wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS GANJIL BAHASA SUNDA KELAS X

Total questions: 50

Worksheet time: 50mins

Name
Class
Date
1.
Hiji bukti anu eusina mangrupa sagala rupa atawa sagala hal nu aya patalina jeung hiji kagiatan anu geus réngsé dilaksanakeun disebut ...  
a)
Wawancara
b)
Laporan kagiatan
c)
Warta
d)
Carita pangalaman
e)
Biantara
2.
Kaasup kana hiji tulisan dina ragam tulisan resmi, laporan kagiatan ngabogaan struktur anu maneuh ( pasti ) nya éta ...
a)
Waktu - tempat - pamilon
b)
Bubuka – waragad - eusi
c)
Waktu – waragad – panutup
d)
Tempat – waragad - pedaran
e)
Bubuka – eusi - panutup
3.
Struktur tina laporan kagiatan anu eusina mangrupa panganteur pikeun mawa anu maca kana pasualan naon anu rék dilaporkeun, nerangkeun naon-naon wae anu jadi kasang tukang diayakeunana hiji kagiatan, sarta rasa sukur yén hiji kagiatan réngsé dilaksanakeun nya éta ...
a)
Bubuka
b)
Eusi
c)
Panutup
d)
Kacindekan
e)
Waragad
4.
Sakumna kagiatan umumna lumangsung kalawan lungsur-langsar luyu jeung rarancang anu geus dijieun saméméhna. Panitia ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu geus ngarojong kana ieu kagiatan. Ungkara ieu biasana bakal kapanggih dina salah sahiji struktur laporan kagiatan anu mangrupa ...
a)
Pamungkas
b)
Eusi
c)
Bubuka
d)
Panutup
e)
Kacindekan
5.
Sawatara hal anu diwincik dina bagéan eusi tina laporan kagiatan diantarana nya éta ...
a)
Kasang tukang, jeung tujuan
b)
Waktu, pamilon, jeung waragad
c)
Kacindekan, saran jeung kritik
d)
Manfaat, tujuan, jeung kasang tukang
e)
Kacindekan jeung pamilon
6.
Nyéwa alat sound system 1 sét Rp 500.000, dokuméntasi 1 pakét Rp 300.000, hadiah 1 pakét Rp 1.000.000, konsumsi 1 paket Rp 500.000, dékorasi 3 pakét Rp 600.000. Total Rp 2.900.000. Aya sésa saldo gedéna Rp 100.000 disimpen kana kas OSIS. Pedaran ieu biasa diwincik dina laporan kagiatan anu disebut ...
a)
Kasang tukang
b)
Pamilon
c)
Tujuan
d)
Kacindekan
e)
Waragad
7.
Di handap ieu kaasup kana rupa-rupa kadaharan atawa rupa-rupa kaolahan urang Sunda, kajaba ...
a)
Awug, bacang, dodol
b)
Kerak telor, ketoprak
c)
Leupeut, nagasari, kelepon
d)
Kupat tahu, bugis, surabi
e)
Ali agrem, putri noong, gegetuk
8.
Basa anu biasa dipaké dina nyusun hiji laporan kagiatan nya éta basa ...
a)
Lemes keur ka saluhureun
b)
Lemes keur ka sorangan
c)
Loma
d)
Pergaulan
e)
Baku
9.
Di handap ieu kalimah anu merenah pikeun nutup hiji laporan kagiatan nya éta ...
a)
Panitia ngahaturkeun nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngarojong kagiatan ieu.
b)
Kagiatan ieu dilaksanakeun kaping 12 Désémbér 2019 di Aula SMA Pasundan 1 Cimahi.
c)
Pamilon dina kagiatan pasanggiri ieu sadayana aya 35 jalmi ti sababaraha sakola.
d)
Dina raraga miéling Poé Basa Indung, OSIS SMA Pasundan 1 Cimahi ngayakeun pagelaran Seni Sunda.
e)
Kagiatan pagelaran ieu lumangsung kalawan dibagi jadi tilu rintakan atawa tilu babak.
10.
Di handap ieu mangrupa salah sahiji anu jadi inti kagiatan dina nyusun laporan ngolah salah sahiji kadaharan khas urang Sunda, kajaba ...
a)
Kasang tukang ngolah kadaharan khas urang Sunda
b)
Mangpaat ngolah kadaharan khas urang Sunda
c)
Tujuan ngolah kadaharan khas urang Sunda
d)
Biaya anu diperlukeun upama ngolah salah sahiji kadaharan khas urang Sunda
e)
Ngadata jenis-jenis kaolahan atawa kadaharan khas urang Sunda
11.
Sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda bisa disebut mangrupa ...
a)
Sajak
b)
Kawih
c)
Pupuh
d)
Opera
e)
Musikalisasi puisi
12.
Ditilik tina strukturna, kawih kaasup kana jenis karangan dina wangun ...
a)
Drama
b)
Sajak
c)
Dongéng
d)
Non fiksi
e)
Carita
13.
Kawih mangrupa karangan anu kauger ku patokan-patokan anu pasti diantarana diwangun ku ...
a)
Sababaraha pada
b)
Sababaraha paragraf
c)
Sababaraha babak
d)
Sababaraha adegan
e)
Sababaraha sési
14.
Kawih anu kauger ku patokan-patokan pupuh disebut ...
a)
Kawih pop
b)
Tembang
c)
Kakawihan
d)
Kawih klasik
e)
Pupujian
15.
Dumasar kana eusi rumpakana atawa lirikna, kawih aya nu disebut kawih klasik jeung kawih pop. Ciri utama tina kawih klasik biasana rumpakana diwangun ku ...
