WorksheetsBahasa Sunda Pangajaran 5 & 6
Total questions: 19
Worksheet time: 19mins
Carita rakyat nu nyaritakeun tokoh manusa, atawa sasatoan jeung tutuwuhan nu ngandung makna kanggo kahirupan disebutna … .
puisi
kawih
pamohalan
dongeng
Sakadang kuya ..... sakadang monyet geus lila sosobatan. Kecap nu merenah kanggo ngisi titik-titik di luhur nyaeta....
dan
jeung
lain
antara
Susun kecap-kecap nu aya di handap ieu jadi kalimah anu merenah!
hiji poe - ngajakan - Sakadang Monyet - di tegal - tempatna - melak - cau
Hiji poe Sakadang Monyet ngajakan melak cau tempatna di tegal.
Sakadang Monyet ngajakan melak di tempatna cau di tegal hiji poe.
Hiji poe ngajakan melak cau di tegal tempatna Sakadang monyet.
Sakadang monyet melak cau hiji poe di tegal tempatna ngajakan.
Dongeng sasatoan di Sunda lolobana dilalakonkeun ku..... jeung .....
Monyet jeung sireum
Kuya jeung manuk
Kuya jeung monyet
Kuya jeung Ucing
arasak - cau - anu - geus - tangkalna - dialana - dina - ku - Sakadang Monyet.
Susunan kecap-kecap di luhur jadi kalimah nu merenah nyaeta....
Cau anu geus arasak dina tangkalna ku Sakadang Monyet dialana.
Dialana cau anu geus arasak dina tangkalna ku Sakadang Monyet.
Dina tangkalna cau anu geus arasak dialana Sakadang Monyet ku.
Cau anu dina tangkalna geus dialana arasak ku Sakadang Monyet.
Di handap ieu tokoh anu aya dina dongeng sakadang kuya katempuhan iwal ti....
Monyet
Kuya
Buaya
Saha nu ditewak ku patani dina dongeng sakadang kuya katempuhan teh nyaeta....
Monyet
Kuya
Buaya
Dina dongeng sakadang kuya katempuhan, deuk ngala naon monyet jeung kuya teh....
Ngala cabe
Ngala cau
Ngala nangka
Dongėng kuya jeung monyėt melak cau mėrė conto yen urang ulah licik jeung ...
sarakah
pinter
males
bageur
Cau anu geus arasak dina tangkalna dialana ku ...
sakadang kuya
sakadang monyėt
sakadang peucang
sakadang buhaya
1. Salah sahiji conto ngahemat energi salaku siswa di sakola nyaeta...
a. Nyahurungkeun lampu nalika kelas dina kaayaan poek
b. Mareuman AC nu teu kapake
c. Nutup jandela sangkan panon poe teu asup ka ruangan kelas
2. Conto ngahemat energi lamun hidep keur di imah nyaeta...
a. Mareuman lampu nalika kaayaan imah keur poek
b. Mareuman tv nalika bapak lalajo berita
c. Mareuman kompa cai nalika caina geus pinuh
3. 1) Ridwan sok lalajo televisi nepika manehna kasarean
2) Umi mareuman lampu tengah imah nalika rek sare
3) Herni ngahurungkeun lampu belajar nalika manehna rek sare
4) Adi ngecas hp sapeupeuting
Dumasar kana pernyataan diluhur, anu nunjukeun kalakuan ngahahambur listrik nyaeta nomer
a. 1, 2, 3
b. 1, 2 4
c. 1, 3, 4
4. Ngahahambur listrik sarua jeung .... duit
a. Nyaah
b. Hambur
c. Hemat
5. a) Lamun urang ngahahambur listrik tangtu bakal .... ngaluarkeun duit
b) Upami urang ngahahambur listrik tangtu bakal .... ngaluarkeun artos
Kecap nu merenah keur ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta....
a. Loba - Seueur
b. Cukup - Cekap
c. Kurang - Kirang
7. Energi listrik teh bakal beak lamun terus terusan di pake. Urang ulah ngahahambur listrik, komo deui lamun dipake pikeun hal-hal nu teu penting. Conto kagiatan nu ngadukung pikeun hemat energi listrik nyaeta, iwal...
a. Ngalaksanakeun gerakan Earth Hour (mareuman listrik salila minimal sajam) salaku aksi ngamimitian gaya hidup hemat energi
b. Nyieun poster sederhana ngenaan ngahemat energi listrik pikeun diterapkeun di mading sakola
c. Ngahurungkeun lampu sapopoe bari teu dipake
8. Pakakas anu butuh ku energi listrik diantarana nyaeta, iwal...
a. Televisi
b. Kompa Cai
c. Wadah Runtah
10. Conto ngahemat kuota internet nyaeta...
a. Dipake nongton video dina youtobe anu matak teu aya guna na.
b. Dipake nongton video dina youtobe ngenaan pembelajaran IPA.
c. Dipake maen game online sapopoe.
9. Bapak : Kade tunguan bak wc, bapak keur ngahurungkeun kompa cai.
Firda : Naha kudu ditunguan sagala atuh Apa?
Bapak : Nya apan bisi pinuh bak na, lebar caina kapiceun jeung hambur kana listrik.
Paguneman diluhur ngagambarkeun yen urang teh kudu?
a. Hemat cai
b. Hemat kompa cai
c. Hemat listrik
