Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAS Bahasa Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 42mins

Name
Class
Date
1.

Wa Dudi téh guru SMP, . . . matematika.

a)

ngawulangkeun

b)

nepikeun

c)

diwulang

d)

ngulangkeun

2.

    Hawana téh tiris pisan, matak . . . .

a)

ngadégdég

b)

  ngalempréh

c)

  ngahodhod

d)

ngagibrig

3.

    Ku video call mah nelepon téh lain ngan sauku kadéngé sora, tapi urang siga pahareup-hareup ngaliwatan gambar video tina kaméra.

Dina kalimah di luhur aya kecap video call, nyaéta salah sahiji kecap anu kaasup istilah . . . .

a)

kaagamaan

b)

kasehatan

c)

kasenian

d)

teknologi

4.

Anu kaasup istilah téknologi anu patali jeung media sosial nyaéta . . . .

a)

download

b)

email

c)

laptop

d)

status

5.

Upload ngandung harti . . . .

a)

nyokot atawa nyedot data

b)

ngunggah data

c)

néangan informasi

d)

surat éléktronik

6.

Téma atawa masalah anu nyebar kacida gancangna ngaliwatan média sosial harti tina istilah . . . .

a)

cybercrime

b)

hoax

c)

status

d)

viral

7.

Di handap ieu kecap-kecap anu kaasup istilah teknologi anu patali jeung pakakas, iwal . . . .

a)

browsing

b)

kabel data

c)

laptop

d)

mouse

8.

Simpen datana kana . . ., urang alihkeun ka komputer Bapa.

a)

handphone

b)

flashdisk

c)

laptop

d)

server

9.

    Dokumén laporan téh ku Pa Guru dikirim maké . . . .

a)

    blog

b)

  email

c)

   messenger

d)

   flashdisk

10.

Informasi ngeunaan globalisasi téh loba pisan, . . . dina internét.

a)

browsing

b)

email

c)

upload

d)

streaming

11.

Sanajan keur di jalan, bapa bisa nongton Persib . . . dina internét.

a)

youtube

b)

download

c)

streaming

d)

upload

12.

   Mun ngetikna geus bérés mah kari dicitak dina . . . .

a)

blog

b)

email

c)

google

d)

printer

13.

  Kadé ayeuna mah loba berita . . ., ulah sok langsung percaya.

a)

hoax

b)

medsos

c)

portal

d)

status

14.

Manéhna bisa meunang . . . ngeunaan lemburna sorangan sabada muka Googel Earth.

a)

laratan

b)

bubuhan

c)

susuganan

d)

noongan

15.

Mun urang internétan, omat ulah . . . .

a)

kasuhudan

b)

kajongjonan

c)

kapohoan

d)

kabeneran

16.

Aya laptop ogé, Emang teu bisa makéna, ceuk alo Emang mah siga . . . .

a)

anjing tutung buntung

b)

kalapa bijil ti cungap

c)

ngojay ka girang

d)

monyet ngagugulung kalapa

17.

Ari diajar téh kudu fokus, ulah sok bari ngomé-ngomé hénpon, bisi . . . .

a)

maju jurang undur jungkrang

b)

jati kasilih ku junti

c)

cul dogdog tinggal igeul

d)

kurung batok

18.

Kadé ari mukaan internét téh lantaran loba ogé anu goréngna, ulah . . . .

a)

jati kasilih ku junti

b)

buruk-buruk papan jati

c)

kabawa ku sakaba-kaba

d)

katempuhan buntut maung

19.

Google Earth bisa ogé di paké keur néangan alamat. Mun urang hayang apal di mana pernahna Gedung Putih di Amérika, tinggal dipaluruh sarta diimeutan ngaran jalanna. Kitu deui lamun urang hayang apal jalan naon pernahna Istana Negara. Sabab, Google Earth lain baé midangkeun gambar tapi ogé méré keterangan ngaran jalan, ngaran wewengkon, ngaran gunung, atawa ngaran hiji wangunan. Kalimah anu luyu jeung eusi bacaan diluhur, nyaéta . . .

a)

Google Earth gambarna di samarkeun

b)

Google Earth nyadiakeun informasi ngeunaan ngaran-ngaran jalan

c)

Google Earth bisa dipaké néangan alamat

d)

Google Earth téh dikembangkeun ku Google Inc

20.

Variasi dina Google Earth téh nyaéta Google Map. Gambar citra satelit bisa dirobah ku urang jadi gambar kar atawa peta dua diménsi. Ku aplukahna Google, éta gambar peta téh ku urang bisa dimanfaatkeun keur mikanyaho kaayaan patalimarga. Urang bisa apal jalan mana nu keur macét, jalan mana anu lowong. Ku cara kitu, urang bisa nyingkahan macét, sarta bisa néangan jalan alternatif.

Kalimah anu luyu jeung eusi bacaan diluhur, nyaéta . . . .

a)

Gambar awal Google Earth téh mangrupa globe

b)

Varian tina Google Earth téh nyaéta Google Map

c)

Google Earth gambarna nyeplés jeung kanyataan

d)

Google Earth téh dikembangkeun ku Keyhole Inc