wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

US 2023-2024

Total questions: 50

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Adat kabiasaan karuhun nu masih dilaksanakeun ku masarakat, disebut...

a)

Budaya

b)

Tradisi

c)

Tatakrama

d)

Etika

2.

Ieu di handap anu henteu kaasup upacara daur hirup, nyaeta ...

a)

Adat Nyalin

b)

Adat nu Nyiram

c)

Adat Ngariksa nu Ngajuru

d)

Adat Mulasara Bali

3.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana tehnik nulis karangan pedaran, nyaeta tehnik...

a)

Persuasi

b)

Identifikasi

c)

Ilustrasi

d)

Definisi

4.

Anu henteu kaasup karakter dina Pangimbuhning Twah, nyaeta...

a)

Emet

b)

Imeut

c)

Kandulan

d)

Rajeun

5.

Anu henteu kaasup karakter dina goreng opat paharaman, nyaeta...

a)

babarian

b)

humandeuar

c)

kukulutus

d)

langsitan

6.

Ieu di handap henteu kaasup kana unsur Dasa Pasanta (Panengtrem Hate), nyaeta ...

a)

ramah

b)

hook

c)

cangcingan

d)

nyecep

7.

Ngeunaan tipeu gaya kapamingpinan Sunda bisa kapanggih dina naskah kuno ...

a)

Sanghiyang Siksa Kandang Karesian

b)

Amanat Galunggung

c)

Sewaka Darma

d)

Carita Ratu Pakuan

8.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana beulitan iket sirah, nyaéta...

a)

Barangbang semplak

b)

Parengkos nangka

c)

Koncer/paiten

d)

Kuda balap

9.

Salasahiji Dasa Pasanta nu ngandung harti "kudu bisa ngalelemu" nyaéta ...

a)

Guna

b)

Ramah

c)

Mukpruk

d)

Asih

10.

Pangimbuhning Twah nu Hartina "wanter" nyaéta...

a)

Pakapradana

b)

Gapitan

c)

Morogol-rogol

d)

Leukeun

11.

Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebutna...

a)

Wawacan

b)

Hikayat

c)

Carita wayang

d)

Carita pantun

12.

Anu henteu kaasup kana warnaning wayang, nyaéta wayang...

a)

Prabu

b)

Golek

c)

Kulit

d)

Purwa

13.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana kulawarga Semar nyaéta...

a)

Si Cépot

b)

Si Dawala

c)

Si Garéng

d)

Si Pétruk

14.

Carita Baratayudha kaasup tina salasahiji bagian carita wayang...

a)

Ramayana

b)

Arjuna Sasrabahu

c)

Mahabarata

d)

Dewa Ruci

15.

Hubungan Pandawa Lima ka Karna teh nyaéta...

a)

Pernah kapilanceuk

b)

Taya hubungan duduluran

c)

Pernah lanceuk misah bapa

d)

Pernah lanceuk beda indung

16.

Siloka bubuka pagelaran anu dikawihkeun ku dalang dina wiwitan caritana disebutna...

a)

Murwa

b)

Nyandra

c)

Kakawen

d)

Antawacana

17.

Anu disebut putra penengah Pandawa teh nyaéta....

a)

Yudistira

b)

Arjuna

c)

Bima

d)

Nakula

18.

Tokoh Rahwana atawa Dasamuka aya dina Carita wayang....

a)

Mahabarata

b)

Arjuna

c)

Ramayana

d)

Jabang Tutuka

19.

Ieu di handap kalimah anu teu ngandung kecap dirarangkénan hareup-N, nyaéta...

a)

Manehna meuli buku ti Palasari

b)

Leungeunna numpang dina beuteung burayutna

c)

Ngan ka ema nu tara ngantep teh

d)

Sigana mobil beus teh geus tepi kanu dituju

20.

Rarangkén hareup N- anu teu robah jadi nge- aya dina kecap ieu di handap, nyaéta ...

a)

Ngemil

b)

Ngecor

c)

Ngelas

d)

Ngecet

21.

