Font size
WorksheetsBahasa Sunda 5_2_23/24
Total questions: 50
Worksheet time: 1hrs 17mins
Pagaewanana teh ngapungkeun kapal udara, nyaeta …
pulisi
pilot
satpam
tentara
Buku teh di simpenna ….. naon ?
ti
dina
mana
ka
Meuli baju teh ….. mana ?
ti
ti
dina
kana
Kecap sabalikna tina kecap dijual, nyaeta ….
dibeuli
dibantu
diical
dibawa
Kecap kadaharan asal kecapna ….
kadahar
dahar
didahar
dahareun
Urang ngala lauk yu !
Kalimah diluhur kaasup kalimah ….
pananya
pangajak
parentah
panyarek
kadaharan anu dijiuenna tina sampeu nyaeta …
wajit
comro
opak
koci
Ibu kandung hartina ibu anu ….
ngalahirkeun urang
ngangais urang
mere susu urang
nganter ka posyandu
Kecap Puskesmas kaasup kana kecap …
singkatan
wancahan
panambah
panyarek
“Duh, keur geulis the pinter, bageur deui “
kalimah diluhur kaasup kalimah …
panyawad
pananya
pamuji
panyarek
Kecap kadaharan mibanda rarangken …
(a)
Pagaweanana sok mawa panumpang kana mobil, nyaeta …
(a)
Budi karek nepi …….. bogor
(a)
Saha anu ceurik teh ? eta kalimah kaasup kalimah ….
(a)
Pang meserkeun buku, jang ! kaasup kalimah …
(a)
Naon arti Biantara dina bahasa indonesia nyaeta .......
pidato
ceramah
mukadimah
wawancara
Jalma anu ahli biantara disebutna
Arator
Orator
Pidator
Orarator
Biantara ditalar bari henteu nyiapkeun naskah heula, disebutna tehnik...
Memoriter
Impromtu
Ekstemporan
Manuscrip
Biantara teh ditalar (ditambul), tapi nyieun naskah heula, tuluy diapalkeun, disebutna tehnik....
Memoriter
Impromtu
Ekstemporan
Manuscrip
Biantara teh ukur nyiapkeun naskah gurat badagna wungkul, lantaran dadakan dititah biantara. disebutna tehnik...
Memoriter
Impromtu
Ekstemporan
Manuscrip
Nyarita dihareupeun balarea kalawan aya maksud nu tangtu atawa hiji kedalan jeung susunan anu alus pikeun kajalma loba. disebut
Ceramah
Khutbah
Wawancara
Biantara
Sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun.Ungkara di luhur biasana dipaké dina bagian...
Bubuka biantara
Panutup biantara
salam biantara
Eusi biantara
Nyieun batur gumbira jeung biantara nu ngahibur ku kituna batur gumbira sarta sugema jeung kedalan anu ku urang diungkapkeun nyaeta ...
Metode Biantara
Tujuan Biantara
Penjelasan Binatara
Guna Biantara
Salam bubuka Conto : Assalamualaikum Wr.WbSampurasun, kaasup kana
Tujuan Biantara
Guna Biantara
Struktur Biantara
Tehnik Biantara
Nu kaasup kana Padika neupikeun Biantara nyaeta ...
Dina biantara teh kudu digunakeun basa lemes (hormat), boh keur diri sorangan boh keur pamiarsa. Basa lemes teh kaasup kana salasahiji wangun tatakrama basa atawa undak-usuk basa
Pamungkas, moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur, neda jembar hapuntenna tina sadaya kalepatan. Da karaos masih keneh hengker dina tatabasa tur merenahkeun undak-usuk basana.
dimimitian ku salam bubuka, laju kana nepikeun salam tur muji sukur ka Gusti Alloh SWT. Aya oge nu sok ngadugikeun solawat salam ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Lamun perlu dina bubuka oge dibejakeun jejer atawa tema anu rek ditepikeun dina biantara
Ngentep sueureuhna atawa sistimatikana nyarita. Eusi biantara kudu mundel. Ulah ngayayay panjang teuing, ari eusina teu puguh.
INDONESIA
Sanggian : Koko Koswara
Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam endah, hejo lembok sugih mukti
Subur tutuwuhan beunghar pepelakan
Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai
Kakayon, tumuwuh subur pajangkung-jangkung
Patetan, ngawujud sirung pagulung-gulung
Piraku rek rela, piraku rek tega
Alam nu ngemploh hejo pinarengan ngarangrangan teu kariksa
(dicutat tina midadami kelas 5 halaman 52)
Naon judul kawih di luhur ?
Koko Koswara
Tutuwuhan
Indonesia
Lemah Cai
Kecap hejo lembok, ngandung harti ....
pucuk daun
subur makmur
daun anu hararejo
daun gomplok
Indonesia, gemah ripah loh jinawi.
Harti tina kecap gemah nyaeta .....
sagala babari
sagala hese
sagala pepelakan
sagala anu jadi tina taneuh
Imam nyorendang koja ani di eusian sangu jeung dengen na. Harti kecap koja nyaeta ....
sasab kukurilingan di leuweung
jajalemaan pikeun nyingsieunan manuk di sawah
cai beresih anu kaluar tina taneuh
kantong anu dijeujeut kawas jaring
Unggal poe, saeunggeus balik sakola, Iman indit ka sawah rek nungguan pare anu keur ....
beuneur hejo
sirungan
hejo lembok
nyarungsum
Ema : "Ujang geura dahar geus beurang !"
