wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PH Kelas 5 Basa Sunda Pangajaran 5 Reueus Jadi Bangsa Indonesia

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Rumpaka jeung lagu "Karatagan Ki Sunda" dikarang ku ....

a)
Mang Kiki
b)
Mang Ujang
c)

Ganjar Kurnia

d)
Mang Koko
2.

Kecap saharti lemah cai nyaéta ....

a)

hijau

b)

tanah air

c)

pepohonan

d)

raharja

3.

Di handap ieu anu kaasup kecap kaayaan nyaéta ....

a)

tatangkalan

b)

meja

c)

hideung lestreng

d)

korsi

4.

Conto anu salah ngabudidayakeun cinta produk Indonésia, nyaéta ....

a)

maké baju batik

b)

meuli buah lokal

c)

maké sapatu ti Cibaduyut

d)

maké baju ti luar negeri

5.

Salah sahiji anu ngajadikeun urang reueus jadi bangsa Indonésia nyaéta ....

a)

Indonésia pernah dijajah Walanda

b)

di wangun ku rupa-rupa sélér bangsa di Indonésia

c)

wargana ngahiji jeung nagara tatangga

d)

teu pernah dijajah ku nagara séjén

6.

Cara urang miara jeung ngajaga lemah cai téh nyaéta ....

a)

ngalestarikeun kaéndahan alamna

b)

ngaruntah di taman umum

c)

ngarusak fasilitas umum

d)

tatangkalan di leuweung dipugaran

7.

Pakéan adat Sunda anu sok dipaké ku lalaki diantarana nyaéta ....

a)

pangsi

b)

seragam

c)

lurik

d)

kabaya

8.

Sajak "Indonésia Pujaan Ati" mangrupa karya ....

a)

Lugiena Dea

b)

Karna Yudibrata

c)

Rizal Sabda

d)

Ari Ardiansah

9.

Dudi ruwatan pisan kana barang-barang milikna.

Kecap ruwatan hartina ....

a)

berséka

b)

daék méré

c)

ngurus kaayaan hadé

d)

medit

10.

Indonésia pupujaan ati téh maksudna Indonésia anu ....

a)

dipikarunya

b)

dipikacinta

c)

dipikangéwa

d)

dipikagimir

11.

Kawih "Tanah Sunda" mangrupa kawih sasanggian ....

a)

Tatang Benyamin

b)

Mang Koko

c)

Euis Komariah

d)

Nano S.

12.

Urang micinta lemah cai Indonésia téh ti mimiti ....

a)

dijajah nepi ka merdeka

b)

gubrag ka dunya nepi ka maot

c)

mérdeka nepi ka maju

d)

rumaja nepi ka kolot

13.

Inti tina sajak "Indonésia Pupujaan Ati" téh nyaeta bangsa Indonésia kudu .... salaku bangsa Indonésia.

a)

sedih

b)

reueus

c)

nalangsa

d)

sieun

14.

Sikep anu henteu nunjukkeun reueus jadi bangsa Indonésia nyaéta ....

a)

micinta barang produksi Indonésia

b)

micinta budaya bangsa Indonésia

c)

leuwih resep lagu-lagu asing tibatan lagu-lagu Sunda

d)

miara sabubunderan lingkungan

15.

Wanoja Sunda hartina ....

a)

Lalaki Sunda

b)

Awéwé Sunda

c)

Budak Sunda

d)

Kolot Sunda

16.

Parahyangan béda jeung Tatar Sunda. Parahyangan kecap asalna tina Para, Hyang, jeung an.

Hyang hartina ....

a)

Déwa atawa Gusti dina kapercayaan masyarakat Sunda Baheula

b)

Pasundan, tempat asalna urang Sunda

c)

Masyarakat anu cicing di daérah Tatar Sunda

d)

Kabudayaan anu asli asalna ti Tatar Sunda

17.

Kecap kadaharan asal kecapna ….

a)

kadahar

b)

dahar

c)

didahar

d)

dahareun

18.

"Karatagan Ki Sunda" anu rumpaka jeung laguna karya Ganjar Kurnia disebut ….

a)

Kawih

b)

Wacana

c)

Dongéng

d)

Sajak

19.

Di handap ieu conto-conto judul kawih Sunda, iwalti ….

a)

Karatagan Pahlawan

b)

Bubuy Bulan

c)

Apusé

d)

És lilin

20.

Kalimah anu caritaannana mangrupa kecap kaayaan disebut ….

a)

Kalimah kaayaan

b)

Kalimah pananya

c)

Kalimah paréntah

d)

Kalimah pangajak