wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Lat. PAS Basa Sunda

Total questions: 40

Worksheet time: 2hrs 49mins

Name
Class
Date
1.

Dina karangan carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal....

a)

palaku

b)

wirahma

c)

latar

d)

galur

2.

Karangan dina wangun prosa anu ukuranana pondok disebutna ....

a)

dongeng

b)

sketsa

c)

carpon

d)

carita wayang

3.

"Aya jalan komo meuntas", hartina .....

a)

loba pangalaman

b)

eukeur mah aya maksud turug-turug aya pijalaneunana

c)

migawè laku nu moal aya hasilna

d)

asal babareungan lila tuluy papisah

4.

Di sakola Ibnu mah "bisa ka bula ka balè", matak loba pisan babaturanna.


Harti paribasa "bisa ka bula ka balè" nyaèta .....

a)

bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan

b)

loba pangalaman

c)

pinter atawa hadè kalakuannana

d)

migawè laku nu teu diperlukeun deui

5.

Migawè laku nu moal aya hasilna.


Paribasana nyaèta .....

a)

nyiuk cai ku ayakan

b)

legok tapak gentèng kadèk

c)

sapu nyèrè pegat simpay

d)

adat ka kurung ku iga

6.

"Adat kakurung ku iga"


Paribasa diluhur hartina nya eta ....

a)

Adat atwa kalakuan goreng anu hese dirobah

b)

Sombong ku katurunan

c)

Ninggalkeun pagawean anu baku

d)

Hade omonganana

7.

“Boga dulur téh meni atah anjang, tisaprak 2 taun katukang karék datang deui”.

Harti babasan atah anjang nyaéta . . . .

a)

Rajin nganjang

b)

Tara nganjang

c)

Nganjang terus

d)

Tara saré di imah

8.

Paribasa “adéan ku kuda beureum” hartina . . . .

a)

Lampah goréng hésé leungitna

b)

Ginding ku pakéan meunang nginjeum

c)

Sagala rupa nurutkeun batur

d)

Boga élmu teu nyaho maksudna

9.

Ari jadi pamingpin mah kudu . . . sabab tangtu loba nu nempokeun.

Paribasa keur ngalengkepan kalimah nyaéta . . . .

a)

Agul ku payung butut

b)

Kandel kulit beunget

c)

Hadé gogog hadé tagog

d)

Kabawa kusakaba-kaba

10.

Kecap nu teu ngandung rarangken tengah -ar-, nyaeta....

a)

baralik

b)

jaragjag

c)

karadak

d)

arindit

11.

Di handap ieu kecap-kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning, iwal....

a)

mungguhing

b)

kersaning

c)

ceceting

d)

bakating

12.

Kecap anu maké rarangkén tengah - ar – nyaéta . . . .

a)

Nyaranyi

b)

Dalahahar

c)

Gumeulis

d)

Sinatria

13.

Kecap anu maké rarangkén tengah - um – nyaéta . . . .

a)

Kurunyung

b)

Gumasép

c)

Laleumpang

d)

Jarajan

14.

Dihandap ieu ciri-ciri pupuh durma nyaèta .....

a)

Jumlah pada teu ditangtukeun

b)

Teu ditangtukeun guru wilangan jeung guru lagu

c)

Geus ditangtukeun guru wilangan jeung guru lagu

d)

Jumlah jajaranana teu ditangtukeun

15.

jumlah engang dina unggal padalisan disebut ...

a)

pada

b)

padalisan

c)

guru wilangan

d)

guru lagu

16.

GUGURITAN KINANTI “JANGJI KURING”


Kieu rasana kaduhung

Rumasa salah di diri

Ayeuna kari erana

Indung bapa milu sedih

Batur mah ukur ngalimba

Tanggung jawab mah pribadi


Waktuna lain ngalengkur

Ayeuna kuduna singkil

Nyingkirkeun sifat leleda

Diajarna masing gasik

Ngarah aralus peunteunna

Ka indung bapa geus jangji


Dina unggal pada na aya sabaraha padalisan dina guguritan pupuh kinanti diluhur ….

a)

2

b)

6

c)

8

d)

12

17.

GUGURITAN KINANTI “JANGJI KURING”


Kieu rasana kaduhung

Rumasa salah di diri

Ayeuna kari erana

Indung bapa milu sedih

Batur mah ukur ngalimba

Tanggung jawab mah pribadi


Guru wilangan jeung guru lagu padalisan ka lima nyaeta ...

a)

12-u

b)

8-i

c)

8-a

d)

7-a

18.