a)
Sisindiran
b)
Wawangsalan
c)
Pupuh
d)
Paribasa
e)
Babasan
16.
Pola rumpaka dina kawih klasik biasana mibanda pola ...
a)
a – b – b – a
b)
a – a – a – a
c)
a – b – a – b
d)
a – a – b – b
e)
b – b – b – b
17.
Oray-orayan luar-léor mapay sawah, entong ka sawah paréna keur sedeng beukah. Oray-orayan luar-léor ka kebon, ulah ka kebon loba barudak keur ngangon. Mending ka leuwi, di leuwi loba nu mandi, saha nu mandi, anu mandina pandeuri. Ditilik tina eusi rumpakana, rumpaka kawih ieu kaasup kana wangun ...
a)
Kawih pop
b)
Kawih klasik
c)
Tembang
d)
Lagu Sunda
e)
Kakawihan
18.
Judul kawih nu kaasup kana kawih klasik dina ragam kawih Sunda diantara nya éta ...
a)
Manuk Dadali
b)
Mojang Priangan
c)
Sorban Palid
d)
Karatagan Pahlawan
e)
Peuyeum Bandung
19.
Padeukeutna sora dina tungtung kecap atawa kalimah dina rumpaka kawih disebut ...
a)
Purwakanti
b)
Nada
c)
Wirahma
d)
Guru wilangan
e)
Guru lagu
20.
Aya sababaraha unsur nu dijadikeun struktur téks dina rumpaka kawih anu ngawengku kana hal-hal mangrupa ...
a)
Diksi, purwakanti, makna kecap
b)
Pada, padalisan, guru lagu
c)
Wirahma, nada, éksprési
d)
Cangkang jeung eusi
e)
Géstur jeung paroman
21.
Sempalan rumpaka kawih di handap ieu nu ngabogaan makna konotatif nya éta ...
a)
... Hujan angin dor-dar gelap taya tempat keur ngiuhan ...
b)
... Dina amparan sajadah abdi sumujud pasrah ...
c)
... Manuk dadali manuk panggagahna perlambang sakti Indonésia jaya ...
d)
... Bubuy bulan bubuy bulan sangray béntang panon poé panon poé disasaté ...
e)
... Diraksukan kabaya nambihan cahayana dangdosan sederhana mojang Priangan ...
22.
Harti kecap anu maknana nuduhkeun kana harti séjén pikeun ngawakilan figur jalma, atawa hartina ngandung harti injeuman disebut harti ...
a)
Konotatif
b)
Dénotatif
c)
Saujratna
d)
Saenyana
e)
Sabenerna
23.
Salian diwangun ku unsur-unsur nu kaasup kana struktur téks, dina rumpaka kawih ogé sok leubeut ku ungkara-ungkara kecap nu ngandung gaya basa métafora. Di handap ieu nu teu kaasup kana ungkara nu ngandung gaya basa métafora nya éta ...
a)
Hirup téh lir ibarat lautan ombak
b)
Bandung siga ngagupayan
c)
Diri nu lamokot ku dosa nyanggakeun sadaya-daya
d)
Angin peuting kawas ngaharéwos nepikeun katugenah nu ngancik na ati
e)
Anjeun datang dina lamunan lir kalangkang nu némbongan unggal usik
24.
Di handap ieu nu kaasup kana kecap-kecap panyambung babandingan diantarana nya éta ...
a)
Siga, kawas, ibarat
b)
Tapi, sanajan, téh
c)
Lir, jadi, atuh
d)
Ibarat, tapi, ngan ukur
e)
Jadi, matakna, kawas
25.
Rumpaka kawih téh aya nu ditulis/dikarang maké puisi bébas, puisi sair, jeung puisi sisindiran. Judul kawih di handap nu ditulis atawa diwangun maké puisi sisindiran nya éta ...
a)
Karatagan Pahlawan
b)
Pileuleuyan
c)
Manuk Dadali
d)
Badminton
e)
És Lilin
26.
Nilik kana musik pamirigna, cara ngahaleuangkeunana, jeung wangun rumpakana, kawih nu judulna Mawar Bodas téh bisa digolongkeun kana ...
a)
Kakawihan
b)
Kawih pop
c)
Kawih degung
d)
Kawih klasik
e)
Tembang Sunda
27.
Amanat nu hayang ditepikeun ku pangarang ngaliwatan eusi tina rumpaka kawih nu judulna Mawar Bodas téh nya éta ...
a)
Ulah sok nyieun gara-gara lantaran bogoh ka awéwé
b)
Ulah indit-inditan lamun cuaca keur hujan angin bari dor-dar gelap
c)
Ulah néangan kembang anu rupana siga mawar bodas
d)
Ulah néangan panyakit ku micinta awéwé anu can tangtu bogoh ka urang
e)
Ulah nyeri haté lamun kahayang urang henteu laksana
28.
Nu dimaksud motif dina gaya basa métafora téh nya éta ...
a)
Inti atawa hal anu dibandingkeun jeung unsur lianna
b)
Unsur nu jadi babandingan tina hiji hal
c)
Makna atawa harti nu dipimaksud tina gaya basa métafora
d)
Kecap nu digunakeun pikeun ngabandingkeun
e)
Kecap pikeun nétélakeun babandingan antara pabanding jeung pangbanding
29.
Sacara étimologis, asal kecap métafora téh nya éta tina basa ...
a)
Yunani
b)
Walanda
c)
Inggris
d)
Sanskerta
e)
Kawi
30.