Ujang : "Naon sabab na Ujang kudu dahar ma?"
Ema : .....
Kalimah anu pantes pikeun paguneman di luhur nayeta ....
ema geus nyangu
sangkan boga tanaga
supaya bisa lumpat tarik
supaya jadi jalema bageur
Nu kumaha ari kadaharan anu sehat teh ?
Kadaharan anu meunang meuli ti toko
Kadaharan anu beresih jeung bergizi
Kadaharan anu mahal
Kadaharan anu di impor ti luar negeri
Lauk teh loba rupana. Aya lauk cai laut aya lauk cai tawar. Ari lauk cai tawar conto na nyaeta ....
lauk emas, lauk paus, jeung lele
lauk hiu, lauk nilem, jeung jaer
lauk bogo, lauk nilem, jeung lauk emas
lauk lumba-lumba, lauk hiu, jeung lauk makarel
Saur kang Iwan, nongton TV teu kenging caket-caket teuing, kumargi bakal ngareksak kana ....
soca
waos
lambeut
sampean
"Ujang ayeuna nuju nyieun jeujeur"
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ....
parentah
ajakan
panyaram
wawaran
"Lah, aya ku hareudang. Halabhab deuih", ceuk Rani.
Harti kecap halabhab nyaeta ...
panas pisan
kalaparan
hayang dahar
hayang nginum
Asal kecap tina "pikaresepeun", nyaeta ....
resep
pika
resepeun
pikaresep
Kecap anu make rarangken barung pika-, -eun nyaeta ....
pibajueun
pijangkungeun
pikaseurieun
piimaheun
Ningal korban bencana alam banjir di TV, meni ..., loba imah na anu ka kelem.
pikanyaaheun
pikawatireun
piwatireun
pinyaaheun
Dina waktu dibagi rapor semester kahiji, kuring ngarasa ... , sabab kuring jadi pinunjul ka hiji di kelas lima.
keuheul
bungah
lieur
sedih
Baheula leweung teh geueuman.
Harti kecap geueuman nyaeta .....
pikabetaheun
pikasieuneun
piseupieun
pirameun
Sok geura ... emam budak teh, karunya tos lapareun.
Kecap anu merenah pikeun ngeusian kalimah diluhur nyaeta ...
pasih
papasihan
pasihna
pasihan
rea nu dipegung bisi kasarung.
Hartina kecap kasarung nyaeta ....
rea jalma nu make karung
rea jalma nu disarung
rea jalma anu teu apal pangbalikan
rea jalma nu teu disarung
Karya sastra wangun puisi anu heunteu ka iket ku aturan bahasa, tur dibacana endah. nayeta ....
sajak
carpon
pantun
babasan
Perhatikeun sajak di handap ieu !
Neuteup pinuh ku harepan
Pikeun ngahontal sahiji impenan
Dina ngawujudkeun kahayang
Pikeun mangsa hareup abu gumilang
Sajak di luhur nyaritakeun ngeunaan .....
ngalamunkeun kahayang
nyaritakeun ngimpi anu peuting
loba kahayang teu kacumponan
harepan ngaraih cita-cita
Dumasar kana eusina, sempalan wacana di luhur téh mangrupa conto tina …
Bahasan Kampung Mahmud
Bahasan tradisi Sunda
Bahasan kampung adat
Bahasan wangunan Sunda
Bahasan kamekaran wangunan Sunda
Dina sempalan wacana di luhur, aya kecap katangén. Éta kecap katangén téh ngandung harti …
Kasebut
Katulis
Katempo
Kadatangan
Kadéngé
Di Kampung Mahmud aya tradisi mapag taun anyar Islam anu dilaksanakeun tanggal 10 Muharam, dieusi ku Manakiban jeung Bubursura Zaélani. Anu dimaksud Manakiban téh nyaéta …
Hiburan anu dipintonkeun ku barudak di Kampung Mahmud
Kagiatan dahar babarengan nu dilakukeun ku masarakat di Kampung Mahmud
Kagiatan macakeun biografi Syéh Abdul Qodir Zaélani
Kagiatan ngurilingan kampung bari mawa obor
Hiburan anu raket patalina jeung agama Islam
Salahsahiji pantrangan di Kampung Mahmud nyaéta teu meunang ngingu soang jeung embé. Anu jadi alesan pangna aya éta pantrangan téh nyaéta …
Bisi kampung jadi bau tina kokotor anu dikaluarkeun ku éta sasatoan
Matak gandéng, nganganggu kana katingtriman kampung
Matak gandéng, sieun kagiridig ku penjajah di jaman harita
Euweuh tempat anu bisa dijadikeun kandang keur éta sasatoan
Bisi nyababkeun panyakit ka para pangeusi kampung
Aya rupa-rupa tradisi Sunda anu mangrupa ébréhan rasa sukur ka Alloh SWT. Tradisi Sunda anu mangrupa ébréhan rasa sukur kana mucekilna hasil tatanén ku cara ngumpulkeun rupa-rupa hasil tatanén ku masarakat, nyaéta …
