wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS Bahasa Sunda Kelas 6

Total questions: 20

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Gaganti kolot urang di sakola teh....

a)

ketua murid

b)

penjaga sakola

c)

guru

d)

babaturan sakola

2.

Kuring teh .... amanat ku Bi Esur keur ka neng Santi.

a)

titipan

b)

katitipan

c)

katitipkeun

d)

titipkeun

3.

Salah sahiji pangaruh positip tina globalisasi nyaeta ....

a)

ngembangkeun kualitas diri

b)

budak leuwih pinter ti kolotna

c)

bisa bebas nurutan kabudayaan luar negri

d)

bebas ngaluarkeun sagala pikiran urang

4.

Anu ditulis pangheulana dina ngeusian formulir nyaeta ....

a)

alamat

b)

tanggal lahir

c)

ngaran

d)

tempat lahir

5.

Jalma nu ditanyaan dina wawancara ngarana ....

a)

Narasumber

b)

Wartawan

c)

Atlet

d)

Para ahli

6.

"Si Ibro mah beurat birit"

beurat birit hartina ....

a)

hese dititah

b)

babari dititah

c)

eraan

d)

sieunan

7.

Tempat para santri nyiar elmu bag-bagan agama Islam, nyaeta ....

a)

masjid

b)

pesantren

c)

musholat

d)

tajug

8.

Salah sahiji kagunaan panonpoe nyaeta ….

a)

ngistrika

b)

nyangu

c)

moe pakean

d)

nyeuseuhan

9.

Siswa : "Wilujeng enjing, pa!"

Guru Silat : ...............................................................

Kalimah anu pas pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta....

a)

Wilujeng enjing

b)

Wilujeng siang

c)

Aya naon jang?

d)

Bade kasaha ceu?

10.

Kasenian angklung teh dijieunna tina ....

a)

kai

b)

awi

c)

parunggu

d)

kuningan

11.

Dodol kawentar ti daerah . . . .

a)

Sumedang

b)

Garut

c)

Bandung

d)

Ciamis

12.

"Mang udin miara anak hayam."

Kecap miara dina kalimah diluhur saharti jeung ....

a)

Ngingu

b)

Ngangon

c)

Melak

d)

Meuli

13.

5. Kata pananya pikeun nanyakeun jalma nyaeta ....

a)

saha

b)

sabaraha

c)

dimana

d)

kumaha

14.

3. Wawangunan tempat dagang disebut ....

a)

rumah sakit

b)

imah

c)

warung

d)

masjid

15.

9. Kecap bilangan salikur hartina ….

a)

21

b)

12

c)

60

d)

25

16.

11. Kecap bantu bilangan anu merenah keur peuteuy nyaeta ....

a)

sahoya

b)

sapapan

c)

sakangkot

d)

sapereket

17.

13. Dina nyusun padoman wawancara diperlukeun....

a)

kalimah pananya

b)

kalimah panyeluk

c)

kalimah parentah

d)

kalimah wawaran

18.

Sakabeh agama ngajarkeun sangkan umatna silih asih tur silih ....

a)

asih

b)

asah

c)

asuh

d)

kasih

19.

Mana nu kurang merenah tina kalimat nu ngandung istilah rasa di handap ieu?

a)

Gula rasana amis

b)

Uyah rasana asin

c)

Jeruk rasana haseum

d)

Kecap rasana lada

20.

"Cik atuh ulah ulin wae ari geus kelas genep teh!"

kalimah di luhur kaasup kana kecap parentah nu hartina nuduhkeun ....

a)

panyaram

b)

panggeuri

c)

panitah

d)

pangjurung