(1)Peuyeum Bandung kamashur (2)Pangaosna teu luhur (3)Ku sadaya kagaleuh (4)Sepuh jeung murangkalih. Tina sempalan rumpaka kawih Peuyeum Bandung ieu bisa katingali aya sababaraha padalisan anu purwakanti, nya éta ...
a)
Padalisan 1 jeung padalisan 2
b)
Padalisan 1 jeung padalisan 3
c)
Padalisan 1 jeung padalisan 4
d)
Padalisan 2 jeung padalisan 4
e)
Padalisan 2 jeung padalisan 3
31.
Anjeun datang dina lamunan lir kalangkang nu némbongan unggal usik. Tina kalimah ieu, nu jadi pabanding diwengku ku kecap ...
a)
Anjeun
b)
Lamunan
c)
Kalangkang
d)
Némbongan
e)
Datang
32.
Dina kalimah nu aya dina nomer 31, kecap nu kaasup kana pangbanding nya éta kecap ...
a)
Dina
b)
Lir
c)
Unggal usik
d)
Datang
e)
Kalangkang
33.
Dangdaunan kawas gugupay ka kuring nu nineung ka anjeun. Kecap panyambung babandingan dina kalimah di luhur nya éta ...
a)
Kawas
b)
Gugupay
c)
Kuring
d)
Dangdaunan
e)
Nineung
34.
Saenyana mah dina kawih téh aya tembang, dina tembang téh aya kawih. Maksud tina ungkara ieu téh nya éta ...
a)
Kawih jeung tembang téh sarua kénéh teu aya bédana
b)
Kawih jeung tembang téh kaasup kana musik klasik
c)
Kawih jeung tembang téh sarua dihaleuangkeun boh maké birama atawa témpo
d)
Kawih mah ditembangkeun lamun tembang dikawihkeun
e)
Kawih jeung tembang téh sok disingget jadi katem, nya éta kawih tembang
35.
Rumpaka kawih anu matok kana pola pupuh disebutna ...
a)
Kawih klasik
b)
Kawih pop
c)
Tembang
d)
Kawih kaulinan barudak
e)
Pupujian
36.
Kalimah anu paling merenah di handap ieu dumasar kana undak-usuk basana nyaéta …
a)
Kuring mah wangsul sakola téh sok ngadon nyimpang heula ka warung seblak langganan.
b)
Ari manéh iraha datang ti Jakarta? Kuring asa teu apal inditna ogé.
c)
Indung urang mah keur udur, matak teu bisa datang ka sakola nyokot rapot.
d)
Pun bibi geus lila pindah rorompokna ti Cimahi ka Cibiru.
e)
Abdi mah tuang ogé sakasampeurna, maklum nuju riweuh pisan kagiatan di sakola.
37.
Kecap-kecap nu kaasup kana ragam basa lemes keur sorangan nyaéta …
a)
Mulih-dongkap-sumping
b)
Tuang-bumi-angkat
c)
Rorompok-mios-neda
d)
Tuang-kulem-bantun
e)
Bumi-teu damang- nyandak
38.
Kecap wangsul upama dilarapkeun kana kalimah nu merenah nyaéta …
a)
Pun bapa nembé wangsul ti Bandung.
b)
Kuring wangsul ti sakola jam 15.00.
c)
Ibu guru mah wangsul ti sakola langsung ngajemput putrana di Play Group.
d)
Abdi nembé wangsul ti Tasik téh pas bada magrib pisan.
e)
Sim kuring karék wangsul ti imah babaturan téh bieu.
39.
Nu disebut ragam basa loma téh mangrupa basa atawa kekecapan nu biasa digunakeun dina obrolan sapopoé jeung jalma anu dianggap geus akrab, contona dina kalimah di handap ieu …
a)
Indung manéh geus sumping can ?
b)
Urang mah moal bisa saré lamun can dahar heula téh !
c)
Lanceuk urang kamari karék mulih ti bumi uwa.
d)
Manéh geus neda atawa acan ?
e)
Abdi mah sok karagok mun ulin ka imah Si Uli téh !
40.
Kalimah nu kaasup kana ragam basa lemes keur ka saluhureun dina kalimah di handap ieu nyaéta …
a)
Pun biang angkat ka pasar téh saatos netepan subuh.
b)
Sim kuring parantos mios ka sakola tabuh setengah 7 mah.
c)
Bapa nuju neda di ruang makan nyarengan pun Aki.
d)
Kamari abdi pendak sareng tuang rama di rorompok pun paman.
e)
Naha Ema teu acan mondok kénéh sangkilang tos wengi kieu ?
41.
Anu teu kaasup kana kecap - kecap basa Sunda serepan tina basa Arab , nyaéta ....
a)
abdi
b)
iman
c)
agama
d)
takwa
e)
ahlak
42.
Aya carita " Nyi Roro Kidul " sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup dongéng ..
a)
parabel
b)
légenda
c)
sage
d)
mite
e)
babad
43.
leu di handap anu henteu kaasup kana ciri - ciri dongéng , nyaéta
a)
sakabéh eusi caritana bohong
b)
teu jelas nu ngarangna ( anonim )
c)
sumberna tatalèpa sacara lisan
d)
ngandung unsur - unsur pamohalan
e)
awalna kagolong kana sastra lisan
44.
Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana waé , nyaéta ....
a)
Raja kahampangan dina balokéng.
b)
Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang.
c)
Sangkuriang nyieun parahu.
d)
Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang .
e)
Sangkuriang saenyana anak raja.
45.

