Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan Soal Bahasa Sunda Pra ASAS

Total questions: 30

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Wangun puisi anu asalna tina sastra Arab teh, disebutna . . . .

a)

sajak

b)

pantun

c)

pupujian

d)

soneta

2.

Mahluk Alloh anu teu nyawaan, nyaeta . . . .

a)

manusa

b)

batu

c)

jin

d)

malaikat

3.

Ngaregepkeun siiran teh bisa jadi jalan . . . .

a)

kahirupan

b)

kabagjaan

c)

surga

d)

naraka

4.

Kecap anu henteu dirarangkenan tukang -na, nyaeta ...

a)

indungna

b)

sarana

c)

laukna

d)

sigana

5.

"Budak teh ... bureuteu, meureun cacingan".

Kecap anu merenah keur ngalengkepan eta kalimah nyaeta ...

a)

awakna

b)

sirahna

c)

bujurna

d)

beuteungna

6.

Kalimah ieu di handap anu ngandung kecap dirarangkenan tukang -keun, nyaeta ...

a)

Jang Adun eraeun basa datang ka sakola kabeurangan

b)

geura asupkeun sapedah teh bisi aya nu nyokot

c)

urang kudu ibadah bawaeun ka aherat

d)

sing leukeun ari diajar teh

7.

Urang kudu ... ka sasatoan jeung tutuwuhan.

a)

ngaruksak

b)

ngagunasika

c)

mikaheman

d)

mikakeuheul

8.

Ieu di handap kecap anu henteu ngandung rarangken ka-an, nyaeta ...

a)

Ucing teh ku Yumna dikandangan

b)

basa hujan kamari, imahna kacaahan

c)

karunya monyet siga nu kalaparan

d)

ieu jalan teh keur kapentingan umum

9.

Salasahiji cara mikaheman tutuwuhan, diantarana wae ...

a)

diruksak

b)

diceboran

c)

dituaran

d)

diantepkeun

10.

Jaman beh ditu mah, kuwu teh digajih ku ...

a)

camat

b)

warga

c)

gupernur

d)

bupati

11.

Wandi mah ... , teu kaop raheut hese cageur.

a)

amis budi

b)

amis daging

c)

amis kareueut

d)

amis legit

12.

Dudun mah ... , mun dipiwarang teh talangke.

a)

hampang leungeun

b)

beurat birit

c)

hampang birit

d)

gede hulu

13.

Ari kuwu teh pamingpin di hiji wewengkon, anu ngawengku sababaraha ...

a)

padusunan

b)

wewengkon

c)

daerah

d)

wilayah

14.

Boh kuwu boh pamong desa, teu meunang gajih ti pamarentah, tapi digajih ku ...

a)

nagara

b)

presiden

c)

masarakat

d)

gubernur

15.

"Bapa kuring mah pagaweanana jadi kuli di Pasar Baru."

Kuli teh nyaeta tukang ...

a)

tani

b)

buburuh kasar

c)

dagang

d)

jagal

16.

Kana ibadah sholat teu menang di..….

a)

dipigawe

b)

diantep

c)

dipohokeun

d)

diliwat

17.

Solat keur umat Islam mah mangrupa hiji ….. anu teu meunang ditinggalkeun

a)

sawajibna

b)

kawajiban

c)

diwajibkeun

d)

wajib

18.

Wangun pupujian,umumna diwangun ku ….. padalisan.

a)

3

b)

4

c)

5

d)

6

19.

Di Nagrég aya treuk ..…

a)

kaguling

b)

tiguling

c)

digulingkeun

d)

ngaguling

20.

Suku kuring bareuh da Kamari …...

a)

dipalitek

b)

kapalitek

c)

tipalitek

d)

palitek

21.

Kalimah nu kudu maké rarangken tukang –keun nu bener nyaéta …..

a)

sajadahkeun nuju di seuseuh ku mamah

b)

urut mandi téh sabunkeun simpen deui kana wadahna

c)

rambut panjangkeun sangkan alus

d)

pareuman lampukeun ngarah hemat listrik

22.

Kalimah nu kudu maké rarangken tukang –na nu bener nyaéta …..

a)

Tatang mah awakna mani busekel

b)

Taékna barang-barang téh ngarah teu kabanjiran

c)

asupna geura runtah téh ambeh teu barala

d)

hég regepna ari kolot keur papatah téh

23.

Dina ngalaksanakeun pancén sapopoé,kuwu mah dibantuan ku .....

a)

sekretaris désa

b)

rahayat

c)

warga

d)

pamong  désa

24.

Jalma anu pagawéana néang lauk di laut disebut …...

a)

pamayang

b)

buruh

c)

padagang

d)

patani

25.

Anu sok ngamankeun kaayaan lalu lintas nyaeta…...

a)

satpam

b)

hansip

c)

pulisi

d)

tentara

26.

"Dudu mah pada mikaresep da hampang birit"

Hampang birit hartina…....

a)

kedul

b)

pinter

c)

melid

d)

daékan

27.

Jalma medit sok  menang landihan…....

a)

buntut kasiran

b)

laer gado

c)

lésang kuras

d)

panjang leungeun

28.

Budak téh…….nya,mani barbarian borok

a)

apal cangkeum

b)

gedé hulu

c)

amis daging

d)

buntu laku

29.

Bi Mursih  keur …… di buruan

a)

kukumpul

b)

ciciduh

c)

jajantung

d)

sasapu

30.

Di handap ieu mangrupakeun kalimat anu make kecap rajékan dwipurwa nyaéta.....

a)

jalma kedul disebutna beurat birit

b)

Jang Ewo mah  sifatna téh gurat batu teu bisa dipapagahan

c)

Bi Ijah keur buburuh di imah pa Haji Sirod

d)

ka jalma nu gédé hulu mah ,moal aya nu mikareseup