WorksheetsAshila Bahasa Sunda Des 2023
Total questions: 99
Worksheet time: 1hrs 10mins
Kadaharan nu ngandung gizi, protéin jeung vitamin kanggo kaséhatan badan manusa disebutna … .
kadaharan enak
kadaharan mahal
kadaharan sehat
kadaharan kota
Cicirén kadaharan sehat nyaéta … .
ngandung vitamin jeung protéin
hargana mahal
hargana murah
nyababkeun panyakit
Jelema nu daharna teu teratur biasana … .
sehat jeung tanagana kuat
langlayeuseun jeung sering katarajang panyakit
tiasa mikir jernih jeung pinter
tiasa olahraga jeung jalan-jalan
Jelema nu daharna teu teratur biasana … .
sehat jeung tanagana kuat
langlayeuseun jeung sering katarajang panyakit
tiasa mikir jernih jeung pinter
tiasa olahraga jeung jalan-jalan
Bangsa nu ti baheula rajin ngabudayakeun ngadahar lauk sangkan barudakna palalinter nyaeta Bangsa … .
Walanda
Spanyol
Jepang
Thailand
Nu kaasup conto lauk cai tawar nyaéta … .
salmon, hiu, jeung lumba-lumba
mujaer, kancra, jeung tuna
kancra, lele, jeung bandeng
mujaer, lele, jeung kancra
Rupa-rupa permainan nu khusus dimaénkeun ku barudak. Biasana dimaenkeun ku dua urang atawa leuwih disebutna … .
budaya sunda
kaulinan barudak
bahasa sunda
pangajaran barudak
Mangpaat maén kaulinan barudak nyaéta … .
bayar internet
teu nyéhatkeun badan
Aya artina kanggo kahirupan
bisa adu kakuatan jeung musuh
Salah sahiji kaulinan barudak nu ngagunakeun kalincahan suku (sampéan) disebutna … .
ucing sumput
cingciripit
engklek
aanjangan
Istilah kaulinan éngklék dina Bahasa Sunda bisa disebut ogé … .
ucing sumput
sapintrong
sapedah
sondah
Carita rakyat nu nyaritakeun tokoh manusa, atawa sasatoan jeung tutuwuhan nu ngandung makna kanggo kahirupan disebutna … .
puisi
kawih
pamohalan
dongeng
Dongéng nu nyaritakeun sasatoan atawa tutuwuhan nu bisa ngomong jeung tingkah lakuna sarupa jeung manusa disebutna dongéng … .
pamohalan
legenda
sasakala
fabel
Dongéng nu nyaritakeun asal-usul hiji tempat disebutna dongéng … .
fabel
pamohalan
legenda
bohong
Eusi dongéng Si Kabayan téh lolobana nyaritakeun anu ....
pikasediheun
pikaseurieun
pikabungaheun
Aki bahasa Indonesiana.....
kakek
paman
kaka
Teteh ngitung duit, ade........ buku
tuluy
maca
tepi
Di kebon aki loba dipelak rupa-rupa ....
awi
sasatoan
bungbuahan
Kandang ... sok disebut pagupon.
buhaya
maung
japati
Conto ngalarapkeun tanda baca titik dua (:) nu bener nyaéta …
Tini : nyarita ”tus, urang dahar yu!”
Usép nyarita “ali : nginjeum buku!”
dadang nitah “riki, baca ieu surat!”
yuyun ngomong : “lira, geura saré!”
Di handap seni-seni nu aya di Cirebon, iwal
sintrén
kuda lumping
tari topéng
beluk
Unggal malem jum’at di imah Pak Sukur sok aya aneh.
Rarangken ka-an nu tepat pikeun nyampurnakeun kecap aneh nyata
Paanehan
kaanehkan
kaanehan
paanehkan
Naon ngaran kaulinan dina gambar diluhur?
Ucing sumput
gala asin
oray orayan
kakawihan naon nu dipake dina kaulinan dumasar gambar diluhur !
oray orayan
ayang ayang gung
cing ciripit
Reket dipake dina olahraga ...
badminton
maen bola
ping - pong
Dina dongeng “Tikukur jeung Engang”, saha nu rek dibedil ku paninggaran teh ?
engang
tikukur
japati
Paninggaran nyaeta ...
tukang moro sasatoan
nu ngajaga sasatoan
nu maraban sasatoan
Abah bade ... ka sawah
indit
ulin
angkat
budi keur ... roti
dahar
nyatu
tuang
conto kagiatan ngahemat listrik nyaeta !
ngangge ac saperluna
tv hurung sangkan te di lalajooanan
ngahurungkeun lampu sabeberang
Saha nu diajak melak cau? dina dongeng sakadang monyet jeng sakadang kuya melak cau
monyet
ucing
kuya
Saha nu ngajak melak cau?
kuya
monyet
pa tani
Nu kaasup sato ingon-ingon nyaeta ....
sapi
ucing
lauk
Apotek hirup nyaeta tempat melak ....
kemban
obat-obatan
bubuahan
Sato jeung tutuwuhan ciptaan ....
manusa
nabi
Allah
Sangkan teu paeh tutuwuhan kedah di ....
potongan
sebor
piceunan
Ngarah teu kalaparan, sato dibere ....
parab
kandang
baju
Ngarah teu kabur, sato di ....
paraban
mandian
kandangan
Geubis tinu sapedah mangrupakeun pangalaman ...
resep
sedih
gumbira
Pangalaman nu pikaresepeun nyaeta ....
geuring
geubis
meunang hadiah
Taman Hareupeun Imah
Hareupeun imah Farida aya taman. Teu lega, tapi mani resik sabab hade pisan. Farida jeung ibuna rajin ngurus eta taman. Lamun keur usum halodo, tara elat diceboran. Farida mah giliran nyeborna téh pasosore.
