NEW
Font size
S
M
L
XL
WorksheetsLatihan Soal Bahasa Sunda Semester 1
Total questions: 40
Worksheet time: 40mins
Name
Class
Date
1.
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna …
a)
carpon
b)
dongéng
c)
skétsa
d)
biografi
e)
fiksimini
2.
Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng …
a)
parabél
b)
sasakala
c)
sagé
d)
mite
e)
babad
3.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta …
a)
sakabéh eusi caritana bohong
b)
teu jelas nu ngarangna (anonim)
c)
sumberna tatalépa sacara lisan
d)
ngandung unsur-unsur pamohalan
e)
awalna kagolong kana sastra lisan
4.
Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana waé, nyaéta …
a)
Raja kahampangan dina balokéng
b)
Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang
c)
Sangkuriang nyieun parahu
d)
Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang
e)
Sangkuriang saenyana anak raja
5.
Carita atawa dongéng anu ngandung unsur sajarah lokal disebutna …
a)
mitos
b)
légénda
c)
babad
d)
fabél
e)
parabél
6.
Tokoh Siliwangi dina sajarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun …
a)
Karajaan Sunda
b)
Karajaan Galuh
c)
Karajaan Pajajaran
d)
Karajaan Kawali
e)
Karajaan Salakanagara
7.
Lanceuk bapa/indung disebutna …
a)
paman/bibi
b)
lanceuk
c)
anak
d)
uwa
e)
adi
8.
Lalaki adina bapa atawa indung urang disebutna …
a)
uwa
b)
alo
c)
suan
d)
emang/paman
e)
bibi
9.
Anak panggedéna di kulawarga disebutna …
a)
Cikal
b)
Pangais bungsu
c)
Bungsu
d)
Anak téré
e)
Baraya laér
10.
Luluhur nu jalma-jalmana nu geus aya lila heulaeun urang/nu ngarandaykeun urang nyaéta …
a)
deungeun-deungeun
b)
gantung siwur
c)
karuhun
d)
bao
e)
udeg-udeg
11.
Anak pangleutikna di kulawarga disebutna …
a)
Cikal
b)
Pangais bungsu
c)
Bungsu
d)
Anak téré
e)
Baraya laér
12.
Dongéng pieunteungeun atawa picontoeun anu tokoh caritana réréana sasatoan nyaéta …
a)
Fabél
b)
Parabél
c)
Sasakala
d)
Sagé
e)
Mite
13.
Dongéng anu eusina raket jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa hal-hal goib disebutna …
a)
Fabél
b)
Parabél
c)
Sasakala
d)
Sagé
e)
Mite
14.
Pesen moral anu hayang ditepikeun ku pangarang ka anu maca atawa anu ngadongéngkeun disebut …
a)
jejer
b)
palaku
c)
latar
d)
galur
e)
amanat
15.
Ieu di handap mangrupa conto Babad nu aya di Tatar Sunda, iwal …
a)
Babad Cirebon
b)
Babad Kuningan
c)
Babad Banten
d)
Babad Sumedang
e)
Babad Panjalu (Ciamis)
16.
Carita “Sakadang Monyet jeung Sakadang Peucang” kaasup kana wanda dongéng …
a)
fabél
b)
parabél
c)
sasakala
d)
sagé
e)
mite
17.
Anonim dina ciri-ciri dongéng nyaéta …
a)
Sumebarna sacara lisan
b)
Sumebarna sacara tinulis
c)
Kanyahoan anu ngarangna
d)
Teu kanyahoan saha anu ngarangna
e)
Ngabogaan amanat
18.
Dongéng sasakala anu asalna ti Kabupatén Cirebon …
a)
Sasakala Setu Patok
b)
Sasakala Situ Bagendit
c)
Sasakala Situ Ciburuy
d)
Sasakala Situ Paténggang
e)
Sasakala Situ Cileunca
19.
Anu kaasup kana conto fabél nyaéta …
a)
Sasakala Talagawarna
b)
Dongéng Kéan Santang
c)
Si Kabayan Ngala Tutut
d)
Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét
e)
Nyi Roro Kidul
20.
Conto kalimah anu nuduhkeun amanat nyaéta …
a)
Teu burung papanggih kabagjaan Dayang Sumbi jeung Si Tumang téh
b)
Waktu keur aya di jero leuweung, raja teu kiateun hoyong kahampangan
c)
Jadi jalma ulah sok gedé hulu bisi kitu akibatna
d)
Teu lila manéhna nginum cai nguyumbang dina batok
e)
Sayidina Ali leumpang ngadeukeutan Prabu Borosngora
21.
