WorksheetsSTS Bahasa Sunda kelas 8
Total questions: 50
Worksheet time: 31mins
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
Deudeuh geugeut ka Persib
Dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
Nu urang Sunda
Nu uing nu silaing
Rumpaka ieu disebut Pupuh Durma
Bener
Salah
Persib
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
Deudeuh geugeut ka Persib
Dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
Nu urang Sunda
Nu uing nu silaing
Dumasar kana rumpaka Pupuh Durma nu judulna Persib guru lagu padalisan ka-3 nyaéta (a).
Bener
Salah
Guguritan téh nyaéta puisi mangrupa dangding (ditembangkeun) anu teu kawilang panjang (Iskandarwassid, 1992:46).
Bener
Salah
Guguritan nyaéta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh (Sudaryat, spk., 2007:98). Ku lantaran henteu panjang biasana ditulisna dina wangun hijin pupuh, henteu gunta-ganti pupuh cara Wawacan.
Bener
Salah
Pupuh téh jumlahna aya 17, Pupuh Sekar Ageung nya éta: Kinanti, Asmarandana, Sinom, Dangdanggula,
Bener
Salah
Pupuh téh jumlahna aya 17, Pupuh Sekar Alit jumlahna aya 13, daintarana nya éta: mijil, magatru, juru demung, balakbak,
Bener
Salah
Pupuh téh jumlahna aya 17. Watek pupuh durma: ngagamberkeun rasa ambek, sumanget, gedé harepan
Bener
Salah
Pupuh téh jumlahna aya 17. Watek pupuh mijil: ngagambarkeun kasedih.
Bener
Salah
Hidep geus nganalisis jeung nembangkeun guguritan. Ayeuna urang diajar nulis guguritan. Guguritan téh nya éta karangan anu diwangun ku pupuh. Tangtu waé upama rék nyieun guguritan téh kudu apal kana patokan pupuhna.
Bener
Salah
Unggal pupuh sarua. Boh jumlah padalisan pon nya kitu deui sora-sora engangna. Tah ayana éta bébédaan jadi calecer pikeun nangtakeun ayana palanggeran dina unggal pupuh.
Bener
Salah
Palanggeran dina pupuh téh ngawengku:
1. Jumlah padalisan
2. Jumlah engang dina unggal padalisan
3. Hurup vokal anu ditungtung dina unggal padalisan
Bener
Salah
Lian ti pada jeung padalisan, aya deui istilah séjén anu kudu dipiwanoh ku urang dina diajar guguritan nyaéta guru wilangan jeung guru lagu
Bener
Salah
Jumlahna pupuh aya 17 sarta masing-masing pada boda sipat atawa watek sewang-sewangan. Sipat atawa watek hiji-hijina pupuh the nyaeta sipat anu digambarkeun dina guguritanana, naha gambar gumbira, sedih, hereuy, napsu, jeung sajabana.
Bener
Salah
Jumlahna pupuh aya 17 sarta masing-masing pada boda sipat atawa watek sewang-sewangan. Dangdanggula, anu watekna ngadago, sedih.
Bener
Salah
Jumlahna pupuh aya 17 sarta masing-masing pada boda sipat atawa watek sewang-sewangan. Sinom, anu watekna agung, agem, bungah, langen, manis.
Bener
Salah
Jumlahna pupuh aya 17 sarta masing-masing pada boda sipat atawa watek sewang-sewangan. Kinanti, anu watekna ngadago, aya nu diarep-arep, prihatin.
Bener
Salah
Jumlahna pupuh aya 17 sarta masing-masing pada boda sipat atawa watek sewang-sewangan. Asmarandana anu watekna birahi, silih asih.
Bener
Salah
Adat Jalma
(Mijil)
Sipat jalma adat masing-masing
Nu rajin nu getol
Nu balabah soméah daréhdéh
Wijaksana tulatén gumati
Lantip amis budi
Ampuh lungguh timpuh
Dumasar rumpaka Pupuh Mijil nu judulna Adat Jalma, guru wilangan padalisan ka-4 nyaeta: 10
Bener
Salah
Adat Jalma
(Mijil)
Sipat jalma adat masing-masing
Nu rajin nu getol
Nu balabah soméah daréhdéh
Wijaksana tulatén gumati
Lantip amis budi
Ampuh lungguh timpuh
Dumasar rumpaka Pupuh Mijil nu judulna Adat Jalma, guru lagu padalisan ka-5 nyaeta: (i)
Bener
Salah
Jumlahna pupuh aya 17 sarta masing-masing pada boda sipat atawa watek sewang-sewangan. Magatru, anu watekna prihatin, lulucon, panyelang.
Bener
Salah
Guguritan dicokot tina kecap gurit, nu hartina ….
