Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

;atihan basa sunda kelas 6

Total questions: 35

Worksheet time: 26mins

Name
Class
Date
1.

Minangka mahluk pang sampurna na, manusa nyengking amanat pikeun ... kahirupan mahluk séjénna

a)

nyalametkeun

b)

ngaruksak

c)

ngarampas

d)

nyiptakeun

2.

Karangan rékaan (fiksi) anu wangunna pondok, sarta ngan saukur nyaritakeun hiji kajadian téh harti tina..

a)

carpon (cerpen)

b)

kalimah pananya

c)

novel

d)

buku

3.

Kecap rundayan (anu make rarangkén tengah -ar'-al) nuduhkeun kana...

a)

kaayaan loba atawa leuwih ti hiji

b)

kaayaan saeutik

c)

kurang ti hiji

d)

teu aya nanaon

4.

Kecap asal tina arindit nya éta...

a)

indit

b)

arin

c)

arit

d)

irit

5.

Kalimah pananya nya éta kalimah anu fungsi utamana pikeun ...., tur kalimah pananya téh umumna miharep jawaban

a)

nanyakeun

b)

nyaritakeun

c)

ngabéjaan

d)

nyarékan

6.

Dina wangun tinulis, kalimah tanya ditungtungan ku tanda ....

a)

tanya (?)

b)

seru (!)

c)

titik (.)

d)

koma (,)

7.

Andi : .....

Éndah : "Di kelas téh aya barudak keur diajar basa Sunda."


kalimah tanya anu saluyu sareng jawaban Éndah téh nya éta...

a)

Naon nu aya di kelas?

b)

Saha nu aya di kelas?

c)

Kumaha nu aya di kelas?

d)

Keur naon nu aya di kelas?

8.

Ema : "Ujang, badé kamana manéh téh?."

Ujang: .....


Jawaban nu saluyu tina pananya na Ema téh nya éta...

a)

Keur diajar di sakolah

b)

Keur kamari diajar disakola

c)

Bade indit ka sakola

d)

Seueur nu indit ka sakolah

9.

Salasahiji manuk langka nu kudu ditangtayungan nya éta...

a)

baya

b)

heulang

c)

macan

d)

dinosaurus

10.

Nu teu ka asup unsur carpon nya éta..

a)

Téma jeung latar

b)

palaku jeung alur

c)

Jejer jeung amanat

d)

harokat jeung martabat

11.

Salasahiji unsur carpon nya éta palaku, nu hartina..

a)

gagasan pokok anu diangkat jadi ide carita

b)

ngaran-ngaran sarta watek tokoh nu aya dina carita

c)

hal-hal nu ngeunaan waktu, kaayaan sarta tempat kajadian

d)

runtuyan kajadian nu ngawangun carita

12.

Bhineka Tunggal Ika mibanda harti...

a)

loba sélérna loba adat jeung basana

b)

sanajan hiji tetep béda-béda

c)

ngahiji dina kaayaan anu béda

d)

béda-béda tapi tetep hiji

13.

Kawajiban para siswa dina ngeusian kamerdékaan mangsa kiwari ku cara...

a)

mindeng beberesih

b)

mindeng maen hapé

c)

getol digawé

d)

junun diajar, nyukcruk ilmu nyuprih pangarti

14.

Para siswa maraca solawat Nabi

Jejer dina éta kalimah aktif nya éta...

a)

Para siswa

b)

siswa maraca

c)

maraca solawat

d)

solawat Nabi

15.

Para siswa kelas genep nyumbang korban banjir

kalimah nu tepat lamun dirobah kana kalimah pasif nya éta..

a)

Korban banjir nymbang ka para siswa kelas genep

b)

Korban banjir disumbang ku para siswa kelas genep

c)

Para siswa kelas genep disumbang ku korban banjir

d)

Para siswa kelas genep dibere sumbangan ku korban banjir

16.

Danu dipariksa ku dokter

Kalimah nu tepat lamun dirobah jadi kalimah aktif nya éta..

a)

Danu mariksa dokter

b)

Dokter Danu mariksa

c)

Dokter mariksa Danu

d)

Dokter dipariksa ku Danu

17.

