Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Akhir Semester Bahasa Sunda Kelas XII

Total questions: 30

Worksheet time: 32mins

Name
Class
Date
1.

Kecap nu cocog pikeun ngeusian pedaran di handap nyaéta....

a)

Dramoi jeung theatre

b)

Dorama jeung anthropos

c)

Dramia jeung téatron

d)

Drame jeung hipodrom

e)

Dramoi jeung téatron

2.

Dialog anu luyu pikeun ngeusian titik-titik di luhur, nyaeta . . . .

a)

Rék kamana deui manéh téh, Odin?

b)

Rék muncak deui nyah?

c)

Ku angger, rék ka ditu deui nyah manéh téh Odin?

d)

Laahhh ku beuki-beuki teuing ka gunung manéh.

e)

Keur naon manéh téh, Odin?

3.

Aya deui istilah sandiwara, asalna tina basa Kawi, sandi (rusiah), wara (h), hartina....

a)

Pangajaran

b)

Pangarahan

c)

Pamujaan

d)

Pamohalan

e)

Pangaweruh

4.

Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh....

a)

Antagonis

b)

Protagonis

c)

Tritagonis

d)

Aktor

e)

Pangrojong

5.

Kalimah ahir dina cutatan naskah drama di luhur kaasup kana bagéan ....

a)

pertelaan palaku

b)

prolog

c)

babak

d)

epilog

e)

adegan

6.

Dumasar kana strukturna, naskah drama diwangun ku sababaraha unsur, di antarana epilog, nu pihartieunana nyaéta . . . .

a)

Gambaran palaku sacara wincik.

b)

Manggalasastra nu dieusi ku katerangan atawa pamanggih pangarang.

c)

Kalimah langsung para palaku nu silih témpas.

d)

Panutup drama nu dieusi ku kacindekan lalakon jeung naséhat pangarang.

e)

Watek palaku atawa penokohan.

7.

Drama anu dialog-dialogna ditepikeun ku cara dihaleuangkeun nyaéta . . . .

a)

Longser

b)

Banjet

c)

Purnadrama

d)

Gending Karesmen

e)

Sandiwara

8.

Mana runtuyan struktur manggungkeun drama anu merenah?

a)

nyadiakeun naskah drama, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, manggung

b)

nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, nulis naskah, latihan, manggung

c)

nangtukeun aktor jeung aktris, nyusun naskah, nangtukeun sutradara, latihan, manggung

d)

manggung, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, nyusun naskah

e)

nyusun naskah, latihan, nangtukeun sutradara jeung aktor/aktris, latihan 

9.

Unsur carita nu dominan dina dialog di luhur, nyaéta…

a)

Tema

b)

Palaku

c)

Amanat

d)

Latar

e)

Puseur Sawangan

10.

Ungkara nu teu luyu jeung anu nyampak dina drama, nya éta....

a)

Dina sababak diwangun ku sababaraha adegan.

b)

Ganti babak sok ditandaan ku nutupna layar atawa ganti setting.

c)

Ganti adegan sok ditandaan ku nutupna layar atawa ganti setting.

d)

Di Tatar Sunda nu disebut drama téh nyaéta drama modéren atawa téater

e)

Ganti adegan biasana lamun ganti jejer paguneman.

11.

Di handap ieu, latar kaayan atawa latar suasana anu bisa kagambar dumasar kana prolog drama di luhur nyaéta …

a)

Simpé, tiiseun, pikabetaheun

b)

Riweuh, gimir, hemeng

c)

Huru-hara, kaweur, pahibut

d)

Ramé, gandéng, riweuh

e)

Gandéng, sieun, reuwas

12.

Salian sok dipintonkeun ku sababaraha pamaen, drama ge bisa dipintonkeun ku saurang atawa sorangan.  Pintonan drama anu pagunemanana sorangan teh nyaeta….

a)

prolog

b)

dialog

c)

monolog

d)

epilog

e)

analog

13.

Sempalan téks di handap kagolong kana unsur drama, nu disebut . . . .


a)

adegan

b)

dialog

c)

epilog

d)

monolog

e)

babak

14.

Ungkara di handap ilaharna dipaké pikeun méré gambaran dina awal babak kalayan basajan, henteu sacara wincik, disebutna . . . .

a)

Adegan

b)

Babak

c)

Candraan

d)

Paguneman

e)

Pamapag

15.

PULISI 1 : Terus nyampeurkeun barudak. Ditanya hiji-hiji. Dimimitian ti nu pangkéncana

PULISI 1 : Silaing saha ngaran ?

OHIM : Oh…

PULISI 1 : Enya, ngaran silaing saha ?

OHIM : Oh…

PULISI 1 : Beu, nyiar-nyiar piambekeun ieu mah. Kadéngé henteu bieu déwék nanya ?

OHIM : Kakuping , Pa Pulisi

PULISI 1 : Naha atuh teu ngajawab ? Saha ngaran ?

OHIM : Oh…

PULISI 1 : ( Keuheul ) Astagfirullah ! Sugan teu hideng budak téh !

 

Tina dialog drama di luhur bisa katingali watek palaku nu ngarana Ohim téh nyaéta ….

a)

pinter

b)

cicingeun

c)

kuuleun

d)

polos

e)

baong

16.

Babon (sumber) carita wayang golek asalna ti India tina carita ....

a)

Rama jeung Sinta

b)

Lutung Kasarung

c)

Pandawa jeung Kurawa

d)

Mungdinglaya Di Kusuma

e)

Mahabarata jeung Ramayana

17.

