wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS Bahasa Sunda Kelas 6

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Dina karangan carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal....

a)

galur

b)

latar

c)

wirahma

d)

palaku

2.

Kecap nu teu ngandung rarangken tengah -ar-, nyaeta....

a)

arindit

b)

jaragjag

c)

baralik

d)

karadak

3.

"Lina teh sakolana geus kelas VI" Kalimah pananya anu cocok keur eta jawaban, nyaeta....

a)

Dimana Lina teh sakolana?

b)

Sok kana naon Lina teh indit sakolana?

c)

Kelas sabaraha Lina teh sakolana?

d)

Saha nu geus sakola kelas VI teh?

4.

Kalimah di Handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaeta....

a)

Hayu ah urang ucing sumput.

b)

Barudak kelas VI keur diajar basa Sunda.

c)

Iraha kang Ajat Sumpingna?

d)

Doni, Pangnyandakeun buku di perpustakaan!

5.

Dawegan teh keur meujeuhna (leho).

a)

lehoan

b)

lelehoan

c)

ngaleho

d)

lumeho

6.

Di handap ieu kecap-kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning, iwal....

a)

mungguhing

b)

kersaning

c)

ceceting

d)

bakating

7.

Di handap ieu nu lain kalimat aktif, nyaeta....

a)

Mang Nana keur ngala buah.

b)

Kang Dudung meuncit hayam.

c)

Bapa ngala lauk di balong.

d)

Jang Adang kacugak paku.

8.

... ku puyeng, Ma Icih ngagubrag.

Kecap nu merenah keur ngisisan titik-titik eta kalimah nyaeta....

a)

aya

b)

bakating

c)

lamun

d)

najan

9.

Lanceukna indung/bapa disebutna....

a)

bibi

b)

paman

c)

ua

d)

suan

10.

Di handap ieu anu kaasup kana kalimah parentah, nyaeta....

a)

Ade, geura ibak!

b)

Mah, nyuhunkeun kueh!

c)

Aduh, Sampean abdi titaong

d)

Urang mios ayeuna, yu!

11.

Anu kaasup kana kalimah panyarek, nyaeta....

a)

Mangga kalebet, pa!

b)

Mugia urang sadayana lulus!

c)

Wan, nambut pamupus!

d)

Teukenging ameng didinya!

12.

Pasemonna mani marahmay.

babasan tina marahmay, nyaeta....

a)

gede hulu

b)

hampang birit

c)

amis budi

d)

haseum budi

13.

Babasan bodo alewoh hartina....

a)

bodo pisan

b)

bodo tapi daek tatanya

c)

bodo katotoloyo

d)

bodo lantaran kedul

14.

Di hadap ieu kecap serepan tina bahasa Perancis nyaeta....

a)

diploma

b)

amplop

c)

lomari

d)

dasi

15.

di handap ieu anu teu kaasup kana istilah teknologi, nyaeta....

a)

hateup

b)

kulkas

c)

parabola

d)

satelit

16.

manehna teh jadi kiper lantaran....

a)

nyepak pinalti

b)

ngajaga gawang

c)

maju ka hareup

d)

pamaen sayap

17.

cai eueut teh lamun hayang tiis mah kudu disimpen dina....

a)

bupet

b)

lomari

c)

kulkas

d)

termos

18.

Di handap ieu alat-alat nu ngagunakeun listrik, iwal....

a)

radio

b)

TV

c)

komputer

d)

jam dinding

19.

Angklung teh dijieuna tina....

a)

kai

b)

awi

c)

parunggu

d)

kuningan

20.

"Wawan mah beurat birit"

Beurat birit hartina....

a)

babari dititah

b)

hese dititah

c)

eraan

d)

sieunan

21.

Tulis conto kalimah aktif !

4 lines
22.

Tulis conto kalimah pasif !

4 lines
23.

Jieun conto kalimah panyarek !

4 lines
24.

Jieun conto kalimah panyaram !

4 lines
25.

Jieun hiji pantun make basa sunda !

4 lines