sok disebut…
a)
Déskripsi
b)
Arguméntasi
c)
Narasi
d)
Éksposisi
13.
Tulisan anu nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti mangsa ka mangsa kalawan ngaruntuy tur runut sok disebut…
a)
Arguméntasi
b)
Éksposisi
c)
Narasi
d)
Déskripsi
14.
Wacana anu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana sok disebut…
a)
Éksposisi
b)
Arguméntasi
c)
Narasi
d)
Déskripsi
15.
Wangun suhunan ieu dina istilah arsitektur Sunda disebut…
a)
Suhunan Jogo Anjing
b)
Suhunan Limasan
c)
Suhunan Jolopong
d)
Suhunan Badak Heuay
16.
Wangun imah di Kampung Naga kudu imah panggung, anu dijieunna tina kai jeung awi. Hateupna wangun................................kudu tina injuk, eurih, atawa kiray.
a)
Suhunan Jogo Anjing
b)
Suhunan Julang Ngapak
c)
Suhunan Jolopong
d)
Suhunan Badak Heuay
17.
Wangun Suhunan ieu dina arsitektur Sunda disebut Suhunan ...
a)
Badak Heuay
b)
Jolopong
c)
Julang Ngapak
d)
Limasan
18.
Kampung anu masih keneh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung …
a)
Buhun
b)
Adat
c)
Istiadat
d)
Babakan
19.
Anu mingpin kampung ciptagelar disebutna…
a)
Pamangku kampung
b)
Sesepuh
c)
Puun
d)
Jaro
20.
Salah sahiji conto adat kabiasaan urang Sunda pikeun awewe anu kakandungan nyaeta ...
a)
Mariksa ka bidan kampung
b)
Acara tujuh bulanan
c)
Mandi kembang
d)
Acara ngabungbang
21.
Ubar tradisional mah teu nimbulkeun efek samping. Efek samping hartina....
a)
Hasiat
b)
Balukar tina hiji perkara
c)
Kagunaan
d)
Hasil tina hiji perbuatan
22.
Karangan rékaan dina wagon lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur galur caritana ngarancabang (kompleks) disebut .....
a)
Carpon
b)
Cartibag
c)
Dongéng
d)
Novél
23.
Tali pedaran di handap ieu! 1) Umumna panjang, henteu pondok kawas carpon 2) Galur caritana atawa plot ngarancabang (loba) 3) Midangkeun rupa-rupa tokoh (palaku), kajadian, sarta laluasa medar karakter tokohnya. 4) Nyaritakeun kahirupan sapopoé 5) Caritana teu leuwih ti lima kaca Tina pedaran di luhur, nu teu ka kaasup ciri-ciri novel nyaéta . . .
a)
1
b)
2.3
c)
5
d)
3.4
24.
Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu aya dina novel, disebut ....
a)
Amanat
b)
Alur
c)
Jejer
d)
Latar
25.
Jalma anu …. Mah moal puguh tempat cicingna da pundah-pindah wae.
a)
Ipis biwir
b)
Heuras genggerong
c)
Hejo tihang
d)
Heuras beuheung
26.
Ari nyarita teh anggeuskeun atuh,…..yeuh!
a)
Gantung huntu
b)
Panas ceuli
c)
Gantung denge
d)
Tiis ceuli
27.
Babasan nu hartina “babari ambek atawa teu sabaran” nyaeta…
a)
Atah warah
b)
Hampang birit
c)
Getas harupateun
d)
Galegeh gado
28.
Cing, pangasupkeun bola kana jarum, ku Ema mah teu katempo. Kecap rundayan pangasupkeun dina kalimah di luhur kaasup kana kecap….
a)
Kecap kayaan
b)
Kecap sifat
c)
Kecap pagawean
d)
Kecap barang
29.
Ungkara anu ngahandapkeun kaayaan diri sorangan disebut gaya basa…
a)
Lalandihan
b)
Sindir
c)
Ngasor
d)
Rarhulan
30.
“Kawas bueuk meunang mabuk si Udin teh, paingan aya bapana”. Kalimah di luhur make gaya basa…
a)
Ngumpamakeun
b)
Mijalma
c)
Lalandihan
d)
Ocon
31.
“Ti tatadi ditempo teh manehmah kawas anjing tutung buntut”. Kawas anjing tutung buntuk hartina….
a)
Nyeri bujurna
b)
Buntutna tutung
c)
Teu daek cicing
d)
Pundah-pindah wae
32.
