wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN BASA SUNDA KELAS 2

Total questions: 25

Worksheet time: 1hrs 15mins

Name
Class
Date
1.

Pupuh Pucung


Ari jalma asup kana mahluk hirup, teu bisa nyorangan, urang kudu loba wargi, pikeun hirup babarengan sauyunan.

Kudu sauyunan rejeung batur, tulung-tinulungan, asal batur jadi wargi, hirup urang jadi loba duduluran.

Silihasih silihasah silihasuh, jeung papada jalma, silihtepakeun pangarti, sangkan urang bisa nambahan kabisa.

Urang kudu silihasah pangaweruh, nyiar pangabisa, silihasih ku pangarti, nu tungtungna bakal loba pangalaman.


Teu bisa naon jalma teh ...

a)

lobaan

b)

nyorangan

c)

sauyunan

2.

Pupuh Pucung


Ari jalma asup kana mahluk hirup, teu bisa nyorangan, urang kudu loba wargi, pikeun hirup babarengan sauyunan.

Kudu sauyunan rejeung batur, tulung-tinulungan, asal batur jadi wargi, hirup urang jadi loba duduluran.

Silihasih silihasah silihasuh, jeung papada jalma, silihtepakeun pangarti, sangkan urang bisa nambahan kabisa.

Urang kudu silihasah pangaweruh, nyiar pangabisa, silihasih ku pangarti, nu tungtungna bakal loba pangalaman.


Jalma teh kaasup kana makhluk naon?

a)

makhluk paeh

b)

makhluk hirup

c)

makhluk nyorangan

3.

Ari basa lemesna panon teh nyaeta soca. Gunana soca paranti ...(lemes)

a)

ngadangu

b)

ningal

c)

nempo

4.

Runtah kudu ... kana tempatna.

a)

dipiceun

b)

kapiceun

c)

piceun

5.

Lamun buuk geus jabrig kudu ...

a)

dicukur

b)

kacukur

c)

cukur

6.

susan keur ...

a)

ngala kembang

b)

sasapu

c)

maraban hayam

7.

Mana cara nuliskeun kalimah anu bener

a)

nami abdi tisna

b)

Nami abdi Tisna.

c)

nami Abdi tisna.

8.

Lamun kana pagawean, urang teh teu meunang ...

a)

pahiri-hiri

b)

sauyunan

c)

rukun

9.

cara meresihan ramat lancah nyaeta ...

a)

make sapu injuk atawa kamoceng

b)

dipiceun ka jarian

c)

make kored

10.

Susun kecap di handap jadi kalimah!

kerja-barudak-bakti-di-sakola-buruan

a)

barudak kerja bakti di buruan sakola

b)

kerja bakti di barudak buruan sakola

c)

sakola di kerja bakti buruan barudak

11.

Lamun embung disetrap di sakola urang teh kudu ...

a)

bangor

b)

kabeurangan

c)

disiplin

12.

Lamun disetrap ku Ibu/Bapa Guru tangtu wae matak jadi ...

a)

atoh

b)

era

c)

reueus

13.

Saha itu nu ka kidul

cenah arek meuli lilin

kana pancen entong ...

pikeun ngalatih disiplin

a)

kedul

b)

rajin

c)

getol

14.

Rinrin nuju ... di kelas.

a)

ngepel

b)

nyapu

c)

nyebor

15.

Rudi bade miceun ... ka jarian.

a)

runtah

b)

lauk

c)

sapu

16.

Dewi nuju ... tangkal kembang di taman.

a)

nyebor

b)

sasapu

c)

meresihan

17.

Tukang Lauk Bageur

Abdi dipiwarang ka pasar ku mamah. Saur mamah teh, Raisa, pangmeserkeun lauk emas sakilo. Urang ngadamel pais lauk. Meserna mah di Pa Uking wae. Langganan mamah. Abdi di pasihan artosna ku mamah, teras wae ka pasar. Mapah da caket. Paling ge mung tilu ratus meteran. Di tengah jalan abdi nembe emut.Gening acuk anu dianggo teh soeh. Atuh abdi uih deui ka bumi. Da isin nganggo acuk soeh ka pasar mah.

Judul carita di luhur nyaeta ...

a)

Tukang Lauk Bageur

b)

Tukang Tahu Bageur

c)

Tukang Tempe Bageur

18.

Ngadahar anu lada teh matak ...

a)

rieut

b)

nyeri huntu

c)

nyeri beuteung

19.

Loba ngadahar nu amis-amis sok matak ...

a)

nyeri huntu

b)

nyeri panon

c)

malaria

20.

melak-patani-di sawah-pare

a)

Patani melak pare di sawah.

b)

Melak patani pare di sawah.

c)

Patani pare di sawah melak.

21.

Memeh indit ka sakola, alusna mah ... heula.

a)

wareg

b)

jajan

c)

sasarap

22.

Anu sok dijieun ranginang mah ....

a)

waluh

b)

ketan

c)

cau

23.

Anu sok diala maké elém mah ....

a)

papatong

b)

lauk

c)

manuk

24.

Ari rék indit ti imah kudu ...heula ka kolot.

a)

bébéja

b)

rurusuhan

c)

dipapatahan

25.

Jarapah mah .... panjang.

a)

tutaléna

b)

beuheungna

c)

kukuna