WorksheetsSOAL ULANGAN WARTA
Total questions: 20
Worksheet time: 30mins
Warta hartina sarua jeung béja. Kecap warta asalna tina basa Sansakerta sok dikantétkeun jeung kecap berita dina basa Indonesia. Warta aya dina pidangan media cetak aya ogé dina pidangan media éléktronik. Kelompokkeun di handap ieu nu kaasup kana warta pidangan media cetak nyaéta …..
Radio, televisi, internet.
Blog, radio, televisi.
Internét, blog, radio.
Koran, tabloid, majalah.
Buku, brosur, internet.
Nilik kana wandana, warta téh dibagi jadi sababaraha jenis. Pék analisis ku hidep nu dimaksud depth news nyaéta ….
Warta anu dipidangkeun dumasar kajadian nu sabenerna, teu ditambahan atawa dikurangan kalawan ngagunakeun basa nu lugas ngarah babari kahartina ku nu narima.
Warta anu dipidangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna ogé sok ditambahan ku informasi séjénna nu mangrupa pakta nu aya patalina jeung peristiwa nu keur kajadian.
Warta anu dipidangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna ogé sok ditambahan ku informasi séjénna nu mangrupa pakta nu aya patalina jeung peristiwa nu keur kajadian
Warta anu dilengkepan ku kasang tukang hiji kajadian tur dipidangkeunana ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun rupa-rupa rasa nu narima éta warta, upamana nimbulkeun rasa kataji, sedih, gumbira, nambah luang, wawasan, jeung humor.
Warta nu ngalaporkeun warta nu ditambahan ku pamanggih panalungtik/pangamat jeung sumber tinulis sangkan nu narima éta warta ngarasa sugema sabab meunang data, pakta, atawa informasi nu leuwih munel tur lengkep. Jalma atawa patugas nu nepikeun reportase sok disebut reporter
Nilik kana wandana, warta téh dibagi jadi sababaraha jenis. Pék analisis ku hidep nu dimaksud jeung straight news nyaéta ….
Nilik kana wandana, warta téh dibagi jadi sababaraha jenis. Pék analisis ku hidep nu dimaksud jeung straight news nyaéta ….
Warta anu dipidangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna ogé sok ditambahan ku informasi séjénna nu mangrupa pakta nu aya patalina jeung peristiwa nu keur kajadian.
Warta anu dipidangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna ogé sok ditambahan ku informasi séjénna nu mangrupa pakta nu aya patalina jeung peristiwa nu keur kajadian.
Warta anu dilengkepan ku kasang tukang hiji kajadian tur dipidangkeunana ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun rupa-rupa rasa nu narima éta warta, upamana nimbulkeun rasa kataji, sedih, gumbira, nambah luang, wawasan, jeung humor.
Warta nu ngalaporkeun warta nu ditambahan ku pamanggih panalungtik/pangamat jeung sumber tinulis sangkan nu narima éta warta ngarasa sugema sabab meunang data, pakta, atawa informasi nu leuwih munel tur lengkep. Jalma atawa patugas nu nepikeun reportase sok disebut reporter
Unggal wanda miboga ciri-cirina séwang-séwangan. Aya nu diwatesanan ku jumlah kecap, aya ogé warta nu bisa jeung teu bisa ditunda publikasina.
Cindekkeun nu teu kaasup kana ciri-ciri warta straight news di handap ieu!
Beritana teu bisa ditunda
Mentingkeun aktualitas atawa warta anu keur jadi bahan obrolan masarakat
Disusun ngagunakeun pola piramida tibalik
Teu diwatesanan jumlah kecap
Miboga tujuan pikeun nambah bahan informasi ka balaréa
Umumna warta miboga tujuan pikeun nambah informasi ka balaréa. Aya hiji hal lamun seug ku urang nyindekkeun jenis-jenis warta. Cindekkeun ungkara nu bener di handap ieu ngeunaan warta!
