WorksheetsSTS II Bahasa Sunda
Total questions: 25
Worksheet time: 1hrs 15mins
Ragam basa hormat pikeun kabatur saluhureun kecap balik nyaeta .…
balik
mantok
mulih
wangsul
Kecap barang nu aya di jero sakola nyaeta .…
sapedah, beca, mobil
ember, katel, kompor
buku, korsi, meja
palastik, paku, palu
Budi : … harga mobil teh?
Jaya : dua puluh juta
Kecap pananya nu cocok pikeun eusian di luhur nyaéta ....
kumaha
saha
sabaraha
naha
Nu teu kaasup kagunaan aksara gedé nyaéta ....
ngamimitian nulis kalimah
nuliskeun ngaran jelema
nuliskeun ngaran patempatan
nuliskeun sajak
Kalimah anu marenah nu make aksara gede di handap ieu nyaeta .…
Dadi nyaba ka Sumedang
DADI nyaba ka sumedang
Dadi Nyaba Ka SUMEDANG
Dadi Nyaba Ka Sumedang
Agus jeung dodi sobat dalit ti leuleutik.
Kalimah di luhur kuduna ditulis ....
Agus jeung dodi sobat dalit ti leuleutik
Agus jeung Dodi sobat dalit ti leuleutik
Agus jeung Dodi Sobat dalit ti leuleutik
Agus jeung Dodi Sobat Dalit ti leuleutik
Pandu meuli Manglé ti palasari.
Kecap dina kalimah di luhur nu salah panulisanna nyaéta ....
Pandu
Meuli
Manglé
Palasari
... kantorna Bupati Bandung teh?
Kecap pananya nu bener pikeun eusian lolongkrang di luhur nyaeta ....
Dimana
Kamana
Iraha
Sabaraha
Timana Wa Ujang meser domba teh?
Kecap pananya timana diluhur nanyakeun .…
tempat
waktu
harga
luar
Alat musik anu dijieunna tina awi cara makena dioyag-oyagkeun nyaeta .…
kendang
angklung
kohkol
kulintang
.… Pa Maman nu cet hejo ngora.
Kecap barang anu cocog pikeun kalimah di luhur nyaeta .…
kasur
imah
radio
katel
Bahasa lemesna tina kecap dahar nyaeta .…
dahar
emam
tuang
nyatu
Upami bade … buku mah ka Kintan weh atuh!
Kecap barang anu cocog pikeun kalimah di luhur nyaeta .…
tambut
nambutan
nambut
nambutkeun
Bi Mimah ngagaleuh … dua leter, kanggo ngeusian kompor.
kecap nu bener pikeun eusian lolongkrang kalimah di luhur nyaeta ....
cai
gas
minyak goreng
minyak tanah
Waktos liburan kamari abdi asa sono hoyong pependak sareng Fitri, asa kabayang waé rarayna. Harita abdi kenging wartos ti umina yén Fitri dirawat inap di Rumah Sakit Hasan Sadikin, Bandung. Poko pikiran paragraf di luhur nyaeta ....
kasampak Fitri nuju ngalempréh di rumah sakit
abdi sono ka Fitri
di sakola, abdi janten calik nyalira margi tos teu aya Fitri
kasampak teh tos seeur rerencangan sakola nu sanes
Dina maca sajak urang kudu niténan ....
lafal, lentong, jeung pepeta
lafal, lentong, jeung aksara
lafal, lentong, jeung wacana
lafal, lentong, jeung guru wilangan
Kunaon méméh macakeun sajak, urang kudu apal heula eusina?
supados apal
supados sumanget
supados bener cara macana
supados sedih
Tulisan nu eusina nyaritakeun pangalaman panulis disebut ....
dongeng
carita pangalaman
karangan
biografi
Anggit keur beberesih.
Kalimah pananya nu cocog jang jawaban di luhur nyaeta ....
Keur naon Anggit?
Beberesih naon Anggit?
Saha Anggit?
Dimana Anggit?
Ngantos Kanjeng Dalem
Lempa-lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong
Ngaran patempatan nu disebutkeun dina kakawihan di luhur nyaéta ....
Bekasi
Ciamis
Batawi
Cirebon
Saha nu diusulkeun ku Oto Iskandardinata pikeun jadi presiden jeung wakil presiden Indonesia di awal kamerdekaan?
Soekarno jeung Moh. Hatta
Sanusi Harjadinata
Sentot Iskandardinata
Si Jalak Harupat
Ku kawanina mere keritik ka pamarentah Hindia Walanda, Oto Iskandardinata menang jujuluk ....
Si Julang Ngapak
Si Jalak Harupat
Ayam Jantan dari Timur
Pangeran Biru
Satamatna ti SD, Oto nuluykeun ka Sakola Guru di Bandung, tuluy pindah ka Purworejo. Ti dinya, Oto dibenum jadi guru HIS di Banjarnegara (1920), Bandung (1921-1924), jeung Pakalongan (1924-1928).
Dumasar bacaan diluhur, dimana Oto Iskandardinata jadi guru?
Bandung, Purworejo, jeung Banjarnegara
Bandung, Purworejo, jeung Pakalongan
Bandung, Banjarnegara, jeung Pakalongan
Purworejo, Banjarnegara, jeung Pakalongan
Nu teu kaasup eusi biografi nyaeta ....
Ngaran jeung weton nu diriwayatkeun
Karya-karya hiji tokoh
Pangajen nu ditarima salila hirup hiji tokoh
Karesep nu diriwayatkeun
barudak latihan ngojay di karang setra
Kalimah di luhur kuduna ditulis ....
Barudak Latihan Ngojay di Karang Setra
Barudak latihan ngojay di Karang Setra
Barudak latihan ngojay di karang setra
Barudak latihan ngojay di karang Setra
