NEW
Font size
WorksheetsLATIHAN PRA US BASA SUNDA KELAS XII
Total questions: 50
Worksheet time: 54mins
Kakaknya sedang mengadakan acara tujuh bulanan di rumah mertuanya.
Tarjamahan tina kecap acara tujuh bulanan saupama dipatalikeun jeung konteks kabudayaan Sunda nyaeta....
seren tampi
ngeuyeuk seureuh
jatukrami
tingkeban
seserahan
I will go home lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda anu merenah jeung aturan tatakrama basa nyaéta ...
Abdi badé ka rorompok
Urang rék ka imah
Kuring badé wangsul
Urang rék uih
Kuring arék indit ka imah
Sedikit ngerti ngaku udah paham
Kerja sedikit maunya kelihatan
Otak masih kayak TK kok ngakunya sarjana
Ngomong-ngomongin orang udah kayak jagoan
Tong kosong nyaring bunyinya
Klentang klentong kosong banyak bicara
Oceh sana sini gak ada isi
Paribasa tong kosong nyaring bunyinya sarua hartina jeung …
Gentong kosong ngelentrung
Kohkol kosong ngelentrung
Lodong kosong ngelentrung
Gentong kosong tarik sorana
Tong kosong ditakol
Dalem Boncél kacida kaduhungeunana, lantaran geus wani wani ngusir kolotna. Ayeuna ku dirina karasa kumaha balukarna doraka ka nu jadi kolot. Manéhna nyegruk kanyenyerian bari nangkeup tetengger kuburan indung bapana
Amanat anu ditepikeun tina sempalan dongéng di luhur téh nyaéta ....
kudu indit ka kuburan indung bapa
ulah doraka ka nu jadi kolot
kudu wani ngusir kolot
ulah sok kaduhung
ulah sok nyegruk
Titénan sempalan dongéng dihandap ieu !
(1) Di lamping gunung Mégamendung, teu tebih ti jalan anu ti Bogor ka Sindanglaya, aya Situ Hiang, katelahna Talagawarna.
(2) Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manéhna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil.
(3) Ceuk ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
(4) Kacaritakeun praméswari Prabu Munding Wangi ngagaduhan putra istri, anu geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina. Jenenganana Déwi Kandita.
(5) Prabu Boros Ngora téh salasahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nya éta Radén Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana.
Sempalan dongéng di luhur nu kagolong kana wangun carita babad nyaéta….
1
2
3
4
5
Ieu di handap sempalan dongéng nu kaasup kana dongeng sasakala nyaéta ....
Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau. Sakadang kuya melak anak cau, ari sakadang monyét melak jantungna
Si oray kuda anu salawasna jal sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas-lengis ka si Aki ménta ditulungan, sien génghék kaduruk.
Jaman baheula aya Raja Sepuh nu kacida welas asihna ka pala putrana. Ari putrana aya tilu, kabéhanana ogé awéwé. Hiji mangsa, Raja ngageroan putra- putrana sina ngariung, masamoan di karaton jeung kulawadetna. Ku Raja éta anak-anakna téh rék ditanya soal kanyaahna ka manéhna.
Jol sakadang maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak sakadang kuya. Gur baé suluh téh diseungeut
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan léb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.
Salasahiji ciri dongéng téh anonim, maksudnya nyaéta...
Sumebarna sacara lisan
Sumebarna sacara tinulis
Kanyahoan anu ngarangna
Teu kanyahoan saha anu ngarangna
Ngabogaan amanat
Mana aksara Sunda anu kaasup kana angka?
A
B
C
D
E
Aksara Sunda di luhur ka asup kana jenis aksara ...
aksara swara
aksara vokal
aksara ngalagena
aksara angka
bentuk rarangkén ngarana...
Paneuleung
Panyiku
Pamaéh
Pangwisad
Robah kana aksara latén tina
ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮕᮤᮔ᮪ᮒᮨᮁ
Abdi pinter
Abdi pinteur
Abdi pintér
Abdi finter
Abdi Finteur
Mana tokoh ieu di handap anu mopulérkeun kawih "Kabogoh Jauh"?
Bubuy bulan sanggray béntang
Panonpoé disasaté
Unggal bulan abdi téang
Unggal poé ogé hadé
Kawih di luhur téh rumpakana ngagunakeun puisi ....
sair
puisi bébas
sisindiran
guguritan
pupuh
Itu saha dunungan, ngabantun munding
digantélan geuning ku sapu tangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
singhoréng mah aduh, geuning jungjunan
Ditilik eusi rumpakana, téma kawih És Lilin téh nyaéta ....
religiusitas
gotongroyong
sosial
kaadilan
cinta
Keuyeup
Beungeut nyanghareup
Leumpang nyangigir
Beungeut nyanghareup
Ati mungkir
ku: Ganjar Kurnia
Ngagambarkeun naon sajak diluhur?
Keyeup
jalma soleh
jalma munafik
gajah
jalma bangor
Baca Sajak ieu di handap!