Ngajén atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, film atawa pintonan drama jeung musik disebutna...

a)

Apresiasi

b)

Ekspresi

c)

Resénsi

d)

Éséy

22.

Nganalisis,nafsirkeun jeung ngajén karya sastra, disebutna ....

a)

Apresiasi sastra

b)

Ekspresi sastra

c)

Kritik sastra

d)

Artikel sastra

23.

Hal-hal nu teu kaasup kana cara-cara dina nepikeun kritik nyaéta...

a)

Kaunggulan jeung kahéngkéran ditepikeunana kudu saimbang/proporsional

b)

Kudu sopan dina ngedalkeun kateupanuju atawa kateusugema

c)

Bisa nganepikeun kahéngkéran atawa kagoréngan karya anu dikritik

d)

Témbongkeun rasa resep atawa teu resep sawajarna

24.

Hal-hal nu teu kaasup kana unsur-unsur resensi nyaéta...

a)

Nuliskeun identitas buku

b)

Medar ngeunaan eusi buku

c)

Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran eusi buku

d)

Nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang buku

25.

Pangimbuhning Twah anu hartina "mibanda jiwa pahlawan atawa SIKEP nasionalisme tur gedérasa tulung-tinulungan, nyaéta....

a)

Pakapradana

b)

Marogol-rogol

c)

Gapitan

d)

Purusa Ning sa

26.

Dina sistim kapamingpinan " Tri Tangtu di Bumi" , Sang Prabu kudu boga palasipah ngagurat batu, nyaéta...

a)

Ngawujudkeun kulawarga jeung masarakat anu ayem tengtrem

b)

Taat tur patuh dina ngajalankeun hukum, tanpa ayana rekayasa

c)

Boga watek nengtremkeun dina kaadilan

d)

Kudu lumampah dumasar tekad, ucap jeung lampah

27.

"Nu kapeto jadi pupuhu Persib Munggaran nyaéta Anwar St. Pamoentjak. "Kecap kapeto dina eta kalimah ngandung harti...

a)

Kapilih kudu migawe perkara nu dipapancénkeun

b)

Dipercaya pikeun migawe hiji pagawean

c)

Dipapancénan pikeun migawe hiji pagawean

d)

Dieureunkeun tina gawe nu dipapancénkeun

28.

" Harita mah Persib sok bangénan wae."

Kecap bangénan ngandung harti...

a)

Elehan tur épés méér

b)

Sakapeung meunang sakapeung eleh

c)

Meunangan

d)

Pikaresepeun

29.

Kecap Bobotoh ngandung harti...

a)

Purah lalajo atawa nongton nu keur tanding

b)

Purah ngareuah-reuah nu keur tanding

c)

Purah ngahudang sumanget ka nu keur ngadu jajatén

d)

Purah ngawaragadan nu rék tanding

30.

Ceuk tulisan resensi, tema dina drama " Tukang Asahan" nyaéta ngeunaan ...

a)

Tukang dagang asahan nu kekeleyengan kaditu kadieu

b)

Ngasongkeun pasualan hirup anu kudu disurahan

c)

Dagangan batu asahan anu teu laku-laku

d)

Palasipah batu asahan keur kahirupan

31.

Karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji pamadegan batur disebutna...

a)

Éséy

b)

Artikel

c)

Pedaran

d)

Makalah

32.

Anu ngabédakeun pedaran jeung artikel nyaéta...

a)

Panjang pondokna karangan

b)

Alus gorengan basa nu digunakeun

c)

Eusi jeung dimuat acanna dina koran/ majalah

d)

Aya henteuna daftar rujukan

33.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana cara-cara maca artikel nyaéta ...

a)

Baca heula sakali ti mimiti judul nepi ka tamat

b)

Dicatetkeun sakabeh eusina kana buku catetan

c)

Catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel

d)

Jieun ringkesanana tina artikel anu dibaca

34.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaéta...

a)

Judul

b)

Alinea panambah

c)

Alinea bubuka

d)

Alinea pamungkas

35.

