wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Evaluasi Bahasa Sunda Bab 4-5 Kelas 7 S2

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Kuring jeung cahaya teh lir gula jeung amisna. Maksudna, moal bisa dipisahkeun. Mun cahaya, pasti aya kuring. Mun cahaya leungit, kuring ge sarua leungit. Ku kituna, umur kuring teh sarua jeung umur cahaya. Satungtung aya cahaya, nya kuring oge hirup

Anu dimaksud kuring dina bacaan di luhur teh nyaeta.....

a)

cahaya

b)

jelema

c)

kalangkang

d)

dunya

2.

Anu dimaksud lir gula jeung peueutna teh nuduhkeun . . . .

a)

teu bisa dipisahkeun

b)

gula teh rasana amis

c)

sarua rasana amis

d)

ari gula jeung amis teh beda

3.

Aya anu disebut cahaya jeung kalangkang. Eta teh bagian tina . . . .

a)

peristiwa alam

b)

beungharna dunya

c)

kaajaiban alam

d)

lalakon hirup

4.

Cai di. . . . caah mani umpal-umpalan, sorana ngaguruh.

a)

balong

b)

laut

c)

sumur

d)

walungan

5.

Dina mangsa panon poe keur manceran nuduhkeun . . . .

a)

isuk-isuk

b)

tengah poe

c)

burit

d)

sareupna

6.

"loba wisatawan nu datang, terus paparahuan di tengah talaga."

Kecap talaga teh sarua hartina jeung . . . .

a)

situ

b)

laut

c)

rawa

d)

walungan

7.

Mun teu rikat dierem mah, jigana mobil teh tigebrus ka . . . .

a)

mumugang

b)

punclut

c)

jungkrang

d)

babakan

8.

"Isukan mah bantuan (ukur) kebon, ngarah puguh legana aya sakumaha."

Kecap anu aya dina jero kurung kuduna ditulis . . . .

a)

ngaukur

b)

diukur

c)

ngukurkeun

d)

ngukur

9.

"Pot kembang anu ragrag teh (tinggang) kana paralon, tepi ka peupeus."

Kecap anu aya dina jero kurung kuduna ditulis . . . .

a)

ninggang

b)

ditinggang

c)

katinggang

d)

satinggang

10.

"Geura pek (balik) ka kulon, tangtu bakal jelas katempo puncak gunung teh."

Kecap anu aya dina jero kurung kuduna ditulis . . . .

a)

ngabalik

b)

malik

c)

tibalik

d)

balikan

11.

Nyawa papisah jeung badan,

ngan kari nganti pasaran,

dianterkeun ka kuburan,

nu ngajajap pileuleuyan.

Bacaan anu aya diluhur teh disebutna . . . .

a)

sajak

b)

wawangsalan

c)

sisindiran

d)

pupujian

12.

Nyawa papisah jeung badan,

ngan kari nganti pasaran,

dianterkeun ka kuburan,

nu ngajajap pileuleuyan.

Lamun bacaan di luhur dikawihkeun disebutna . . . .

a)

ditembangkeun

b)

dinadomkeun

c)

digalantangkeun

d)

diungkarakeun

13.

"Nyawa papisah jeung badan, ngan kari nganti pasaran."

Kecap pasaran teh nuduhkeun . . . .

a)

barang

b)

pagawean

c)

tempat

d)

kaayaan

14.

"Urang Baduy mah ngagem agama Sunda Wiwitan."
Anu dimaksud ngagem nyaeta . . . .

a)

sora anu agem

b)

boga

c)

nganut

d)

nurut

15.

"Nu dibawa ukur boeh jeung asiwung, geus kitu dirurub padung."

Ari padung teh dijieunna tina . . . .

a)

lawon atawa kapan

b)

beusi sangkan kuat

c)

tembok atawa beton

d)

awi atawa kai