wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS BAHASA SUNDA

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.
Rempug jukung Pamuda Indonesia Tekadna waspada ariatna Raksa jaring raga sukma Kukuh pengkuh kuat nahan cocoba Lemah cai merdekana abadi Pasti urang kabeh pada kagiliran Urang kabeh pada kagiliran Teguh nempuh perjuangan rakyat Indonesia Ngajungjung darajat bangsa 1. Jejer kawih "Karatagan Pamuda Indonesia" Nyaeta....
a)
a. kaum muda-mudi nu keur meumeujeuhna
b)
b. Tekad para pamuda dina ngajungjung nagara
c)
c. Tekad para pamuda dina perang
d)
d. Kaum muda-mudi nu ngajak rayat sejen bajoang
2.
2. Amanat tina kawih "Karatagan Pamuda Indonesia" nyaeta...
a)
a. Kudu bajoang pikeun kamerdekaan
b)
b. Kudu ngiluan perang
c)
c. Kudu aktif dina sagala kagiatan kanagaraan
d)
d. Kudu ngajungjung darajat bangsa
3.
3. Maksud "kukuh pangkuh kuat nahan cocoba" nyaeta....
a)
a. Cobaan mah tangtu aya wae
b)
b. Kuat nyanghareupan sagala cobaan
c)
c. Kuat nahan kahayang pribadi
d)
d. Kuat mecahkeun masalah
4.
4. Naon anu kudu dipilampah ku urang salaku pamuda Indonesia pikeun nagara urang... iwal.
a)
a. Kudu babarengan ngabela nagara
b)
b. Kudu ngajungjung darajat bangsa
c)
c. Kudu boga tekad waspada kana situasi
d)
d. Kudu ngaronjatkeun kabutuhan hirup
5.
5. Kawih asalna tina basa kawi nyaeta kavy nu hartina....
a)
a. Syair
b)
b. Sisindiran
c)
c. Dongeng
d)
d. Pantun
6.
6. Nu teu kaasup kana conto kawih Mang Koko nyaeta....
a)
a. Mawar bodas
b)
b. Karatagan Pahlawan
c)
c. Bandung Lembang
d)
d. Karatagan Pamuda Indonesia
7.
Sabilulungan dasar gotong-royong Sabilulungan sipat silih rojong Sabilulungan genteng ulah potong Sabilulungan persatuan tembong 7. Amanat rumpaka kawih diluhur nyaeta....
a)
a. Kade genteng ulah nepi ka potong
b)
b. Kudu gawe bareng dina sagala hal
c)
c. Kudu ati-ati dina cumarita
d)
d. Kudu nembong sikeup nu hade
8.
8. Kecap "silih rojong" ngandung harti....
a)
a. Silih dukung
b)
b. Silih bere
c)
c. Silih pikanyaah
d)
d. Silih bales
9.
9. Jejer kawih Sabilulungan nyaeta ngeunaan....
a)
a. Gawe bareng
b)
b. Kaulinan
c)
c. Kasehatan
d)
d. Pahlawan
10.
10. Lalawanan hari kecap gotong royong nyaeta....
a)
a. Gawe bareng
b)
b. Babarengan
c)
c. Sosoranganan
d)
d. Tanginas
11.
Pelesiran di sisi basisir Ngahaja ngadon nyenangkeun pikir Mun pareng hadé poénaKira wanci pasosoré Angkat nyacag dina keusikNgalantung mapay kikisik Matak waas ningal lambakPatingsuruwuk padupak Silih udag jeung baturnaTeu aya pisan reureuhna 11. Latar anu kapanggih dina kawih diluhur nyaeta....
a)
a. Di pagunungan
b)
b. Di pakebonan
c)
c. Di pasawahan
d)
d. Di sisi laut
12.
12. Suasana anu kabayang dina kawih "Mapay-mapay Sisi Basisir" nyaeta....
a)
a. Gumbira
b)
b. Bingung
c)
c. Sedih
d)
d. Ambek
13.
13. Sacara gurat badag, kawih "Mapay-mapay Sisi Basisir" nyaritakeun....
a)
a. Kaendahan di sisi basisir
b)
b. Kaayaan jaman kiwari di sisi basisir
c)
c. Sato-sato nu aya di sisi basisir
d)
d. Di sisi basisir teh geuning loba sato laut
14.
14. Nu ngabedakeun kawih jeung tembang teh teu kauger/terikat ku....
a)
a. Nada
b)
b. Rumpaka
c)
c. Patokan pupuh
d)
d. Amanat
15.
15. Ieu dihandap kaasup kana conto kawih buhun atawa tradisional nyaeta... iwal.
a)
a. Papatet
b)
b. Rajamantri
c)
c. Tejamantri
d)
d. Karatagan Pamuda Indonesia
16.
16. Ieu dihandap kaasup kana conto kawih Pop Sunda nyaeta...
a)
a. Mawar Bodas
b)
b. Karatagan Pamuda Indonesia
c)
c. Sabululungan
d)
d. Es Lilin
17.
17. Rumpaka/lagu nu dihaleuangkeun ku barudak leutik waktu arulin di buruan disebut....
a)
a. Kawih
b)
b. Kakawihan
c)
c. Tembang
d)
d. Pupuh
18.
