wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SOAL PAT SD KELAS 6 MAPEL BAHASA SUNDA

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Nepangkeun,  …  abdi pun Meta,  …  ti Sukabumi

 

a)

Ngaran, kawit

b)

Wasta, asal

c)

Ngaran, asal

d)

Wasta, kawit

2.

Nyarita dihareupeun balarea disebut…

a)

Dialog

b)

Upacara

c)

Biantara

d)

Wawancara

3.

Miara kasehatan lingkungan teh ayeuna parantos dirojong ku WHO badan kasehatan dunya. Kecap dirojong hartina teh…

a)

Dititah

b)

Dicandak

c)

Didukung

d)

Dilakukeun

4.

Ceuk Meta anu lomba biantara di sakola kamari, urang kudu miara lingkungan sangkan sehat tur jauh tina panyakit. Miara lingkungan teh diantarana…

a)

Tutuwuhan gararing

b)

Miceun runtah kana wadah runtah

c)

Dina kolong bangku loba reungit

d)

Di solokan sakola nyocokan ku runtah

5.

1.      Jadi barudak, hayu urang sasarengan ngajaga kasehatan lingkungan ameh jauh tina panyakit. Rupina sakitu biantara ti abdi. Mugi aya manfaatna. Hapunten bilih aya kalepatan. Wasalamualaikaum warahmatullahi wabarakatu.

Penggalan biantara diluhur kaasup kana biantara bagian …

a)

Eusi

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

Salam pamuka

6.

1.      1) Kalungsuran rahmat sareng karunia Anjeuna urang bisa patepung

              2) Puji sareng syukur urang panjatkeun ka Allah SWT

              3) Assalamualaikum wr.wb

              4) Dina acara meling kasehatan lingkungan

              Susunan kalimah paragraf nu bener tina kalimah diluhur nyaeta ....

 

a)

3-2-1-4       

b)

2-1-3-4  

c)

  3-1-2-4  

d)

1-2-3-4

7.

Anu dimaksud Globalisasi teh nyaeta…

a)

Globalisasi nyaeta proses sumebarna unsur-unsur anyar hususna anu ngait informasi sacara mendunia ngaliwatan media citak atawa elektronik

b)

Globalisasi nyaeta proses sumebarna unsur-unsur anyar hususna anu ngait informasi sacara mendunia ngaliwatan televisi  atawa elektronik

c)

Globalisasi nyaeta proses sumebarna unsur-unsur anyar hususna anu ngait informasi sacara mendunia ngaliwatan game online  atawa elektronik

d)

Globalisasi nyaeta proses sumebarna unsur-unsur anyar hususna anu ngait informasi sacara mendunia ngaliwatan komunikasi canggih atawa elektronik

8.

Dijaman globalisasi urang kudu …

a)

Adaftasi     

b)

Bersaing   

c)

Getol diajar

d)

Gaul

9.

Mun urang internetan, omat ulah …

a)

kabeakan kuota   

b)

boros pulsa   

c)

poho ngecas HP

d)

Kajongjonan atawa poho waktu

10.

Paribahasa  gede hulu hartina.....

a)

Ukuran sirahna gede jadi make kopeah gede

b)

Sombong/ngarasa leuwih alus ti batur   

c)

Ngarasa pangkolotna jadi panggedena di kelas

d)

Tara gaul jeung babaturan

11.

Kalimat nu bener dina ngagunakeun kecap serapan “patani”nyaeta...

a)

patani nuju melak pare di sawah

b)

atani nuju melak pare di Sawah

c)

Patani nuju Melak Pare di sawah

d)

Patani nuju melak pare di sawah

12.

Basa nu lemes kécap-kécap di handap ieu nyaeta

       loba = ……………….            meuli = ……….……

a)

seueur , balanja   

b)

seueur, ngagaleuh 

c)

sarakah, meser  

d)

seueur, jajan  

13.

Pak sholeh    : “ ..........Neng Meta sakolana ?”

       Meta              : “ Abdi sakola di SDN Gunungpuyuh CBM  bapak”

a)

dimana 

b)

kamana 

c)

iraha  

d)

kumaha

14.

Kecap pangganti jalma disebut kecap ….

a)

kecap sulur 

b)

kecap barang  

c)

kecap sifat 

d)

kecap bilangan

15.

Contoh kecap sulur nyaeta…

a)

abdi     

b)

meja     

c)

alus  

d)

salikur

16.

Sasadu menta hampura kaasup kana bagian ….. dina biantara

a)

bubuka     

b)

eusi   

c)

salam    

d)

panutup          

17.

jadi jalma kudu wani serta lampar

poma tong loba cicing

ulah heureut lengkah

da alam dunya lega

pek indit sarta nguriling

urang dongdonan

tempat di saban nagri

Maksud guguritan dina pupuh durma diluhur nyaeta…

a)

Urang kudu jadi jelema anu wani

  

b)

Urang kudu jadi jelema anu gaul

c)

Urang kudu jadi jelema anu moderen

d)

Urang kudu jadi jelema anu wanteran

18.

Lengkepan wawancara di handap!

Rania               : Assalamu’alaikum,……………………………..?

Pak Dodi         : Wa’alaikumsalam. Wasta abdi pak dodi neng.

Rania               : …………………………………………………..?