Priyangan
Karya Rahmat M. Sas Karana
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(Dicutat tina Tepung di Bandung, ......)
Harti Jungjunan dina sajak di luhur nyaéta ....
nu dipikacinta
nu dipikangéwa
nu dipikareueus
nu dipikamelang
nu dipikahariwang
Pa RT : kaleresan abdi ogé ningali awal kajantenan ieu musibah téh. Malihan mah abdi nu nelepon petugas damkar!
Pananya anu pas pikeun ngeusian titik-titik diluhur nya éta....
Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka Gustinu Maha Suci.
Kecap anu kudu diganti upama urang ngabebenah kalimah di luhur ku basa Sunda anu merenah nyaéta...
Puji
Sukur
Panjatkeun
Sinareng
Gusti
...
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….
Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :
bubuka biantara
panutup biantara
eusi bianta
mamanis biantara
……...
Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….
ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….
bubuka biantara
panutup biantara
eusi biantara
mamanis biantara
1) ngucapkeun salam
2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
3) ngucapkeun sukur ka allah
4) medar tema nu rek ditepikeun
5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...
1-2-3
2-3-4
1-3-5
3-4-5
Punten bu abdi bade…...buku dipiwarang ku ibu andi.
Nyandak
Ngabantun
nyokot
mawa
BUAH SEUNGIT PINUH CUCUK
CADU TEUING KUDU BALIK.
WANGSALNA . . ..
NANGKA
SALAK
DUREN
KADU
Dihandap ieu anu lain kaasup wangun sisindiran nyaeta . . .
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Pupujian
Sisindiran
Aya Meri Dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut Batur
Nilik Kana eusina, sisindiran diluhur teh kagolong Kana.....
Piwuruk
Silih asih
Sesebred
Banyol
Nasehat
Abdi teh kapiring leutik
Abdi isin ka gamparan
Wangsal tina wawangsalan di luhur nyaeta....
piring
gelas
cangkir
pisin
mangkok
Ka Bandung ge meni ulah
Balik-balik rek ka mana
Ka Bandung arek kuliah
Balik-balik jadi Sarjana
Sisindiran di luhur ka asup kana jenis ...
paparikan
rarakitan
sisindiran
wawangsalan
pupujian
Jalma anu miluan kana kagiatan diskusi disebut . . . .
Pamilon
Patandang
Panata Calagara
Narasumber
Pangjejer
Kagiatan ngébréhkeun pamadegan ngeunaan perkara atawa masalah sangkan bisa netepkeun kumaha pialuseunana disebut . . . .
Simposium
Lokakarya
Seminar
Rapat
Sawala
Saméméh urang ngalaksanakeun pancén jadi panumbu catur, sangkan acarana lancar sarta teu méngpar atawa kaluar tina topik bahasan, urang kudu . . . .
Nyiapkeun slide dina power point.
Nolak sakumna pananya ti audiéns.
Maca heula saméméhna.
Nyiapkeun catetan.
Ngawasa pasualan anu luyu jeung jejer/téma acara.
Ieu di handap jalma anu purah mingpin diskusi publik anu disiarkeun dina televisi (talkshow), iwal ti . . . .
"Bapa manéh teu ninggalan nanaon ka urang. Wayahna manéh kudu daék kentél peujit," ceuk indungna bari ngaput baju saragam sakola nu Si Narsim, nu geus saroéh.
Dumasar kana sempalan carpon di luhur, nuduhkeun puseur sawangan . . . .
Jalma kahiji
Puseur sawangan Si Narsim
Manéhna salaku pangarang
Jalma katilu sarwa nyaho
Jalma kahiji sarwa nyaho
“Kurah-koréh di buruan nu héjo ku kekembangan bisi aya oray atawa bangkong paéh, angger euweuh. “Naha naon nya Mah, nu matak bau téh?” ceuk kuring ka Mamah nu keur anteng kaprak-keprek di dapur.”
Dumasar sempalan carita pondok di luhur, latar tempat nu dicaritakeun téh di . . .
Di Garasi
Di Kamar cai
Di Kantor
Di Imah
1) Wangun karanganna pondok
2) Eusina kaharti ku akal/realistis
3) Biasana nyaritakeun kajadian anu kompléks
4) Jumlah palakuna kawatesanan
5) Eusi caritana numuwuhkeun sikep positif ka nu maca
Anu mangrupa ciri-ciri carpon nyaéta . . .
1, 2, 4, jeung 5
1, 2, 3, jeung 4
2, 3, 4, jeung 5
1, 3, 4, jeung 5
8. Pék baca sempalan carpon di handap !
Harita kuring miboga cita-cita jadi Guru, tapi kaayaan nasib kulawarga anu hanteu walakaya megatkeun kasumangetan. Anu akhirna kuring lulus sakola ngan saukur tingkatan Sakola Dasar. Haté ceurik nempo babaturan saangkatan neruskeun sakola, merjuangkeun nasib ku sumanget diri jeung kaayaan. Palebah nalipak na diri kuring nu ayeuna ngan saukur jadi tukang koran anu gawéna udar-ider kapanasan, kahujanan, bieung laku, bieung henteu laku ieu koran. Ngagerentes dina haté kuring kudu usaha sangkan bisa sakola, hayang ningkatkeun harkat martabat kulawarga.
