WorksheetsRefleksi & Asesmen Basa Sunda Kelas 10
Total questions: 30
Worksheet time: 28mins
Di handap ieu mana nu ka asup unsur-unsur sajak, iwal..
Jejer
Rasa
Nada
Amanat
Tokoh
Mana di handap ieu Paribasa anu asalna ti Inggris..
Aya hurang handapeun batu
Kawas cai dina daun taleus
Nu sabar kakasih gusti
Waktu sarua jeung duit
Kabersihan sabagean ti Iman
Mana di handap ieu Paribasa anu asalna ti arab..
Aya hurang handapeun batu
Kawas cai dina daun taleus
Waktu sarua jeung duit
Lamun aya kahayang, tangtu aya jalanna
Nu sabar kakasih gusti
Dina hiji poě Sakadang Kuya keur něangan kadaharan, ti isuk kěněh nepi ka beurang maněhana tacan keněh manggihan nanaon. Ngahaeut ka tengah poě, maněhna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naěk.
Kulantaran kitu, tuluy maněhna běběja ka Sakadang Monyět, měnta tulung. Kie omongna “Sakadang Monyět, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naěk, cing tulungan pangalakeun, engkě paparoan”
“Hadě,” tembal Sakadang Monyět. “Di mana?” Tuluy maraněhna arindit babarengan ka tempat tangkal cau těa. Sakadang Monyět, tuluy naěk, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan.
Sempalan Dongéng diluhur kaasup kana jenis dongéng .....
Pabel
Parabel
Mite
Legenda
Sage
Dongéng mibanda ciri-ciri anu bisa ngabédakeunnana jeung wangun basa lancaran (prosa) lainna.
Di handap ieu nu teu kaasup ciri-ciri dongéng nyaéta….
sakabéh eusi caritana bohong
sumberna tatalépa sacara lisan
awalna kagolong kana sastra lisan
teu jelas nu ngarangna (anonim)
ngandung unsur-unsur pamohalan
Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta….
téma
palaku
purwakanti
amanah
galur
Sakadang Kuya mah teu diběrě sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak wě neureuyan ciduh. “Sakadang Monyět, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok.
Tapi Sakadang Monyět teu malire, jongjon baě metikan jeung ngadaharan, kalahkah malědogan ku cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.
Watek tokoh monyět dina éta dongěng digambarkeun tina….
kabiasaan jeung kaayaan lingkungan sabundeuranana
disebutkeun langsung ku pangarangna
caritaan tokoh séjén
penampilan jeung réngkak polahna
dedeg pangadeg jeung kahayangna
“Hampura baě atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa paparin Děwata!” omongna deui lengas lengis.
Terjemahan tina kecap anu dimiringkeun nyaěta….
merebut
mencuri
memaksa
menengadah
memelas
Sakadang Kuya kacida sugema, lantaran geus bisa males kanyeri hatěna keur barěto.
Tarjamah Bahasa Indonsia pikeun kecap anu dimiringkeun nyaěta….
puas
bahagia
nelangsa
bangga
bahagia
Gaji sebesar itu tidak cukup untuk menutup kebutuhan sehari-hari.
Tarjamah anu merenah pikeun kalimat di luhur nyaěta….
Gajih sagedě ěta henteu cukup pikeun nutup kabutuhan sapopoě.
Gajih sagedě ěta henteu cukup pikeun nutup kabutuhan sapoě-poě.
Gajih sakitu těh teu cukup pikeun nutupan pangabutuh sapopoě.
Gajih sagedě kitu těh teu cukup pikeun nyumponan pangabutuh sapopoě.
Gajih sakitu těh teu cukup pikeun nyumponan pangabutuh sapopoě.
Lengkah-lengkah nyieun tarjamahan:
1. nerjemahkeun luyu jeung kaidah-kaidahna
2. maca dina jero hate (maca ngilo)
3. paham kana alur carita (prosa)/eusi dina sajak (lancaran)
4. nyiapkeun teks anu rek ditarjamahkeun
5. mariksa hasil nerjemahkeun
1-3-5-4-2
2-4-5-3-1
3-5-4-2-1
3-5-4-2-1
5-3-4-2-1
Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumeber di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng….
pabel
parabel
sasakala
mite
sage
Tarjamahkeun kalimah ieu di handap kana basa Sunda nu merenah!
