Font size
WorksheetsUS Bahasa Sunda Kelas VI SDN 1 Sukadana
Total questions: 30
Worksheet time: 40mins
AYIP ROSIDI
Ayip Rosidi gumelar di Jatiwangi, Jawa Barat, 31 Januari 1938 tilar dunya di Magelang, 29 Juli 2020 dina umur 82 taun téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.
Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah
Suluh Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonésia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.
Ayip Rosidi ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda dina tahun ….
2001
2003
1989
1982
Pagawéan nu luyu jeung gambar di handap nyaéta ….
kusir
dalang
beca
supir
Kaulinan barudak anu dijieun na tina dua awi nu ditincak bari sok dibalapkeun nyaéta ….
jajangkungan
sapintrong
gatrik
sondah
Ngahijina dunia kulantaran kamajuan téknologi disebut ….
modérenisasi
globalisasi
wéstérenisasi
urbanisasi
Perhatikeun wawancara di handap!
Mang Ade : “Kunaon bapak muka warung ieu?”
Pa Dahlan : “Kahiji abdi mung hoyong gaduh usaha nyalira sanaos modal pas pasan, nu utami ngawantunkeun myalira muka usaha.
Mang Ade : “………….. tarékah bapa supados usahana lancar?”
Pa Dahlan : “Numutkeun sim kuring, upami hoyong usaha lancar nu utamina ngajaga kapercayaan nu meser ka urang.”
Kecap anu merenah pikeun ngeusian dina titik-titik di luhur nyaéta ….
di mana
kumaha
saha
iraha
Tukang nyieun parabot tina beusi disebut ....
pamayang
panday
paninggaran
palika
Tina Jandéla
Ningali amparan sawah
Aya nu guligah
Rasa nyaah
Nu tadina bumetah dina manah
Ayeuna pinuh amarah
Naha atuh sawah téh bet jadi tempat runtah
Cihérang téh salin jinis jadi limbah
Sok Émut jaman nini jumeneng
Cenah sawah téh caina ngagenclang hérang
Ningali amparan sawah
Ningali hate nu robah
Sajak di luhur eusina nyaritakeun ….
lemah cai
kaayaan alam
kamajuan jaman
kahirupan nini
Teu honcéwang sumoréang Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai, lali rabi tur tega pati
Taya basa ménta pamulang tarima, iklas ridho keur korman merdéka
Judul kawih di luhur nyaéta ….
Karatagan Pamuda Indonésia
Gedur Tékad Perjuangan
Lemah Cai
Karatagan Pahlawan
Banjir Bandang di NTT
Badan Nasional Pananggulangan Bencana (BNPB) nétélakeun, banjir bandang nu nimpa ka daérah Nusa Tenggara Timur (NTT) mangrupakeun bencana alam nu boga akibat pang gedéna dina 10 tahun panungtung di provinsi éta.
"Jigana ieu akibat nu panggedéna nya ti basa éta, jeung ayeuna dina sadekade ieu," ceuk Kepala Pusat Data, Informasi jeung Komunikasi Kabencanaan BNPB, Raditya Jati dina telekonferensi pers, Rebo (7/4/2021).
Numutkeun Raditya, hampir sakabéh daerah di NTT kakeunaan banjir bandang. "Jadi, urang kudu nganyahokeun yén akibat ieu hampir sakabéh daerah di NTT kakeunaan," saurna. BNPB ngalaporkeun data korban banjir poé ieu jam 14.00 WIB. Kacatet aya 124 urang tilar dunya jeung 74 urang leungit akibat bencana banjir bandang di NTT. Korban jiwa nu tilar dunya akibat banjir bandang nyebar ti Kabupaten Flores Timur, Kabupaten Lembata, Kabupaten Alor, Kabupaten Malaka, Kabupaten Sabu Raijua, Kota Kupang, Kabupaten Kupang, jeung Kabupaten Ende. Salian éta, sakira 688 imah ruksak beurat akibat banjir bandang di Nusa Tenggara Timur (NTT). Saterusna, 272 imah ruksak sedeng, 154 imah ruksak hampang. Sedengkeun, kacatet 1.962 imah nu kakeunaan banjir bandang di NTT. Anjeuna ogé nyaritakeukeun 87 pasilitas umum kakeunaan bencana banjir bandang di NTT. Saterusna, aya 24 pasilitas umum nu ruksak beurat.
Jumlah imah nu ruksak sedeng akibat banjir bandang dina bacaan di luhur nyaéta ….
272
688
154
1962
LISTRIK ASUP DESA
Kiwari kamajuan téknologi kacida nabelesatna. Ku ayana kamajuan téknologi téa, ayeuna mah geus teu anéh lamun anu tadina dianggap modern téh geus teu modern deui. Malah beunang disebutkeun geus teu anéh deui. Saperti televisi, baheula mah langka aya nu boga, nepi ka lalajo ogé sok milu ka tatangga. Ayeuna mah méh unggal imah ngabogaan televisi, malah aya nu boga leuwih ti hiji. Kitu deui telepon, HP, jeung computer geus ceuyah di mana-mana. Atuh listrik ogé ayeuna mah, geus asup ka desa-desa. Teu anéh upama kiwari budak bau kénéh jaringao geus wanoh kana HP. Atuh ku ayana listrik, desa nu tadina poék, geueuman, jeung pikasieuneun téh robah jadi caraang mabra. Teu jadi hariwang upama urang jalan-jalan nyorangan di daérah nu tadina poék mongkléng.