Rama katut pasukanana ngababakan di wewengkon anu paeunteung-eunteung jeung Nagara Aléngka, kahalangan ku laut. Ti dinya Anoman diutus pikeun mubus ka Aléngka. Sakalian ngalongok kaayaan Déwi Sinta.

Sempalan carita wayang di luhur, kaasup kana babon….

a)

Kurawa

b)

Mahabarata

c)

Ramayana

d)

Astina jeung Alengka

e)

Arjuna Sastra Bahu

18.

Di handap ieu anu henteu kaasup pandawa, nya eta....

a)

Yudistira

b)

Arjuna

c)

Bima

d)

Nakula

e)

Drupadi

19.

Ieu di handap anu teu kaasup kana warnaning wayang, nyaéta wayang . . . .

a)

Purwa

b)

Potehi

c)

Kulit

d)

Golek

e)

Prabu

20.

Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !

Dipati Karna, Raja Awangga, kasaktianana henteu éléh ku Arjuna. Lian ti ahli mentang jamparing, pinter maén gada jeung tumbak. Anjeunna putra Batara Surya. Ibuna Déwi Kunti, sami sareng Yudhistira, Bima, katut Arjuna.

 

Dumasar kutipan téks di luhur, saha tokoh nu keur dicaritakeun ?

a)

Arjuna

b)

Gatot Kaca

c)

Dipati Karna

d)

Yudistira

e)

Bima

21.

Dumasar kana kamekaran wayang, tangtu aya sababaraha ajén atawa niléy anu teu bisa dileupaskeun tina adat jeung kabiasaan urang Sunda. Atuh dina prosés sumebarna gé diluyukeun jeung kahirupan nu luyu jeung aturan adat urang Sunda, ngarah teu patukangtonggong. Ieu di handap bébédaan carita wayang di Sunda jeung di India, nyaéta . . . .

a)

Di India mah Drupadi téh ukur jadi pamajikan Yudistira, di Sunda mah pamajikan Pandawa Lima.

b)

Di India mah aya tokoh Punakawan, di Sunda mah euweuh.

c)

Di India mah Gatotkaca téh tokoh anu kacida pentingna, di Sunda mah Gatotkaca téh ukur lalakon nu teu puguh galur hirupna.

d)

Di India mah mah Srikandi téh awéwé sampurna pamajikan Arjuna, di Sunda mah Srikandi téh lain awéwé sampurna.

e)

Di India mah Drupadi téh pamajikan Pandawa Lima, di Sunda mah ukur jadi pamajikan Yudistira.

22.

Dina carita Mahabarata nu nyekel kaadilan jeung nu murka teh nyaeta....

a)

Pandawa jeung Rahwana

b)

Pandawa jeung Kurawa

c)

Pandawa jeung Batara Wisnu

d)

Batara Rama jeung Dasamuka

e)

Rahwana jeung Dasamuka

23.

Jaman kiwari pagelaran wayang téh kawilang langka ditanggap. Boh di nu hajat atawa kariaan langka pisan manggihan nu boga hajat nanggap wayang téh. Saupama dipaluruh kapanggih dina siaran TV lokal atawa dina media youtube sok aya éta tokoh si Cépot téh ku lantaran lucu jeung pikaseurieun matak pikaresepeun.

Saupama nilik kana hal tadi di luhur. Atuh pagelaran carita wayang téh miboga fungsi salaku….

a)

Média pikeun nyebarkeun agama Islam

b)

Média fungsi ritual

c)

Média hiburan

d)

Média nambahan élmu

e)

Média panambah pangaweruh

24.

Sanajan papada carita nu umumna nyebar sacara lisan, aya bébédaan ésénsial antara carita wayang jeung dongéng, di antarana mun dongéng mah caritana geus milik balaréa, ari carita wayang mah ukur bisa dipedar ku….

a)

Juru Alok

b)

Sinden

c)

Dalang

d)

Nayaga

e)

Juru Pantun

25.

Dina tokoh punakawan aya salasahiji tokoh anu osok ngabodor atawa ngabanyol. Ngan dina banyolanana sok ngandung amanat-amanat atawa papatah pikeun urang saréréa. Sacara fisik, éta tokoh miboga warna anu bereum. Ku kituna éta tokoh téh nyaéta….

a)

Cépot

b)

Garéng

c)

Dawala

d)

Semar

e)

Pandu

26.

Sacara lahiriah dina wujud karangan drama aya hal-hal anu geus maranti, nu teu kaasup kana struktur drama di handap ieu nyaeta....

a)

Pertelaan palaku

b)

Candraan

c)

Prolog jeung epilog

d)

Wirahma

e)

Babak jeung adegan

27.

Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut....

a)

Epilog

b)

Dialog

c)

Monolog

d)

Prolog

e)

Candraan

28.

Jalma anu ngatur sarta nangtukeun sagala urusan dina hiji pintonan drama disebut....

a)

Panata gending

b)

Pamaen

c)

Skenario

d)

Sutradara

e)

Pimpro

29.

Carita Mahabarata mangrupakeun carita ti India anu dikarang ku....

a)

Wiyasa

b)

Walmiki

c)

Rahwana

d)

Chye Retty

e)

Ajip

30.

Wayang nu dilakonkeun ku jalma sarta caritana dumasar tina carita Mahabarata nya éta wayang....

a)

Purwa

b)

Potehi

c)

Wong

d)

Klitik

e)

Golek