Kumaha kaayaan taman hareupeun imah Farida téh ...
Lega
Resik
Kotor
Barala
Tatangkalan téh kudu disemprot, ngarah….
Hama paraeh
Morontod
Subur
Resik
Farida nyebor taman wanci….
Isuk-isuk
Beurang
Peuting
Pasosore
Pakakas husus nu digunakeun mangkas tatangkalan, nyaéta….
Gunting taman
Singkup
Kored
Embrat
Sajaba ti dicebor, sawaktu-waktu sok disemprot, sangkan hama anu ngaganggu paraeh. Tatangkalan dipangkas ngagunakeun pakakas husus parantina anu disebutna gunting pangkas. Miara tatangkalan téh kaasup ibadah sarta rea gunana pikeun balarea.
Hareupeun imah Farida loba tatangkalan, kumaha cara Farida ngarawat tatangkalanna ...
Jukutna teu dipiceunan.
Tangkalna diantep teu dipangkas.
Diceboran unggal isuk jeung sore.
Tangkalna tara digemuk.
Piknik ka Kawahputih
Harita nuju pere sakola, abdi diajak piknik ka Kawahputih nu ayana di Gunung Patuha. Matak disebat Kawahputih, lantaran di dinya mah kawah teh warnana bodas, dugi ka matak serab. Kawah teh pinuh caina, warna caina teh bodas semu hejo. Taneuh sareng batuna barodas. Kawahputih matak narik ati. Hiji waktos abdi hoyong ameng deui ka dinya.
Kumaha warna cai di Kawahputih teh….
Bodas semu biru
Bodas semu hejo
Hejo semu bodas
Biru semu bodas
Pangna disebut Kawahputih teh lantaran….
Jalanna nanjak
Seueur kebon stoberi
Seueur tangkal kai arageung
Warna kawahna bodas
Kawahputih ayana di daerah….
Gunung Patuha
Gunung Gede
Situ Patenggang
Ciwidéy
Pakakas nu sok digunakeun ngarawat taman nyaéta .…
ragaji
palu
gunting taman
obeng
Tong … hayam keur anakan mah, bisi ngabintih.
Digeroan
Ditulisan
Dideukeutan
Dicaian
Ranti … piknik ka Ciwidéy ku mang Udin.
Dideukeutan
Diajakan
Dijauhan
Digeroan
Kalimah nu ngagambarkeun pangalaman nu ngabungahkeun ….
Ayu labuh tina sapedah lantaran teu ati-ati.
Lina kurang sehat lantaran jajan sembarangan.
Lantaran tara sakola Udin matak teu naek kelas.
Ridho jeung Randi juara 1 lomba balap karung.
Ani meunang penteun pang gedena di kelas. Kalimah diluhur nyaritakeun pangalaman ….
Sedih
Ambek
Kesel
Gumbira
Aminah keur . . . ngagambar rupa-rupa bubuahan ku Rina.
Diajarkeun
Diajaran
Ajaran
Ngajar
Keur hujan poyan aya … melengkung di langit.
Bentang
Bulan
Katumbiri
Cai hujan
Kalakay anu marurag biasana dijieun gemuk. Cara ngajieun gemuk (kompos) tina kalakay, nyaéta ….
Kalakay dipiceun ka walungan.
Kalakay dikumpulkeun dina émbér.
Kalakay diasupkeun kana lobang, sina buruk.
Kalakay diparabkeun ka sato.
Lamun keur usum … tatangkalan paraeh.
Panen
Tandur
Ngijih
Halodo
Disabudeureun imah loba tatangkalan nu paraeh.
Disabudeureun sarua hartina jeung ….
Disakurilingeun
Disakabéhkeun
Disajalaneun
Disatempateun
Di usum ngijih, hawana karasa ….
Hareudang
Bayeungyang
Tiris
Paranas
Gambar ieu gunana pikeun ….
Motong tangkal
Ngored
Nyapu
Siram tatangkalan
Anak bangkong disebut . . . .
belo
buruy
kirik
Pupuh Pucung
Hayu batur kekembangan urang urus
Sisi pakarangan
Mihape cebor ku cai
Mun geus jadi kembangna endah kacida.
Eusi pupuh pucung di luhur nyaeta . . . .
ngurus kembang
ngala kembang
melak kembang
Kembang cengek disebut . . . .