Dina guguritan istilah pada sarua hartina jeung ...

a)

baris

b)

bait

c)

jajaran

d)

gundukan

19.

Lantaran kawanina R. Oto Iskandardinata téh kawentar ku jujuluk . .

a)

Si Rawing

b)

Si Jalak Harupat

c)

Ayam Jantan dari Timur

d)

Pangeran Selarong

20.

Kalimah di handap ieu anu salah nulis hurup kapital, nyaeta ....

a)

Dudi sakelas jeung Wandi

b)

Dimana bumina Pa Dedi teh?

c)

Bapa nembe mulih ti jakarta

d)

Bu Lilis nuju ngawulang basa Sunda

21.

Anu jadi harepan Raden Dewi Sartika nyaeta . . . .

a)

Wanoja sunda nu motekar

b)

Ngadegkeunnsakola kanggo istrii

c)

Pahala ti Pangeran

d)

Wanoja ngaluhuran kaom lalaki

22.

di handap ieu anu teu kaasup kana istilah teknologi, nyaeta....

a)

hateup

b)

kulkas

c)

parabola

d)

satelit

23.

Pun Bapa nuju …di payun

a)

Tuang

b)

Dahar

c)

Neda

24.

Abdi nuju …jeuk lauk hayam

a)

Tuang

b)

Dahar

c)

Neda

25.

Tèks nu mangrupa pandangan, pendapat, atau kayakinan penulis ngeunaan kana hiji persoalan disebut tèks ....

a)

Narasi

b)

Argumentasi

c)

Deskripsi

d)

Persuasi

26.

Ciri-ciri tèks argumentasi nyaèta .....

a)

Biasana ngalibatkeun tokoh

b)

Anu maca siga anu ningali atanapi ngaraos objek nu dibahas

c)

Biasana ditungtungan ku kasimpulan pikeun ngayakinkeun pendapat anu nulis

d)

Biasana aya dialog

27.

Di handap ieu anu kaasaup kana barang kamajuan téhnologi (barang hasil kemajuan teknologi) iwal (kecuali)......

a)

satelit

b)

komputer

c)

handphone

d)

méja

28.

Dewi Sartika pahlawan nu asalna ti ...

a)

Jawa

b)

Sunda

c)

Melayu

d)

Minang

29.

jumlah padalisan dina pupuh asmarandana ...

a)

5 padalisan

b)

6 padalisan

c)

7 padalisan

d)

8 padalisan

30.

guru lagu dina pupuh asmarandana di luhur ...

a)

i-a-i-a-a-i-a-i

b)

a-i-e-a-a-u-a

c)

i-a-e-a-a-i-a

d)

i-a-e-a-a-u-a

31.

guru wilangan dina padalisan katilu ...

a)

6

b)

7

c)

8

d)

9

32.

Di handap ieu anu kaasup kana istilah tehnologi, nyaeta….

(Lebih dari satu jawaban)

a)

Hateup

b)

Kulkas

c)

Parabola

d)

Satelit

33.

Jalma anu loba pangalaman paribasana nyaeta....

a)

panjang lengen

b)

Legok tapak genténg kadék

c)

Adat ka kurung ku iga

d)

Aya jalan komo meuntas

34.

Sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan

a)

sajak

b)

puisi

c)

sisindiran

d)

dongeng

e)

mantra

35.

Di handap ieu kecap - kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning iwal . . .

a)

mungguhing

b)

kersaning

c)

ceceting

d)

bakating

36.

Lanceukna indung/bapa urang disebut . . .

a)

bibi

b)

paman

c)

ua

d)

suan

37.

jumlah engang dina unggal padalisan disebut ...

a)

pada

b)

padalisan

c)

guru wilangan

d)

guru lagu

38.

di handap ieu nu lain kaasup kana patokan/aturan pupuh nyaeta ...

a)

jumlah pada dina unggal padalisan

b)

guru wilangan

c)

guru lagu

d)

watek

39.

sora vokal dina unggal tungtung padalisan di sebut ...

a)

pada

b)

padalisan

c)

guru wilangan

d)

guru lagu

40.

"Wawan mah beurat birit"

Beurat birit hartina....

a)

babari dititah

b)

hese dititah

c)

eraan

d)

sieunan