Jadi budak mah kudu bodo alewoh, lamun teu bisa kudu daek ....

a)

Tatanya

b)

Nyontek

c)

Usaha

d)

Lumpat

e)

Ngajawab

46.

"Hadirin anu dipihormat, dampak virus corona kacida gedena pikeun kahirupan urang. Ku kituna hayu urang sadaya ngalawan ku cara rajin nagjaga kebersihan jeung kasehatan diri ." Kalimah di luhur kaasup kana bagian ..... tina biantara

a)

Pamuka

b)

Salam pamuka

c)

Eusi biantara

d)

Panutup

e)

Salam panutup

47.

Kalimah nu mangrupa bubuka dina biantara, nyaeta .....

a)

Wilujeng enjing, Assallamu'allaikum wr. wb. puji sareng syukur ka Alloh SWT nu parantos masihan kanikmatan di dunya.

b)

Dina raraga mieling Hari Pramuka tanggal 14 Agustus 2017 kamari, diayakeun kagiatan kemping di Bumi Perkemahan Cibubur.

c)

Mudah-mudahan biantara ti abdi tiasa ngaronjatkeun pangaweruh saderek sadaya pikeun kasehatan lingkungan. Hatur nuhun kasadayana, Wassalamu'alaikum wr. wb.

d)

Dina danget ayeuna, urang medar ngeunaan kasehatan lingkungan.

e)

Karuhun urang teh disebutna nini moyang anu ngarundaykeun urang. Dina hirup kumbuhna, karuhun urang ninggalkeun banda budaya saperti seni, tradisi, jeung baran-barang pusaka.

48.

Otobiografi nyaritakeun tentang . .. . .

a)

Riwayat hirup sorangan

b)

Riwayat hirup batur

c)

Riwayat hirup babaturan

d)

Riwayat hirup pun bapak

e)

Riwayat hirup pun biang

49.

Dongeng mangrupa salah sahiji carita...

a)

Fiksi

b)

Non Fiksi

c)

Ilmiah

d)

Berita

e)

Laporan Kagiatan

50.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta…

a)

Sakabéh caritana bohong

b)

Teu jelas saha nu ngarangna

c)

Sumbérna tatalépa sacara lisan

d)

Ngandung unsur-unsur pamohalan

e)

Aya anu ngarangna