Rumpaka kawih téh saenyana mah sarua jeung sajak pédah sok dihaleuangkeun. Ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur lahir rumpaka kawih, nyaéta …
a)
Téma
b)
Tipografi
c)
Gaya basa
d)
Purwakanti
e)
Imaji
22.
Pangaruh kecap ka nu maca atawa ngaregepkeun kawih nyaéta …
a)
Tipografi
b)
Diksi
c)
Imaji
d)
Figuratif
e)
Purwakanti
23.
Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah nyaéta …
a)
Tipografi
b)
Diksi
c)
Imaji
d)
Figuratif
e)
Purwakanti
24.
Poko pikiran anu aya dina rumpaka kawih nyaéta …
a)
Jejer
b)
Rasa
c)
Wirahma
d)
Purwakanti
e)
Amanat
25.
Sikep pangarang ka nu maca nyaéta …
a)
Jejer
b)
Rasa
c)
Wirahma
d)
Purwakanti
e)
Amanat
26.
Ieu di handap mangrupa conto tina kawih, iwal …
a)
Manuk Dadali
b)
Oray-orayan
c)
Dua Lalaki
d)
Mobil Butut
e)
Tanah Sunda
27.
Ieu di handap mangrupa conto tina kawih nyaéta …
a)
Mangari
b)
Rakitan Pakuan
c)
Goyong
d)
Es Lilin
e)
Asmarandana
28.
Nu kaasup kana kawih wanda anyar, iwal …
a)
Bubuy Bulan
b)
Mojang Priangan
c)
Bajing luncat
d)
Domba Kuring
e)
Banjar Sinom
29.
Ieu di handap mangrupa ciri-ciri kawih, iwal …
a)
Saluyu jeung patokan pupuh
b)
Kaasup kana seni sora
c)
Mangrupa salah sahiji karya sastra
d)
Taya ketukan
e)
Miboga ketukan
30.
Ieu di handap nu kaasup kana conto kakawihan nyaéta …
a)
Pacicipoci
b)
Hompipah
c)
Eundeuk-eundeukan
d)
Paciwit-ciwit Lutung
e)
Pangapungan
31.
Dumasar sempalan kawih di luhur, purwakanti pada kahiji nyaéta …
a)
u-i-u-i
b)
i-a-i-a
c)
a-a-a-a
d)
Bandung-Cipaganti-Bararingung-Ngajadi
e)
Munding- Saputangan-Teuing-Jungjunan
32.
Dumasar sempalan kawih di luhur, purwakanti pada kadua nyaéta …
a)
u-i-u-i
b)
i-a-i-a
c)
a-a-a-a
d)
Bandung-Cipaganti-Bararingung-Ngajadi
e)
Munding- Saputangan-Teuing-Jungjunan
33.
Dumasar sempalan kawih di luhur, jumlah padalisan dina pada katilu nyaéta …
a)
3
b)
4
c)
5
d)
6
e)
7
34.
Dumasar sempalan kawih di luhur, tipografi lirik kawihna dina wangun …
a)
paparikan
b)
rarakitan
c)
wawangsalan
d)
papantunan
e)
tatarucingan
35.
Dumasar rumpaka kawih di luhur, judul lagu kawihna nyaéta …
a)
Mawar Bodas
b)
Domba Kuring
c)
Balad Désa
d)
Dulur Lembur
e)
Kebon Kuring
36.
Jumlah padalisan nu aya dina kawih di luhur nyaéta aya … padalisan.
a)
10
b)
11
c)
12
d)
13
e)
14
37.
Dumasar sempalan kawih di luhur, judul kawihna nyaéta …
a)
Mawar Bodas
b)
Domba Kuring
c)
Rungkad
d)
Runtah
e)
Mojang Geulis
38.
Jumlah padalisan nu aya dina éta sempalan nyaéta …
a)
5
b)
6
c)
7
d)
8
e)
9
39.
Nu nyiptakeun éta kawih téh nyaéta …
a)
Doel Sumbang
b)
Darso
c)
Sule
d)
Nining Meida
e)
Bungsu Bandung
40.
Amanat tina éta sempalan kawih téh nyaéta …
a)
Ulah jadi jelema sombong
b)
Kudu bisa jaga diri jadi awéwé
c)
Ulah Adigung
d)
Kudu bisa mawas diri
e)
Kudu leuwih bersyukur hirup téh
Reset