Situs Megalitik Gunung Padang disebut-sebut ku para ahli Arkeologi mangrupa megalitik pangrohakana di ...

a)

Asia Tenggara

b)

Jawa Barat

c)

Indonesia

d)

Eropah

36.

Dina taun 1980 diayakeun survey ilmiah, anu nyindekkeun yen batu di Gunung Padang kaasup kana batu ...

a)

Koral

b)

Gamping

c)

Andesit

d)

Parikesit

37.

Alinea anu eusina ngébréhkeun lumangsungna peristiwa atawa kajadian, boh nu sifatna nyata atawa rékaan, disebutna alinea ...

a)

Argumentasi

b)

Deskripsi

c)

Narasi

d)

Eksposisi

38.

Dina carita pantun, anu mindeng disebut-sebut salaku nu ngawasa Gunung Padang teh nyaéta...

a)

Nyi Pohaci Sang Hiang Sri

b)

Dewi Durga

c)

Guriang Tunggal

d)

Sunan Ambu

39.

Dina taun 1982, pamugaran Gunung Padang dieureunkeun lantaran....

a)

Gawir di Gunung Padang urug

b)

Masarakat sabudeureun Gunung Padang demo teu panuju

c)

Arkenas kakurangan waragad keur pamugaran

d)

Lebu Gunung Galunggung ngubur situs Gunung Padang

40.

Ngaran sohor sejenna ti Prabu Siliwangi nyaéta....

a)

Sri Baduga Maharaja

b)

Raja Sunda

c)

Raja Haji

d)

Permana Dikusumah

41.

Carita rékaan anu pamohalan anu ditepikeun ku juru pantun bari dipirig ku kacapi, disebutna...

a)

Dongeng

b)

Wawacan

c)

Carita pantun

d)

Carita wayang

42.

Tokoh-tokoh nu dilalakonkeun dina carita pantun téh umumna nyaéta....

a)

Satria atawa ti Karajaan Galuh jeung Pajajaran

b)

Rayat biasa ti tatar Sunda

c)

Raja-raja ti tatar Sunda

d)

Raja-raja di luar Tatar Sunda

43.

Dina sastra Indonesia, pantun téh sarua hartina jeung... dina sastra Sunda

a)

Sisindiran

b)

Wawangsalan

c)

Pupujian

d)

Tatarucingan

44.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana galur carita pantun, nyaéta...

a)

Tokoh miang

b)

Tokoh meunang ujian

c)

Tokoh aya nu nulungan

d)

Rajah

45.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana carita pantun, nyaéta ...

a)

Lutung kasarung

b)

Purnama Alam

c)

Mundinglaya Di Kusumah

d)

Munding Kawati

46.

Dina carita pantun Mundinglaya Di Kusumah, tokoh Mundinglaya boga pancén ...

a)

Merangan Guriang Tunggal

b)

Merangan Guriang Tujuh

c)

Nyokot lalayangan salaka domas

d)

Jadi Raja Pajajaran

47.

Mantra anu dipapatkeun saméméh ngalalakonkeun carita pantun ku juru pantun disebutna...

a)

Jampé

b)

Ajian

c)

Jangjawokan

d)

Rajah

48.

Bagéan rumpaka anu kudu dihaleuangkeun dina carita pantun disebutna...

a)

Papantunan

b)

Rajah

c)

Deskripsi

d)

Lalakon

49.

Dina carita pantun Sri Sadana (Sulanjana), Dewi Sri dilalakonkeun minangka anak ...

a)

Batara Indra

b)

Batara Narada

c)

Dewa Anta

d)

Dewa Guru

50.

Dewi Sri teh sok disebut-sebut minangka Dewi Pare lantaran ...

a)

Tina kuburanana jadi tutuwuhan,diantarana pare

b)

Anu mimiti ngidangkeun dahareun tina paré

c)

Anu mimiti mawa Ninih paré ka Pajajaran

d)

Anu mimiti nyebarkeun paré di Pajajaran