Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSAT B.SUNDA KLS XI 23-24

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Jalma anu parigel dina biantara disebut...

a)

Orator

b)

Deklarator

c)

Penceramah

d)

Proklamator

2.

Proklamator Indonesia

a)

Soekarno Hatta

b)

Muhammad Hatta

c)

Moh Yamin

d)

Soeharto

3.

Wangsalna "korma" Ari cangkangnya nyaéta...

a)

Catetan bulan jeung taun, juragan menak utami

b)

Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran

c)

Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing

d)

Gedang atah keur lumayung,engkang mah jelema ginding

4.

"Teu beunang dihurang sawah,teu beunang dipikameumeut"

Wangsalna nyaéta...

a)

Simeut

b)

Kungkang

c)

Lembing

d)

Papatong

5.

Jago tinju légéndaris, dilali-lali teu lali

Wangsalna nyaéta...

a)

Tali

b)

Lali

c)

Muhammad Ali

d)

Laris

6.

"Budak dugul ditato" mangrupakeun tatarucingan nu eusina....

a)

Endog puyuh

b)

Endog hayam

c)

Endog meri

d)

Endog éntog

7.

Kecap bulak-balik, gulang-guling mangrupakeun wangun kecap...

a)

Dwimurni

b)

Dwipurwa

c)

Dwiréka

d)

Dwimadya

8.

Kecap kuda-kuda, guru-guru mangrupakeun wangun kecap...

a)

Dwimurni

b)

Dwipurwa

c)

Dwiréka

d)

Dwimadya

9.

Kecap tatajong, sésépak mangrupakeun wangun kecap...

a)

Dwimurni

b)

Dwipurwa

c)

Dwiréka

d)

Dwimadya

10.

Kecap sababaraha, sajajalan mangrupakeun wangun kecap...

a)

Dwimurni

b)

Dwipurwa

c)

Dwiréka

d)

Dwimadya

11.

Nu henteu kaasup kana gaya biantara , nyaéta lagam ...

a)

Réligius

b)

Agiator

c)

Konversasi

d)

Akurasi

12.

Bagian bubuka tina biantara, nyaéta nepikeun...

a)

Ucapan hatur nuhun

b)

Muji syukur ka Gusti Alloh

c)

Ucapan du'a

d)

Ucapan ménta dihampura

13.

Pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, katitén tina ngaran ...

a)

Patempatan

b)

Jalma

c)

Kadaharan

d)

Inuman

14.

Dina tradisi masarakat Sunda béh ditu, jalma nu ngatur cai di sawah disebutna...

a)

Panghulu

b)

Irigasi

c)

Lebé

d)

Ulu-ulu

15.

Kacapangan leuweung dibukbak hirup bakal balangsak ngandung harti...

a)

Leuweung teh tempat kakaian anu ngahasilkeun hawa beresih

b)

Leuweung teh tempat sasatoan anu hirup bebas

c)

Lamun leuweung dibukbak, sato-sato leuweung daratang ka lembur

d)

Ulah ngabukbak leuweung, lantaran di leuweung loba kakaian anu jadi sumber cai

16.

Caringcing pageuh kancing,saringset pageuh iket ngandung harti...

a)

Kudu maké pakéan anu alus tur rapih

b)

Saged atawa siap nyanghareupan pagawéan

c)

Kudu maké baju anu aya kancingan, ulah ku seléting

d)

Kudu maké baju jeung calana pangsi katut iket

17.

Kagiatan ngadu pamadegan (argumentasi) disebutna ...

a)

Sawala

b)

Debat

c)

Rempugan

d)

Rapat

18.

Panumbu catur sok disebut ogé...

a)

Orator

b)

Moderator

c)

Kurator

d)

Kolektor

19.

Wanda debat nu sok dipasanggirikeun nyaéta debat...

a)

Pasanggiri

b)

Kompetitif

c)

Parlemen

d)

Anggota legislatif

20.

Karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranna pondok,disebutna...

a)

Fikmin

b)

Romanse

c)

Novelét

d)

Carpon

21.