Straight news midangkeun kana kajadian nu lain sabenerna
Soft news ngutamakeun pentingna kajadian atawa raména warta
Depth news midangkeun warta nu sok ditambahan ku informasi sejen nu mangrupa pakta.
Opinion news teu mentingkeun data
Straight news teu mentingkeun aktualitas warta
Aspek basa lian nu aya dina warta tur sering muncul nyaéta wanda kalimah. Teks warta sering ngagunakeun kalimah langsung jeung kalimah teu langsung nu dipahing pisan nu aya dina artikel.
Pék analisis ku hidep nu mana nu kaasup kana kalimah langsung!
Adad Mulyadi, salaku Pupuhu Panata calagara nembrakkeun yén éta kagiatan RBS téh minangka kagiatan pikeun ngasah kamampuh kana seni budaya Sunda ngaliwatan pasanggiri.
Adad gé nyebutkeun matéri dina RBS téh ngawengku paanggiri ngadongéng, maca sajak, kamahéran kana aksara Sunda, tembang, macaa warta, cerdas cermat, jeung nulis karya non fiksi.
Tina kagiatan RBS, katangén pisan para siswa anu makalangan téh réréana anu mémang deukeut deuheus kana budaya Sunda.
Dena, salah saurang patandang dina Pasanggiri Tembang Rarancagan nyebutkeun, sapopoéna di imah make basa sunda, tur mikaresep pisan kana seni Sunda.
“Kaleresan pun biang téh panembang Cianjuran, janten di rorompok sadidinten tos biasa deuih nganggo basa Sunda,” ceuk Dena nu ogé siswa di SMAN 10 Bandung.
Sajaba ti warta tulis anu médiana mangrupa koran, tabloid atawa majalah, aya ogé warta nu ditepikeun sacara lisan. Dina ieu media, warta lisan nu ditepikeunana leuwih ngutamakeun lentong, teu merlukeun réngkak jeung pasemon da moal katempo ku nu ngaregepkeunna.
Téangan media naon nu dipaké dina éta warta !
Televisi
Radio
Internet
Telegram
Acara Reportase Investigasi di Trans TV mangrupa hiji warta nu midangkeun data, pakta, atawa informasi nu leuwih munel tur lengkep. Ieu warta ogé ditambahan pamanggih panalungtik/pangamat jeung sumber tinulis lainna sangkan nu narima wartana ngarasa sugema. Dumasar kana hal éta, pek analisis acara di luhur kaasup kana jenis warta anu mana!
Depth news
Soft news
Feature
Interpretative news
Opinion news
Dumasar kana témana, warta miboga genep jenis warta. Ieu warta téh aya di sabudeureun urang saréréa. Analisis warta di handap ieu nu teu kaasup kana jenis warta numutkeun kana témana!
Warta langsung
Warta hampang
Warta pamanggih ahli
Warta ngosok jero
Warta tinulis
Dina nyusun warta téh urang perlu nedunan unsur-unsur warta. Éta unsur warta téh sok mindeng diistilahan 5W + 1H. Saenyanan singgetan tina kecap pananya dina basa Inggris what, where, when, who, why, how minangka dasar wangunan warta.
Téangan kalimah pananya di handap nu gunana nanyakeun kaayaan atawa cara pikeun ngalakukeun hiji hal nu cocog!
Naon nu jadi bangbaluh hidep téh?
Saha nu rék milu ka Kosambi téh?
Naha ari manéh téh kunaon?
Sabaraha éta pangaos acuk seragamna?
Kumaha carana nyieun combro?
Warta mangrupa laporan tina peristiwa atawa kamandang nu sipatna penting, ngirut, jeung anyar pikeun masarakat réa.
Telaah ungkara di handap ieu nu ngawengku warta nu hadé!
Warta anu ngandung unsur pulitik.
Warta anu eusina mihak ka salasahiji pihak atawa golongan.
Warta anu kacampuran ku opini atawa sawangan jeung pamadegan pribadi nu nulisna.
Warta anu ngagambarkeun kajadian saukur diwang-wang, dikira-kira, jeung dipapantes.