18. Nu kaasup kana conto kakawihan barudak nyaeta... iwal.
a)
a. Hompimpah
b)
b. Cingciripit
c)
c. Endog-endogan
d)
d. Karatagan Pamuda Indonesia
19.
19. Rarangken barung pa-an ngandung harti tempat, aya dina kalimah....
a)
a. Eta pasawahan teh meuni lega pisan
b)
b. Cibadak teh cenah baheulana pamandian badak-badak
c)
c. Memang geus jadi pakasaban bapa kuring ngala kalapa mah
d)
d. Manehna balik ka pakampungan indungna
20.
20. Dipakampungan eta mah geus rada pinuh ku penduduk. kecap pakampungan ngandung harti....
a)
a. Gundukan
b)
b. Tempat
c)
c. Kaayaan
d)
d. Tukang
21.
21. Sacara umum pungsi rarangken barung pang-keun pikeun ngawangun kecap....
a)
a. Barang
b)
b. Pagawean
c)
c. Sipat
d)
d. Bilangan
22.
22. Mana kecap di handap ieu nu ngagunakeun rarangken barung pang-keun nu bener... iwal.
a)
a. Pangalakeun
b)
b. Pangnenjokeun
c)
c. Pangmicenkeun
d)
d. Pangpangna
23.
23. Sacara umum rarangken pika-eun ngawangun kecap barang atawa kecap ....
a)
a. Barang
b)
b. Pagawean
c)
c. Sipat
d)
d. Bilangan
24.
24. "Jang, lamun dicaritakeun mah matak pikaseudiheun". Kecap pikaseudiheun ngandung harti....
a)
a. Ubar nu keur sedih
b)
b. Matak sedih
c)
c. Sering sedih
d)
d. Teu pati sedih
25.
25. "Kajadian tadi meuni pikaseurieun". Kecap pikaseurieun ngandung harti....
a)
a. Matak sueri
b)
b. Teu pati sueri
c)
c. Ubar sueri
d)
d. Beuki seuri
26.
26. Umur bapak saluhureun umur guru abi di sakola. Kecap saluhureun ngandung harti....
a)
a. Aya dina kaayaan...
b)
b. ... Pisan
c)
c. Ngan sa
d)
d. Tempat
27.
27. Kecap ngajungjung ngandung harti....
a)
a. Ngangkat darajat
b)
b. Ngaragragkeun
c)
c. Ngangkat harta benda
d)
d. Ngalakonan
28.
28. Hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan sakabeh eusi rumpaka kawih disebut....
a)
a. Jejer/tema
b)
b. Nada
c)
c. Rasa
d)
d. Amanat
29.
29. Dihandap iyeu conto jejer/tema iwal....
a)
a. Lingkungan
b)
b. Agama
c)
c. Gumbira
d)
d. Sosial
30.
30. Sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregeupkeun atawa nu maca, upama sedih, gumbira disebut....
a)
a. Nada
b)
b. Jejer/tema
c)
c. Rasa
d)
d. Amanat
31.
31. Ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih disebut....
a)
a. Nada
b)
b. Jejer/tema
c)
c. Amanat
d)
d. Rasa
32.
32. Perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku nu ngawih atawa nu ngarangna disebut....
a)
a. Amanat
b)
b. Rasa
c)
c. Jejer/tema
d)
d. Nada
33.
Héy barudak kudu mikir ti leuleutik, Manéh kahutangan, Ku kolot ti barang lahir, Nepi ka ayeuna pisan 33. Jumlah pada (bait) dina pupuh di luhur aya... padalisan.
a)
a. 2
b)
b. 3
c)
c. 4
d)
d. 5
34.
34. Rasa anu digambarkeun dina pupuh diluhur nyaeta....
a)
a. Gumbira
b)
b. Sedih
c)
c. Sumanget
d)
d. Sombong
35.
35. Pupuh di luhur nyaeta kaasup pupuh....
a)
a. Balakbak
b)
b. Maskumambang
c)
c. Asmarandana
d)
d. Kinanti
36.
36. Dihandap iyeu patokan anu kudu aya dina pupuh iwal....
a)
a. Jumlah padalisan dina sabaitna
b)
b. Guru lagu nyaeta sora vokal unggal tuntung padalisan
c)
c. Unggal lagu miboga watek nu tangtu
d)
d. Jumlah baitna aya 4 padalisan
37.
37. Dihandap iyeu conto kawih jaman jepang,iwal....
a)
a. Balon ngapung
b)
b. Es lilin
c)
c. Bandowati
d)
d. Mawar Bodas
38.
38. Dihandap iyeu conto kakawihan, iwal....
a)
a. Cingciripit
b)
b. Cingcankeling
c)
c. Paciwit-ciwit lutung
d)
d. Es lilin
39.
39. Mawar bodas kaasup conto kawih....
a)
a. Pop Sunda
b)
b. Kawih Mang Koko
c)
c. Kawih Wanda Anyar
d)
d. Kawih Buhun
40.
40. Sabilulungan kaasup conto kawih....
a)
a. Kawih Mang Koko
b)
b. Pop Sunda
c)
c,. Kawih Wanda Anyar
d)
d. Kawih Buhun