WorksheetsPupujian 3
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Pupujian kaasup kana karya sastra puisi nu cara nulisna dina wangun sababaraha pada. Pupujian téh biasana sok didéklamasikeun.
BENER
SALAH
Baca pupujian di handap!
KA ALLOH NU MAHA MULYA
Ya Alloh Nu Maha Mulya
Ka Anjeun abdi sadaya
Ibadah sakuat daya
Sareng nyuhunkeun pangraksa
Gusti Alloh Maha Suci
Abdi seja pasrah diri
Mugi anjeun kersa nampi
Amal jeung ibadah abdi
Pupujian di luhur eusina nyaéta sholawat ka Kanjeng Nabi.
BENER
SALAH
Eusi pupujian pada umumna nyoko kana ajaran widang kaagamaan
BENER
SALAH
Pupujian téh karya sastra sampeuran nu mangrupa pangaruh tina sastra Jawa.
BENER
SALAH
Nilik kana sajarah mimiti ayana pupujian, ieu karya sastra téh mimiti tumuwuh tur mekar di lingkungan pasantrén.
BENER
SALAH
ÉLING-ÉLING DULUR KABÉH
Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Pupujian Éling-Éling Dulur Kabéh eusina nyaéta ngelingan sakabéh manusa bakal maot.
BENER
SALAH
Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Pola pupujian Éling-Éling Dulur Kabéh nyaéta é-é-é-é
BENER
SALAH
Ugeran dina nulis pupujian téh salasahijina nyaéta jumlah jajaran tiap padana kudu béda.
BENER
SALAH
Waktu nu merenah pikeun maca pupujian nyaéta saméméh sholat berjamaah di masjid saacan adzan.
BENER
SALAH
Anak Adam anjeun di dunya ngumbara,
Umur anjeun di dunya téh moal lila
Anak Adam umur anjeun téh ngurangan,
Saban poé saban peuting dicontangan
Pupujian anu judulna “Anak Adam” mépélingan ka umat manusa yén urang hirup di dunya téh bakal abadi.
BENER
SALAH
Budaya daérah nu mangaruhan puisi pupujian nya éta ...
Melayu
Jepang
Belanda
Arab
Ditingali tina eusina, mangka puisi pupujian teu leupas tina pendidikan ...
Kasenian
Kaagamaan
Olahraga
Organisasi
Jumlah padalisan (baris) tiap pada (bait) dina pupujian nya éta...
Dua
Tilu
Opat
Lima
Cara nepikeun pupujian nya éta ...
Dibaca laun (pelan)
Ditalar (dihapal)
Dibaca bedas (keras)
Dilagukeun
Tempat ngagunakeun pupujian nya éta ...
Di masjid
Di madrasah
Di sakola
Di pasar
Conto kalimah panyarék (larangan) nya éta ...
Ulah ulin di dieu!
Bawa bangkuna ka kelas!
Mugia meunang kabagjaan!
Hayu urang meuli baso!
Hayu urang gawé babarengan!
Éta kalimah mangrupa conto tina kalimah ...
Panitah
Pangajak
Pangharepan
Pangjurung
Hadéna mah isukan baé indit téh!
Éta kalimah kaasup kana conto kalimah...
Pangwawadi
Panyarék
Panitah
Paménta
Conto kalimah pangharepan nya éta ...
Mugia urang sadaya aya dina kaayaan sehat wal'afiat!
Burukeun angkat laukna!
Ulah diuk deukeut panto!
Entong ngaheureuyan budak waé atuh!
Nu kaasup kana bagian kalimah paréntah nya éta saperti ieu di handap, iwal ti ...
Kalimah pananya
Kalimah paménta
Kalimah pangwawadi
Kalimah pangharepan