Warta anu informasina bisa jadi pangaweruh keur nu macana atawa nu ngadengekeunana
Susun léngkah-léngkah cara nyieun teks warta nu bener di handap ieu!
(1) Tangtukeun topik/kajadian nu rék dijadikeun hiji téks warta.
(2) Wawancara, observasi jeung dokumentasi.
(3) Tulis judul jeung téras warta
(4) Talungtik kajadian tina éta topik. Téangan sumber beritana supaya eusi berita bener-bener akurat.
(5) Nyieun rangkay téks warta
(6) Nyatet hal-hal penting. Catet hal-hal nu dianggap penting nu rék dijadikeun warta maké rumus 5W+1H
Susunan nu cocog pikeun nyaieun teks warta nyaeta ....
2, 4, 1, 6, 5, 3
1, 4, 2, 5, 6, 3
1, 4, 2, 6, 5, 3
2, 4, 3, 1, 6, 5
1, 2, 4, 3, 5, 6
Dina nyusun warta, urang moal bisa lepas tina unsur 5W+1H. Penting pisan ogé urang kudu parigel nangtukeun tema/jejer jeung judul. Nangtukeun téma mangrupa léngkah mimiti urang rék nyusun warta, sedengkeun nulis judul mangrupa léngkah ahir dina nyusun teks warta.
Analisis ungkara di handap ieu nu teu kaasup kana nangtukeun judul nu hadé!
Judul kudu luyu atawa relevan jeung tema atawa jejer
Judul kudu nimbulkeun kapanasaran jalma hayang maca eta tulisan
Judul kudu singget, ulah dina wangun kalimah atawa prase panjang tapi kudu ngawangun kecap atawa beungkeutan kecap anu singget
Upami kudu nyieun judul nu panjang, ciptakeun judul utama anu singget, tuluy judul tambahan nu panjang
Judul kudu provokatif
Dina nyusun teks warta urang bisa néangan informasi ku rupa-rupa cara. Bisa ngaliwatan wawancara, observasi, atawa dokumentasi. Salah sahiji cara pikeun néangan informasi bisa ku wangun tanya jawab jeung narasumber. Nara sumber diutamakeun pisan dina ieu cara sangkan meunang hiji informasi anu bener.
Saupama ku urang ditelaah, cara nu dimaksud di luhur nyaéta ngagunakeun cara ….
Observasi
Wawancara
Dokuméntasi
Dongéng
Sajarah
Salian ti wawancara jeung dokuméntasi, néangan hiji informasi dina nyusun téks warta bisa ogé ku cara observasi. Tina observasi ogé urang teu bisa lepas tina 5W+1H nu mangrupa genep kecap pananya What (naon), where (dimana), when (iraha), who (saha), why (kunaon) jeung how (kumaha) minangka dasar wangunan hiji warta.
Pék analisis, nu mana nu kaasup kana observasi !
Néangan informasi bisa ku wangun tanya jawab jeung narasumber.
Nengetan gejala nu aya di lokasi kajadian
Néangan data anu sumberna tina buku atawa dokumén lain.
Néangan informasi ku cara ngadatangan museum atawa perpustakaan
Néangan informasi ka narasumber ahli.
Kalimah nu teu ngandung kecap pangantet nyaeta .......
Kuring aya di Bandung
Ti kamari manehna indit
Adi titajong
Kaka mah balik ka imah
mobil aya parkir di luar
Upama balik ..........Garut, ulah poho nya mawa dodol!
kecap pangantet nu cocog pikeun kalimah di luhur nyaeta............
(a)
Kecap di handap nu teu kaasup kana rarangken hareup nyaeta ......
dicalana
tibalik
kanyaho
ka Jakarta
ditanya
Kuring mah moal balik ........ imah!
kecap pangantet nu cocok pikeun kalimah di luhur nyaeta .......
(a)
Geura asup ka imah, entong cicing wae ....... luar!
Kecap pangantet nu cocog pikeun kalimah di luhur nyaeta ......
(a)