Ayam tetangga sebelah mengotori tangga rumah
Karya sastra mangrupa carita rěkaan (fiksi) anu ngandung unsur-unsur pamohalan (mustahil/tidak masuk akal). Umpamana baě sasatoan (binatang) jeung tatangkalan (pohon) boga paripolah (berperilaku) sarta bisa ngomong kawas jelema, parahu jadi gunung, jelema jadi maung kajajaděn.
Wacana di luhur mangrupa definisi....
Prosés mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa panarima (sasaran) kalawan ngungkab ma'na jeung gaya basana mangrupa definisi ....
Palaku dina dongèng anu ngadukung jalanna carita biasana miboga sipat hadè (bageur, wicaksana, bèrèhan, jsb)
Eta hal kaasup sipat...
Puisi anu sok dilagukeun, boh ditembangkeun tapi dina Kasundaanmah sok di kawihkeun. Èta wangenan tèh di sebutna naon?
Rumpaka Kawih
Rumpaka Puisi
Rumpaka Sisindiran
Rumpaka Sajak
Dina kawih mojang priangan ngagambarkeun sifat wanoja anu kumaha?
Mojang anu Garihal
Mojang anu Amis Budi
Mojang anu Ngenes
Mojang anu judes
Mana tokoh ieu di handap anu nyiptakeun kawih "Runtah"?
Rika Rafika
Sule
Rita Tila
Darso
Doel Sumbang
Di urang mah aya nu disebut kawih jeung aya nu disebut kakawihan. Saenyana mah éta-éta kénéh, lalaguan anu sok dihaleuangkeun. Ngan baé kakawihan mah biasana dihaleuangkeunana téh ....
dipirig ku gamelan
teu dipirig ku gamelan
di outdoor
di buruan
bari ulin
Mana ieu di handap anu teu kaasup kana golongan kakawihan?
Trangtrang Koléntrang
Eundeuk-eundeukan
Lalamunan
Oray-orayan
Pérépét Jéngkol
Bédana kawih jeung tembang nyaéta ….
Kawih kauger aturan, tembang teu kauger ku aturan
Kawih kaiket ku wirahma, tembang teu kaiket ku wirahma
Kawih teu kauger aturan, tembang kaiket ku wirahma
Kawih teu kaiket ku wirahma, tembang kaiket ku wirahma
Sora vokal tungtung engang nu sarua disebut...
Nada
Wirahma
Rasa
Purwakanti
Baca rumpaka ieu kawih!
Es lilin mah, aduh kalapa muda
Dibantun ma, geuning ka Sukajadi
Abdi isin, geuning, samar kaduga
Sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi
Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaéta…
e-d-a-s
da-di-ga-di
muda-Sukajadi-kaduga-ngajadi
a-i-a-i
"Ini sudah memasuki musim yang berbeda dari sebelumnya. Kami harus berhati-hati dengan waktu ini. Kami mengalami otot yang lelah setelah laga. Jadi kami harus hati-hati,"
Terjemahkeun sing merenah!
Aksara Sunda dina gambar mangrupa aksara ngalagena...
Sa
Ba
Ja
Ha
Za
Aksara Sunda dina gambar mangrupa aksara ngalagena....
Ca
Xa
Sa
Ra
Ba
Aksara Sunda dina gambar mangrupa aksara ngalagena...
Ra
Ha
Ga
Nga
Da
Dina aksara Sunda aya nu ngaranna rarangken, fungsina pikeun ngarobah sora vokal dina aksara ngalagena anu identik sora vokalna "A".
Upama sora vokal "da" hayang jadi sora vokal "di " kudu make rarangken....
Panghulu
Paneuleung
Panolong
Pamaeh
Panyecek
Dina aksara Sunda aya nu ngaranna rarangken, fungsina pikeun ngarobah sora vokal dina aksara ngalagena anu identik sora vokalna "A".
Lamun hayang ngarobah sora vokal "ca" jadi "cu" kudu make rarangken...
Pamingkal
Paneleng
Panyuku
Paneuleung
Pamaeh