Ngabedega éndah agréng sigrong. Kecap agréng singrong hartina...
a)
Éndah tur asri
b)
Gedé tur alus
c)
Kasép tur sopan
d)
Geulis hadé hate
33.
Kecap “pakem” ngandung harti …
a)
Robah
b)
Mirip
c)
Angger
d)
Lengkep
34.
Pakeman basa anu disusun ku kecap atawa gundukan kecap tur ngandung harti injeman (kiasan) disebut…
a)
Kekecapan
b)
Babasan
c)
Paribasa
d)
rakitan lantip
35.
Paribasa “kudu leuleus jeujeur liat tali” ngandung harti …
a)
Jalma anu kokomoan, tina sagala euweuh jadi sagala aya
b)
Wijaksana dina mutuskeun atawa milahpah sagala aya
c)
Ngalampahkeun pagawean nu teu surup jeung hate
d)
Kudu sagala daek boh kana gawe badag boh gawe lemes
36.
Ieu dihandap mangrupa conto paribasa, nyaeta .....
a)
Batok bulu eusi batu
b)
Gede hulu
c)
Leuleus awak
d)
Hampang birit
37.
"Mani asa mobok manggih gorowong, keu hayang milu ari pek aya nu ngajak" Paribasa diluhur ngandung harti .....
a)
Boga kahayang tapi teu kahontal
b)
Boga maksud tapi teu panggih pijalaneun nana
c)
Jalma nu teu boga kahayang
d)
Boga maksud taurus panggih pijalaneun na
38.
Ulah nepi ka kajadian, ari keur budak hadé kalakuan, ari geus kolot jadi goréng kalakuan. Paribasa anu keuna keur gambaran éta wawaran, nyaéta ....
a)
Ulah bengkung bekas nyalahan
b)
Ulah hiber méméh jangjangan
c)
Ulah kabawa ku sakaba-kaba
d)
Ulah biwir nyiru rombéngeun
39.
Anu kagolong kana paribasa pangjurung laku alus, nyaeta…
a)
Ulah bengkung bekas nyalahan
b)
Beungeut nyanghareup, ati mungkir
c)
kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak
d)
Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat
40.
Cara nepikeun laporan kajadian atawa kagiatan bisa ngaliwatan …
a)
Radio, tv, internet
b)
Media social
c)
Obrolan jalma
d)
Kabeh bener
41.
Ungkara wangun kantetan atawa frasa anu susunanna geus matok tur ngandung harti injeuman disebut .....
a)
Babasan
b)
Paribasa
c)
Gaya basa
d)
Basa-basi
42.
Ungkara wangun kalimah atawa klausa anu susunanna geus matok sarta ngandung harti babandingan disebut .....
a)
Babasan
b)
Paribasa
c)
Gaya basa
d)
Basa-basi
43.
Di Handap anu teu kaasup conto babasan nyaeta .....
a)
Atah anjang
b)
Adat kakurung ku iga
c)
Hejo tihang
d)
Hampang birit
44.
Ieu dihandap mangrupa conto paribasa, nyaeta .....
a)
Batok bulu eusi batu
b)
Gede hulu
c)
Leuleus awak
d)
Hampang birit
45.
"Mani asa mobok manggih gorowong, keu hayang milu ari pek aya nu ngajak" Paribasa diluhur ngandung harti ....
a)
Boga kahayang tapi teu kahontal
b)
Boga maksud tapi teu panggih pijalaneun nana
c)
Jalma nu teu boga kahayang
d)
Boga maksud taurus panggih pijalaneun nana
46.
“Cing pang meulikeun bako” Kalimah diluhur nuduhkeun kana kalimah …
a)
Pangajak
b)
Panitah
c)
Pangharepan
d)
Panggeuri
47.
“Geura jung atuh, ari rek kapasar mah” Kalimah diluhur nuduhkeun kana kalimah …
a)
Pangwawadi
b)
panitah
c)
Pangjurung
d)
Pangajak
48.
“Alusna mah lapor heula ka pak RT rek ngayakeun acara teh” Kalimah diluhur nuduhkeun kana kalimah …
a)
Panitah
b)
Panggeuri
c)
Pangwawadi
d)
Panyarek
49.
“ Cing atuh nyi, sing daek prihatin ! Da Ema jeung Abah teu salilana boga” Kalimah diluhur nuduhkeun kana kalimah …
a)
Panggeuri
b)
Pangajak
c)
Pangwawadi
d)
Panghareupan
50.
“ Hayang teh isukan teu upacara” Kalimah diluhur nuduhkeun kana kalimah …
a)
Parintah
b)
Pangajak
c)
Panyarek
d)
Panghareupan
100 %