Mencenges
Suligar
mayang
Anak anjing nyaeta . . . .
buruy
belo
kirik
Kembang anu kacida seungitna nyaeta kembang . . . .
kembang malati
kembang anggrek
kembang cengek
Kuring boga duit lima rebu.
Kalimah lemesna nyaeta . . . .
kuring gaduh artos lima rebu
kuring boga artos lima rebu
abdi gaduh artos lima rebu
Gambar digigir nyaeta . . . .
motor
kareta
sapedah
marni indung rano.
Kalimah anu tulisanna mernah nyaeta . . . .
marni indung rano
Marni indung Rano
Marni indung rano
Tina keur baca buku di kamar.
Tina keur . . . buku di kamar.
Kecap rundayan anu mernah kanggo kalimat di luhur nyaeta . . . .
bacaan
macaan
maca
nini kuring ti tasikmalaya.
Kalimah anu tulisanna mernah nyaeta . . . .
Nini kuring ti tasikmalaya
nini kuirng ti tasikmalaya
Nini kuring ti Tasikmalaya
Usum Hujan
Sanggeus lila halodo, ayeuna geus datang usum hujan. Usum hujan sok disebut oge usum ngijih. Cirina rek hujan, biasana langit sok cuedeum. Geus kitu buburinyayan kilat. Tuluy aya sora guludug. Mimiti cluk clak, tuluy girimis, lila-lila ngagebret. Sakapeung sok aya hujan anu dibarengan ku angin ngagelebug. Hujan nu kitu disebutna hujan angin. Aya oge hujan nu caina ngabatu jadi es, ukuranana sagede-gede kaleci. Nukitu disebutna hujan es. Malah di nagara batur mah aya usum salju.
Soal kanggo no 11 dugi ka no 13
Usum hujan sok disebut oge usum . . . .
ngijih
halodo
mendung
Cirina rek hujan, biasana langit sok . . . .
cerah
ceudeum
caang
Hujan nu caina ngabatu jadi es, ukuranana sagede-gede kaleci. Nukitu disebutna . . . .
hujan angin
hujan es
hujan salju
Gambar di gigir nyaeta . . . .
boboko
pacul
hihid
Yati mah budak bageur, . . . adina mah bangor.
Kalimah pangantet di luhur nyaeta . . . .
ari
basa
sabab
Golodok nyaeta . . . .
bagean imah tempat masak
bagean imah tempat sare
tangga tempat asup ka imah
Gambar di gigir nyaeta . . . .
suhunan
panto
kenteng
Lani bareng indit ka sakola.
Kecap dwirajekan bareng nyaeta . . . .
bareng-bareng
barengan
babarengan
Bagean imah tempat masak nyaeta . . . .
golodog
dapur
kamar
Gambar di gigir nyaeta . . . .
imah
sakola
masjid
Tangkas kaasup kana istilah . . .
Olahraga
Ucing sumput
Kakawihan
Tempat olahraga disebut . . .
Lapak
Lapang
Kalang
Kaulinan barudak nudiulinkeunna ku dua urang nyaeta . . .
Gatrik
Sapintrong
Congkak
Kalimah nu bener make huruf kapital nyaeta . . .
ulah papanasan bisi geuring
bapak Aswin nuju maca koran
Ibu nuju angkat ka Bandung
Ngaran olahraga gambar di luhur nyaeta . . .
Gulat
Pencak silat
Yoga
Contoh judul dongeng nu kaasup kana fabel nyaeta . . .
Sikabayan
Sasakala Gunung Guntur
Kancil jeung buaya
Carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran nyaeta . . .
Dongeng
Legenda
Sasakala
Meunang saha ieu . . . teh ?
Kecap numerenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta . . .
Karang
Karangan
Kakarang
Geura . . .atuh ari geuring mah !
Ubar
Ubar-ubar
Ubaran
Ka + nyata + an
Kecap di luhur lamun dirubah jadi kecap rundayan jadi . . .
Kanyataan
Nyata
Nyataan
Kecap nukaasup kana istilah energi nyaeta . . .
Gas
Lampu
Senter
Gambar elektronik di luhur nyaeta . . .
Blender
Mejicom
Mixer
Parobihan energi gambar di luhur nyaeta . . .
Energi listrik jadi gerak
Energi listrik jadi sora
Energi listrik jadi panas
Abi mah enjing keneh tos . . .
Neda
Tuang
Dahar
alus - Usep - sepedah - boga
Sepedah boga Usep alus
Usep boga sepedah alus
Alus boga Usep sepedah
Paguneman nyaeta . . .
Bahasa
Someah
Paguneman
Paguneman kaasup komunikasi . . . arah
Dua arah
Saarah
Make surat
Wasta abi Udin.
Pami salira . . . saha ?
Kecap bahasa hormat numerenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta . . .
Ngaran
Jenengan
Nami
Lemesna tina kecap seubeuh nyaeta . . .
Kamerekaan
Bunghak
Wareg
Bapak indit ka kantor.
Kalimah lemesnya nyaeta . . .
Bapa angkat ka kantor
Bapa mios ka kantor
Bapa miang ka kantor