Anu henteu kaasup kana unsur-unsur carita dina carpon, nyaéta...

a)

Téma

b)

Rasa

c)

Palaku

d)

Latar

22.

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita disebut ...

a)

Téma

b)

Rasa

c)

Palaku

d)

Latar

23.

Cara nu dipaké ku pangarang minangka sarana pikeun midangkeun carita,disebut ...

a)

Téma

b)

Puseur sawangan

c)

Galur

d)

Latar

24.

Runtuyan kajadian dina carita,disebut ...

a)

Téma

b)

Puseur sawangan

c)

Galur

d)

Latar

25.

Nu teu kaasup kana kalimah pasif, nyaéta...

a)

Manéhna diajar ngawih di sanggar

b)

Adang katarajang kasakit panas

c)

Mang Kurdi kadupak béca

d)

Manuk diparaban ku kuring

26.

Kagiatan ngébréhkeun pamadegan ngeunaan hiji perkara disebut...

a)

Diskusi/sawala

b)

Debat

c)

Rapat

d)

Panél

27.

Ungkara basa anu nyumputkeun maksud anu saenyana ku nyebut kecap anu padeukeut maksudna,disebut

a)

Sisindiran

b)

Tatarucingan

c)

Wawangsalan

d)

Rarakitan

28.

Kaulinan anu mangrupa pananya anu jawabanana kudu diteguh,disebut...

a)

Sisindiran

b)

Tatarucingan

c)

Wawangsalan

d)

Rarakitan

29.

Omongan anu dibalibirkeun atawa henteu togmol,disebut...

a)

Sisindiran

b)

Tatarucingan

c)

Wawangsalan

d)

Rarakitan

30.

Catetan bulan jeung taun,

Juragan ménak Utami

Wangsalna...

a)

Jeruk

b)

Almenak

c)

Eurih

d)

Léptop

31.

Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting disebutna....

a)

Ceramah

b)

Hutbah

c)

Biantara

d)

Kampanye

32.

Naskah siaran teu meunang ngahina dual SARA. Ieu di handap anu lain panjangna tina SARA, nyaéta ...

a)

Suku

b)

Agama

c)

Rasa

d)

Antargolongan

33.

Karangan rékaan dina ngawangun lancaran ( prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompleks) disebut...

a)

Carpon

b)

Cartibag

c)

Dongeng

d)

Novel

34.

Tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma, disebutna ...

a)

Geografi

b)

Monografi

c)

Biografi

d)

Paléografi

35.

Hal-hal nu teu kaasup kana eusi biografi, nyaéta...

a)

Kakayaan jeung harta banda anu dipiboga

b)

Ngaran, tempat, titimangsa lahir, jeung kulawarga

c)

Cita-cita jeung pangalaman atikan

d)

Pangalaman gawé jeung organisasi

36.

Ungkara "Taun 1932, Ukar Bratakusuma lulus ti AMS" kaasup kana kalimah...

a)

Wawaran

b)

Pananya

c)

Panyeluk

d)

Paréntah

37.

Lentong kalimah anu salasahiji engangna dikedalkeun luhur-handap tur panjang-pondok, disebut aksén....

a)

Tonis

b)

Dinamis

c)

Témporal

d)

Lokatif

38.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana jasa-jasa Radén Dewi Sartika nyaéta...

a)

Ngadegkeun "Sakola Kautamaan Istri"

b)

Milu bajuang ngalawan pangjajah Walanda

c)

Nyusun buku ngeunaan kalungguhan wanoja Sunda

d)

Ngabéla hak jeung kalungguhan wanoja Sunda

39.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel, nyaéta...

a)

Karangan non-fiksi

b)

Tokohna loba

c)

Alurna panjang

d)

Latarna laluasa

40.

Kalimah ieu dihandap nu ngandung kecap rajékan dwiréka nyaéta...

a)

Hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah

b)

Guru-guru karumpul di lapang Gasibu

c)

Buah di pipir imah téh plak-pilk-pluk raragragan

d)

Manéhna poé kamari bulak-balik Bandung -Jakarta