Pak Dodi         : Nu ku abdi di ical teh, aya kembang mawar, anggrek sareng tulip.

a)

Punten linggih dimana bapak teh ?

Kembang naon wae anu diical ku bapak teh ?

b)

Punten saha jenengan bapak teh ?

Kembang naon wae anu diical ku bapak teh ?

c)

Punten saha jenengan bapak teh ?

Kembang naon wae anu digaleuh ku bapak teh ?

d)

Punten saha jenengan putra bapak teh ? Kembang naon wae anu diical ku bapak teh ?

19.

Kunaon urang kudu ngagunakeun bahasa lemes?

a)

Sabab bahasa lemes teh bahasa sopan

b)

Sabab bahasa lemes teh bahasa gaul

c)

Sabab bahasa lemes teh bahasa indung

d)

Sabab bahasa lemes teh bahasa menak

20.

Tanggapan ngenaaan jalma nu sok miceun runtah sambarangan.

a)

Urang ulah nurutan miceun sampah sambarangan.

b)

Urang kudu nurutan miceun sampah sambarangan.

c)

Urang budayakeun  miceun sampah sambarangan.

d)

Urang laporkeun anu  miceun sampah sambarangan.

21.

Lengkepan kalimah bubuka biantara dihandap!

Assalamualaikum Warahmatullah Wabarakaatuh

.............................................................................................................................................

Teu hilap solawat sinareng salam urang haturkeun ka junjunan urang Nabi Muhammad SAW, sareng para sahabatna, Ibu/Bapa Guru anu ku simkuring dipihormat. Sareng rerencangan anu ku sim kuring dipikacinta.

 

a)

Langkung ti payun manga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka allah swt.

  

b)

Langkung ti payun manga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka allah SWT.

c)

Langkung ti payun manga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Allah SWT.

d)

  Langkung ti payun manga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Allah swt.

22.

Lamun keur teu dipake, lampu kudu . . . .

a)

Dihurungkeun

b)

Diantepkeun

c)

Dipareuman

d)

Ditingalikeun

23.

. . . teh sumber energi panas.

a)

Panonpoe

b)

Bulan

c)

Bentang

d)

Bumi

24.

Urang kudu . . . listrik sangkan mahi nepi ka jaga.

a)

Ngahambur-hambur

b)

Ngantep

c)

Ngahemat

d)

Ngaruksak

25.

Mun minyak bumi terus-terusan . . . lila-lila bakal beak.

a)

dikeduk

b)

dijaga

c)

dirawat

d)

diantep

26.

Pami bade ngawitan atanapi rengse diajar urang kedah .... heula.

a)

Jajan

b)

Ngacung

c)

Ngadu’a

d)

Olahraga

27.

Dodol kawentar ti daerah . . . .

a)

Sumedang

b)

Garut

c)

Bandung

d)

Ciamis

28.

Karasana keur sakarat

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah diliwat

Tara ngalakukeun solat


Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....

a)

Opat padalisan

b)

Tilu padalisan

c)

Dua padalisan

d)

Sapadalisan

29.

Siswa : "Wilujeng enjing, pa!"

Guru Silat : ...............................................................

Kalimah anu pas pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta....

a)

Wilujeng enjing

b)

Wilujeng siang

c)

Aya naon jang?

d)

Bade kasaha ceu?

30.

Rek iraha indit ka Bandung teh?

Kalimah diluhur kaasup kana kalimah....

a)

Panyambung

b)

Panyeluk

c)

Wawaran

d)

Pananya

31.

Geura ............. bisi asup angin!

a)

dahar

b)

ngadahar

c)

didahar

d)

dadahar

32.

Salman ................ Farida nu ngahalangan jalan.

a)

dupak

b)

didupak

c)

ngadupak

d)

dudupak

33.

Hasan......ka sakola bareng  jeung babaturana.

a)

mios

b)

angkat

c)

indit

d)

ngagidig

34.

Lawan kecap indit nyaeta.....

a)

mios

b)

balik

c)

datang

d)

wangsul

35.

Neng Ema keur sasapu di buruan imah.

Kalimah pasifna nyaeta ....

a)

Buruan imah Neng Ema keur sasapu.

b)

Sapu Neng Ema di buruan imah.

c)

Neng Ema keur disapu ku buruan imah.

d)

Buruan imah keur disapu ku Nneg Ema.

36.

Tembok keur dicet ku Mang Uding.

Kalimah aktifna nyaeta .....

a)

Mang Uding keur ngecet tembok.

b)

Cet tembok keur ngecet Mang Uding.

c)

Mang Uding keur nembok cet.

d)

Tembok keur dicet Mang Uding.

37.

Sinonim tina kecap Beurang nyaéta…..

a)

peuting

b)

wengi

c)

siang

d)

isuk

38.

Babasan anu hartina sombong atawa adigung nyaeta...

a)

panjang leungeun

b)

hampang birit

c)

gede hulu

d)

hejo tihang

39.
Kecap pananya keur naroskeun ngaran tempat nyaeta ….
a)
di mana
b)
saha
c)
kumaha
d)
sabaraha
40.

Alhamdulillah kuring meunang wadah buku alus pisan.

Gambaran kaayaan hate dina kalimat di luhur nyaeta.....

a)

sedih

b)

wirang

c)

ambek

d)

bungah