nyanyi
nulis
ngagorowok
maca
Guguritan mangrupa hiji wangun karangan sastra …
puisi
prosa
drama
waditra
Guguritan kaasup kana karangan sastra puisi, sabab …
bisa dimusikalisasi puisikeun
puitis
diwangun ku pada & padalisan
diuger ku guru lagu -guru wilangan
Guguritan nyaéta …
puisi nu ditulis
puisi nu dimusikalisasi
puisi nu kauger ku guru lagu-wilangan
puisi nu ditulis kalayan pola dangding tur ditembangkeun
Budaya Guguritan meunang kapangaruhan ti …
Arab
Malayu
Mataram (Jawa)
Kulon (Eropah)
Jumlah pupuh Sunda aya …
13
17
21
4
Wanda pupuh Sunda dibagi dua, nyaéta Sekar Alit jeung Sekar Ageung. Sekar Ageung Jumlahna aya …
13
17
21
4
Wanda pupuh Sunda dibagi dua, nyaéta Sekar Alit jeung Sekar Ageung. Sekar Alit Jumlahna aya …
13
17
21
4
1) Kinanti
2) Sinom
3) Asmarandana
4) Durma
Di handap ieu nu kaasup Pupuh Sekar Ageung dituduhkeun ku nomer …
1,2, & 3
1 & 3
2 & 4
4
Guguritan kaasup kana karangan puisi klasik, nyaéta wangun puisi anu …
kauger ku guru lagu
kauger ku guru wilangan
kauger ku guru lagu & guru wilangan
kauger ku karuhun buhun
Guru Lagu nyaéta …
jumlah engang dina unggal kalimah
jumlah engang dina unggal padalisan
sora vokal panungtung dina unggal kalimah
sora vokal panungtung dina unggal padalisan
Guru Wilangan nyaéta …
jumlah engang dina unggal kalimah
jumlah engang dina unggal padalisan
sora vokal panungtung dina unggal kalimah
sora vokal panungtung dina unggal padalisan
Sora vokal panungtung dina unggal padalisan disebut …
Guru Lagu
Guru Wilangan
Sekar Ageung
Sekar Alit
Jumlah engang dina unggal padalisan disebut …
Guru Lagu
Guru Wilangan
Sekar Ageung
Sekar Alit
budak leutik bisa ngapung [8-u]
babaku ngapungna peuting [8-i]
nguriling kakalayangan [8-a]
néangan nu amis-amis [8-i]
sarupaning bungbuahan [8-a]
naon baé nu kapanggih [8-i]
Pupuh di luhur mangrupa pupuh …
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Dangdanggula
Warna-warna lauk empang [8 – a]
Aya nu sami jeung pingping [8 – i]
Pagulung patumpang-tumpang [8 – a]
Ratna Rengganis ninggali [8 – i]
Warnaning lauk cai [7 – i]
Lalawak pating suruwuk [8 – u]
Sepat pating karocepat [7 – a]
Julung-julung ngajalingjing [8 – i]
Sisi balong balingbing, sisi balungbang [12 – a]
Pupuh di luhur mangrupa pupuh …
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Dangdanggula
éling-éling mangka éling [8 – i]
rumingkang di bumi alam [8 – a]
darma wawayangan baé [8 – é]
raga taya pangawasa [8 – a]
lamun kasasar lampah [7 – a]
nafsu nu matak kaduhung [8 – u]
badan anu katempuhan [8 – a]
Pupuh di luhur mangrupa pupuh …
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Dangdanggula
Méga beureum surupna geus burit [10 – i]
Ngalanglayung panas pipikiran [10 –a]
Cikur jangkung jahe konéng [8 – e]
Naha teu palay tepung [7 – u]
Sim abdi mah ngabeunying leutik [9 – i]
Ari ras cimataan [7 – a]
Gedong tengah laut [6 – u]
Ulah kapalang nya béla [8 – a]
Paripaos gunting pameulahan gambir [12 – i]
Kacipta salamina [7-a]
Pupuh di luhur mangrupa pupuh …
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Dangdanggula
Watak pupuh Kinanti nyaéta …
gumbira, senang, naséhat
silihasih, silih pikanyaah, naséhat, mépélingan
kabungahan, kaagungan
priatin, arepan, nganti-nganti
Watak pupuh Sinom nyaéta …
kabungahan, kaagungan
priatin, arepan, nganti-nganti
gumbira, senang, naséhat
silihasih, silih pikanyaah, naséhat, mépélingan
Watak pupuh Asmarandana nyaéta …
priatin, arepan, nganti-nganti
gumbira, senang, naséhat
silihasih, silih pikanyaah, naséhat, mépélingan
kabungahan, kaagungan
Watak pupuh Dangdanggula nyaéta …
silihasih, silih pikanyaah, naséhat, mépélingan
kabungahan, kaagungan
priatin, arepan, nganti-nganti
gumbira, senang, naséhat
Suasana priatin, arepan, nganti-nganti kaasup kana watak pupuh …
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Dangdanggula
Suasana gumbira, senang, naséhat kaasup kana watak pupuh …
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Dangdanggula
Suasana silihasih, silih pikanyaah, naséhat, mépélingan kaasup kana watak pupuh …
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Dangdanggula
Suasana kabungahan & kaagungan kaasup kana watak pupuh …
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Dangdanggula
Dina padika nembangkeun guguritan, anu nembang kudu merhatikeun kaparigelan Nyangkem rumpaka, maksudna …
Katalarna rumpaka kawih ti mimiti nepi ahir
Bedasna sora jeung teu gegerenyeman
Sorana teu sumbang, nyurup kana waditra pamirig
paham kana maksud eusi lagu
Dina padika nembangkeun guguritan, anu nembang kudu merhatikeun kaparigelan Ngatur artikulasi, maksudna …
Katalarna rumpaka kawih ti mimiti nepi ahir
Bedasna sora jeung teu gegerenyeman
Sorana teu sumbang, nyurup kana waditra pamirig
paham kana maksud eusi lagu
Dina padika nembangkeun guguritan, anu nembang kudu merhatikeun kaparigelan Panglenyepan eusi, maksudna …
Katalarna rumpaka kawih ti mimiti nepi ahir
Bedasna sora jeung teu gegerenyeman
Sorana teu sumbang, nyurup kana waditra pamirig
paham kana maksud eusi lagu
Dina padika nembangkeun guguritan, anu nembang kudu merhatikeun kaparigelan Kasaluyuan laras, maksudna …
Katalarna rumpaka kawih ti mimiti nepi ahir
Bedasna sora jeung teu gegerenyeman
Sorana teu sumbang, nyurup kana waditra pamirig
paham kana maksud eusi lagu
