wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan STS Genap Basa Sunda

Total questions: 31

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

Gambar bungbuahan di sisi ngandung zat ... .

a)

protein

b)

karbohidrat

c)

vitamin

d)

mineral

2.

Mun loba teuing ngadahar kadaharan di handap bisa ngabalukarkeun nyeuri huntu.

Gambar kadaharanna nyaeta ... .

a)
b)
c)
d)
3.

Hiji cara sangkan hawa seger asup ka jero imah nyaeta ... .

a)

di jero imah kudu make seuseungitan

b)

jandela imah kudu remen dibukakeun unggal isuk-isuk

c)

nyetel kipas angin

d)

melak tatangkalan di hareupeun imah

4.

nyimpen duit sesa atawa ngahaja nyimpeun duit dina wadah, ngaranna ... .

a)

nyengcelengan

b)

simpenan

c)

neundeun poho

d)

nabung di bang

5.

galak - sok - Jang - ka batur - ulah

Susunan kalimah nu merenah keur kecap-kecap di luhur nyaeta ... .

a)

Ka batur sok galak, ulah Jang !

b)

Ulah sok galak ka batur, Jang !

c)

Jang, ulah galak ka batur sok !

d)

galak ka batur sok ulah, Jang !

6.

Guguritan nyaeta salah sahiji wangun...

a)

Puisi sunda

b)

Sisindiran

c)

Wawangsalan

d)

Caritaan

7.

Padalisan nyaeta...

a)

Paragraf

b)

Kalimat

c)

Baris

d)

Bait

8.

Urang kudu boga sobat dalit

keur silih tulungan

silih titipkeun nya diri

ngarah hirup henteu susah


Judul pupuh diluhur nyaeta...

a)

Sobat dalit

b)

Rajin

c)

Hirup babarengan

d)

Basa Sunda

9.

Kecap sabalikna tina kecap dijual, nyaeta ….

a)

dibeuli

b)

dibantu

c)

diical

d)

dibawa

10.

Kecap kadaharan asal kecapna ….

a)

kadahar

b)

dahar

c)

didahar

d)

dahareun

11.

Ibu kandung hartina ibu anu ….

a)

ngalahirkeun urang

b)

ngangais urang

c)

mere susu urang

d)

nganter ka posyandu

12.

Kecap kadaharan asal kecapna ….

a)

kadahar

b)

dahar

c)

didahar

d)

dahareun

13.

Meuli baju teh ….. mana ?

a)

ti

b)

ti

c)

dina

d)

kana

14.

Pagaewanana teh ngapungkeun kapal udara, nyaeta …

a)

pulisi

b)

pilot

c)

satpam

d)

tentara

15.

Nyi Endit kawentar ku korétna.

Kecap korét téh sarua hartina jeung kecap...

a)

pedit

b)

bageur

c)

beunghar

d)

jegud

16.

Anu nyiptakeun kawih Karatagan Pahlawan, nyaeta ....

a)

Mang Koko

b)

Pahlawan Bangsa

c)

Lemah Cai

d)

Korban Merdeka

17.

Anu bisa di arah ti jero cai walungan teh, nyaeta ....

a)

pepelakan

b)

lalaukan

c)

sasatoan

d)

bubuahan

18.

Peuyeum Bandung teh kadaharan nu dijieun tina ....

a)

hui

b)

sampeu

c)

beas ketan

d)

taleus

19.

Ari kadaharan nu dijieun tina parudan sampeu nu dibuleud-buleud eusina gula beureum tuluy digoreng, ngaranna ....

a)

Misro

b)

Comro

c)

Katimus

d)

Gegetuk

20.

Carita Pondok anu diwangun ku 2 nepi ka 15 kaca, disebut ....

a)

Novel

b)

Novelet

c)

Carpon

d)

Carbung

21.

Kecap gering ngabogaan harti sabalikna tina kecap ....

a)

nyeri

b)

cageur

c)

kuat

d)

jangar

22.

Rieut nyeri sirah jejeletoran, disebut ....

a)

jangar

b)

lieur

c)

jengkoleun

d)

jeungjeuriheun

23.

Ieu di handap anu kaasup kalimah langsung nyaeta ....

a)

Marwah nyarita yen manehna nyeri beuteung

b)

Ari nanya ka Bubun kunaon teu sakola?

c)

"Acara perpisahan teh jadina iraha, Nen?" Tanya Dina

d)

Bapa nitah ka Reni pangnyokotkeun tasna.

24.

Bagian walungan nu jero sarta biasana lega, disebutna ....

a)

leuwi

b)

lembur

c)

kebon

d)

lemah

25.

Ani neundeun buku di luhureun meja hejo di kamar.

kecap nu cetak miring ngandung harti ....

a)

konotatif

b)

subjektif

c)

denotatif

d)

luas

26.
  1. Adat sarua hartina jeung ....

a)

tradisi

b)

cara

c)

budaya

d)

zaman

27.

Tahu ... teh mani kasohor pisan.

a)

Bandung

b)

Sumedang

c)

Ciamis

d)

Bogor

28.

teu honcewang sumoreang, tekadna pahlawan bangsa. Harti nu digaris bawah nya eta ....

a)

hariwang

b)

teu sieun

c)

melang

d)

sieun

29.

Kagiatan ngalagukeun kawih disebut ....

a)

nembang

b)

ngidung

c)

ngawih

d)

kakawihan

30.

anu kaasup kana inuman khas sunda, nya eta ...

a)

sirop

b)

susu

c)

bajigur

d)

jus

31.

Lemah Cai Kuring dikarang ku ....

a)

Mang Asep

b)

Mang Koko Koswara

c)

Mang Parno

d)

Mang Asep