Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda

Total questions: 15

Worksheet time: 11mins

Name
Class
Date
1.

Kandel kulit beungeut hartina ...

a)

jalma nu daekan lamun dititah

b)

ngedul

c)

resep pindah-pindah tempat

d)

teu boga kaéra

2.

Di handap ieu kaasup kalimah aktip, iwal ...

a)

Uwa nuju nyeuseuh.

b)

Pun bapa diseratan ku bapa guru.

c)

Bu Siti nuju masak di dapur.

d)

Mang Nadi manggul cau ti kebon.

3.

Lanceukna mah jadi jalma adigung di kampungna. Arti adigung nyaéta ...

a)

sombong

b)

miskin

c)

handap asor

d)

sederhana

4.

Ngobrol dua arah silih témpas antara dua urang atawa leuwih sarta ngagunakeun kalimah langsung disébutna ...

a)

paguneman

b)

pidato

c)

paparikan

d)

carpon

5.

Jalma anu pagaweanna ngala lauk di laut nyaéta ...

a)

kuncen

b)

pamayang

c)

palika

d)

malim

6.

Anu kaasup kecap rajekan dwipurwa nyaéta ...

a)

tatajong

b)

tujang-tajong

c)

tajong-tajong

d)

ditajong

7.

Anu kaasup kecap rajekan dwiréka nyaéta ...

a)

kolot-kolot

b)

kokolot

c)

tunjak-tonjok

d)

kolot

8.

Pupuh Mijil ngabogaan waték ...

a)

gumbira

b)

amarah

c)

kaendahan

d)

sédih

9.

Guru lagu jeung guru wilangan padalisan kadua nyaeta ...

Mesat ngapung putra sang arimbi
Jeung méga geus awor
Beuki lila beuki luhur baé
Larak lirik ningali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran bimanyu

a)

6i

b)

6o

c)

6u

d)

6é

10.

Anu disébut guru wilangan di pupuh nyaéta ...

a)

jumlah éngang dina sapadalisan

b)

jumlah éngang dina sapada

c)

tungtung éngang dina sapada

d)

jumlah padalisan dina sapada

11.

Gambar eta teh ngaranna kaulinan ....

a)

oray orayan

b)

sondah

c)

gatrik

d)

encrak

12.

... nu keur nulis di papan tulis?

a)

iraha

b)

di mana

c)

kumaha

d)

saha

13.

“Maman keur teu damang,” ceuk Budi. Mangrupa conto kalimah ….

a)

teu langsung

b)

langsung

c)

panyeluk

d)

pananya

14.

Kaulinan anu makѐ bal nu dijieun tina kertas nu dikuwel-kuwel jeung potongan kentѐng disebut ...

a)

galasin

b)

sondah

c)

gatrik

d)

boy-boyan

15.

Keur hujan kieu mah raosna dahar nu ...

a)

papanas

b)

panas-panas

c)

papanasan

d)

kapanasan