Anu lain bagian galur pikeun carpon di luhur....
a. Haté ceurik nempo babaturan neruskeun sakola.
b. Kuring rék eureun jadi tukang koran
c. Kuring boga cita-cita hayang jadi guru
d. Kuring hayang ningkatkeun harkat martabat kulawarga
Bedana biografi jeung otobiografi nyaeta . . .
Biografi ditulis ku batur, otobiografi ditulis sorangan
Biografi ditulis sorangan, otobiografi ditulis ku batur
Biografi riwayat hirup pahlawan, otobiografi riwayat hirup sorangan
Biografi riwayat hirup sorangan, otobiografi riwayat hirup pahlawan
Biografi ditulis sorangan, otobiografi ditulis batur oge hade ku sorangan
Radén Déwi Sartika téh keur urang Sunda mah geus teu bireuk deui. Anjeunna salah saurang pahlawan pendidikan pituin urang Sunda. Dina kaayaan anu walurat jaman penjajahan Walanda, Ibu Déwi Sartika nyarita “Kuring tigin ngaping ngadidik kaom istri Sunda anu harita harayangeun maju”.
Wacana di luhur kaasup kana wangun…
Ésséi
Artikel
Biografi
Otobiografi
Tajuk rencana
Radén Déwi Sartika jeung Radén Ajeng Kartini, pahlawan nu buméla dina ngaronjatkeun darajat kaom wanoja. Sok sanajan kitu, naon bédana jasa-jasa antara Radén Déwi Sartika jeung Radén Ajeng Kartini ...
Radén Déwi Sartika jeung Radén Ajeng Kartini nulis surat pikeun pamaréntah Walanda.
Radén Déwi Sartika tarékahna ngan ukur cita-cita atawa lamunan hungkul, sedengkeun Radén Ajeng Kartini nyusun buku ngeunaan kalungguhan wanoja Sunda.
Radén Déwi Sartika tarékahna dibarengan jeung usaha, sedengkeun Radén Ajeng Kartini nyusun buku ngeunaan kalungguhan wanoja Sunda.
Radén Déwi Sartika jeung Radén Ajeng Kartini ngadegkeun sakola kautamaan istri.
Radén Déwi Sartika ngadegkeun sakola kautamaan istri, sedengkeun Radén Ajeng Kartini ngan ukur cita-cita atawa lamunan hungkul.
Karya sastra caritaan nu caritana leuwih kompleks, palakuna ogé rada loba, jeung wangunna buku nya éta ...
Cerpen
Guguritan
Dongéng
Novel
Prasasti nu Ngancik dina Ati
(Popon Saadah)
Basa kuring keur ngaderes "Burni jeung Manusa" di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
"Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.
"Yup!”
"Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!"
"Pamasihan."
"Parnasihan saha?"
Teu dijawab.
"Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?"
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
"Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!"
Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.
"Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun." Manéhna mencrong kénéh.
"Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug rnasihan," kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.
Dina sempalan tek di luhur palakuna saha wae...
Prasasti
Kuring
Prasasti, Kuring
Prasasti, Kuring (Rin), Fauzan
Prasasti, Fauzan, Rinega, Margareta
Kecap budaya asalna tina basa...
Sangsekerta
Arab
Yunani
Walanda
Indonesia
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna...
folklor
budaya
tradisi
étika
tatakrama
Arjuna teh anakna Dewi Kunti. Arjuna kawin ka Subadra boga anak ngarana Abimanyu. Abimanyu kawin ka Dewi Utari boga anak nu ngaranna Parikesit. Parikesit ka Dewi Kunti perenahna....
Nini
Buyut
Udeg-udeg
bao
Janggawareng
Palaputra anu dilahirkeun ku Déstarata ti Dewi Gandari disebut…..
Anumerta
Kurawa
Pandawa
Banyakcatra
Indraprasta
Carita ... museur kana peperangan antara pihak Karajaan Ayodya jeung Karajaan Aléngka
Ramayana
Bharata Narada
Mahabarata
Ki Mandahong
Drama tradisinal anu séting panggungna ngagunakeun pakarangan terbuka, maké oncor nu ditancebkeun maké tihang awi, sarta waktu magelaran pamaénna bisa interaksi langsung jeung nu nongton disebut ....
ubrug
banjet
sandiwara
tunil
longsér
Drama Sunda anu dialog-dialogna diréka maké tembang atawa lagu siga opera di Eropa disebut ....
gending karesmén
tunil
sandiwara rayat
banjet
tarling
Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut ....
épilog
dialog
monolog
prolog
katalog
karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika anu tangtu disebut...
Pedaran
Makalah
Ésey
Artikel
Skripsi