Sélér bangsa nu asalna ti Jawa Barat nya éta...

a)

Jawa

b)

Betawi

c)

Sunda

d)

Batak

18.

Ngajénan (toléransi) babaturan sanajan béda sélér, atawa béda agama maksudna...

a)

muji kana adat kabiasaannana

b)

nyumbang ka kulawargina

c)

marengan ka tempat ibadahna

d)

ngajaga katengtreman ibadahna

19.

Bhinéka Tunggal Ika téh mangrupa ... bangsa Indonesia

a)

samboyan

b)

ikon

c)

gambaran

d)

babasan (ungkapan)

20.

Karangan basa Sunda ditulis ku para siswa.

Lamun éta kalimah pasif dirobah jadi kalimah aktif, anu jadi jejerna nya éta...

a)

karangan

b)

basa Sunda

c)

ditulis

d)

Para siswa

21.

Di handap ieu kecap - kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning iwal . . .

a)

mungguhing

b)

kersaning

c)

ceceting

d)

bakating

22.

Gedung Sate mangrupa gedong ciri khas Jawa Barat, ayana di Kota Bandung. Diwangun taun 1920 ku arsitek Walanda nu ngaranna . . .

a)

J.Gerber

b)

James Watt

c)

Goodyear

d)

Guilermo Marconi

23.

Di handap ieu anu lain kalimah aktif nyaeta . . .

a)

Mang Nana keur ngala buah

b)

Kang Dudung meuncit hayam

c)

Bapa ngala lauk di balong

d)

Jang Adang kacugak paku

24.

Di handap ieu anu lain kalimah pasif nyaeta . . .

a)

Si Dede keur diacukan ku Ibu

b)

Oray diteunggeul ku tangkal sampeu

c)

Barudak keur diajar ngawih

d)

Buah diala ku Mang Nana

25.

. . . Ku puyeng, Ma Icah ngagubrag.

Kecap anu merenah keur ngeusian titik - titik eta kalimah, nyaeta . . .

a)

aya

b)

bakating

c)

lamun

d)

najan

26.

Salah sahiji kasenian tradisional ti Jawa Barat nyaeta angklung, anu dijieun tina . . .

a)

kai

b)

besi

c)

perunggu

d)

awi

27.

Di handap ieu anu teu kaasup seni budaya Sunda, nyaeta . . .

a)

calung

b)

angklung

c)

tari lilin

d)

jaipong

28.

Lantaran kawanina R. Oto Iskandardinata téh kawentar ku jujuluk . .

a)

Si Rawing

b)

Si Jalak Harupat

c)

Ayam Jantan dari Timur

d)

Pangeran Selarong

29.

Indung/bapana bao disebutna . . .

a)

janggawareng

b)

kait siwur

c)

buyut

d)

udeg - udeg

30.

Lanceukna indung/bapa urang disebut . . .

a)

bibi

b)

paman

c)

ua

d)

suan

31.

Di handap ieu anu henteu kaasup kana kalimah parentah, nyaeta . . .

a)

Ade geura ibak !

b)

Mah, nyuhunkeun kueh !

c)

Aduh, sampean abdi titajong !

d)

Urang mios ayeuna, yu !

32.

Di handap ieu anu kaasup kana kalimah panyarek nyaeta . . .

a)

Mangga kalebet, Pa !

b)

Muga - muga urang sadaya lulus !

c)

Wan, nambut pamupus !

d)

Teu kenging ameng di dinya !

33.

Pasemon mani marahmay. Babasan tina marahmay, nyaeta . . .

a)

gede hulu

b)

amis cau

c)

amis budi

d)

laer gado

34.

Ari jadi budak kudu bodo alewoh, ulah bodo katotoloyoh.

Bodo alewoh hartina . . .

a)

bodo tapi daek tatanya

b)

bodo pisan

c)

bodo lantaran kedul

d)

bodo tapi teu daek tatanya

35.

Bakating ku cape, tos didamel pun bapa meni tibra . . .

a)

sarena

b)

bobona

c)

mondokna

d)

kulemna