Ku ayana listrik asup desa, mangpaatna téh gedé pisan. Di antarana kaayaan désa bakal leuwih maju, désa jadi caraang, ogé kaayaan pendidikan barudak moal tinggaleun. Sabab lamun baheula mah barudak ngapalkeun téh sok make cempor, ayeuna mah make listrik. Kitu deui inpormasi pangaweruh bakal gancang katarima ku barudak alatan bisa lalajo langsung dina televisi.
Listrik téh ayeuna mah geus mangrupa pangabutuh balaréa nu kacida diandelkeunnana. Ngan urang kudu bisa ngatur makéna, ulah kéna-kéna setrumna gedé, hayoh wae dimonyah-monyah, da nu bakal ripuh mah lain batur, tapi urang kénéh.
Diropéa tina Majalah Manglé No: 2001
Judul bacaan di luhur nyaéta ....
Listrik Asup Desa
Kamajuan Teknologi
Mangpaat Listrik
Mangpaat Televisi
Kecap di handap ieu asalna serepan tina basa asing, kajaba ….
handphone
internet
komputer
sapeda
Itu kusir bangun ambek ambek teuing, turun tina délman
Kuda dipecutan tarik, teu aya pisan rasrasan
Ngaran pupuh di luhur nyaéta ….
kinanti
balakbak
maskumambang
wirangrong
Kalimah di handap mangrupakeun mangpaat listrik asup désa, kajaba ....
désa jadi caraang
kaayaan pendidikan barudak moal katinggaleun
televisi bakal loba
inpormasi pangaweruh bakal gancang katarima
Paninggaran mah pagawéanna nyaéta tukang ….
teuleum
nyieun parabot
nakol bedug
moro
Banjir Bandang di NTT
Badan Nasional Pananggulangan Bencana (BNPB) nétélakeun, banjir bandang nu nimpa ka daérah Nusa Tenggara Timur (NTT) mangrupakeun bencana alam nu boga akibat pang gedéna dina 10 tahun panungtung di provinsi éta.
"Jigana ieu akibat nu panggedéna nya ti basa éta, jeung ayeuna dina sadekade ieu," ceuk Kepala Pusat Data, Informasi jeung Komunikasi Kabencanaan BNPB, Raditya Jati dina telekonferensi pers, Rebo (7/4/2021).
Numutkeun Raditya, hampir sakabéh daerah di NTT kakeunaan banjir bandang. "Jadi, urang kudu nganyahokeun yén akibat ieu hampir sakabéh daerah di NTT kakeunaan," saurna. BNPB ngalaporkeun data korban banjir poé ieu jam 14.00 WIB. Kacatet aya 124 urang tilar dunya jeung 74 urang leungit akibat bencana banjir bandang di NTT. Korban jiwa nu tilar dunya akibat banjir bandang nyebar ti Kabupaten Flores Timur, Kabupaten Lembata, Kabupaten Alor, Kabupaten Malaka, Kabupaten Sabu Raijua, Kota Kupang, Kabupaten Kupang, jeung Kabupaten Ende. Salian éta, sakira 688 imah ruksak beurat akibat banjir bandang di Nusa Tenggara Timur (NTT). Saterusna, 272 imah ruksak sedeng, 154 imah ruksak hampang. Sedengkeun, kacatet 1.962 imah nu kakeunaan banjir bandang di NTT. Anjeuna ogé nyaritakeukeun 87 pasilitas umum kakeunaan bencana banjir bandang di NTT. Saterusna, aya 24 pasilitas umum nu ruksak beurat.
Pananya nu aya kaitanna jeung paragrap kadua nyaéta …
Provinsi mana nu keuna ku banjir bandang?
Sabaraha urang jumlah korban jiwa akibat banjir bandang?
Naon wae nu keuna ku banjir bandang NTT?
Iraha Pa Raditya ngalaksanakeun telekonferensi?
Pahlawan Jawa Barat nu tiwas waktu ngabitukeun bom dinamit di gudang senjata milik tentara sekutu di Bandung nyaéta ….
K.H. Zainal Mustofa
Mohamad Toha
Otto Iskandar Dinata
Jenderal A.H. Nasution
AYIP ROSIDI
Ayip Rosidi gumelar di Jatiwangi, Jawa Barat, 31 Januari 1938 tilar dunya di Magelang, 29 Juli 2020 dina umur 82 taun téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.
Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah
Suluh Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonésia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.
Ayip Rosidi nyaéta saurang….
budayawan
aktor
pahlawan kemerdekaan
pajabat
Pasangan antara kadaharan: dodol ti Garut, tahu ti Sumedang, lamun galendo timana ....
Bandung
Cirebon
Ciamis
Cianjur
Kecap nu aya kaitanna jeung téknologi nyaéta ….
handphone
imah
jalan
roda
Kiwari kamajuan téknologi kacida ngabelesatna.
Sabalikna tina kecap kiwari nyaéta ….
ayeuna
kamari
isukan
baheula
Kepala Pusat Data, Informasi jeung Komunikasi Kabencanaan BNPB, Raditya Jati keur ngalaksanakeun telekonferensi. Telekonferensi hartina ….
maen internet
rapat na dunia maya
musyawarah di kantor
nelepon antara dua urang
Di kampung mah loba patani nu ngolah sawah.
Kecap pagawéan na kalimah di luhur nyaéta ….
kampung
patani
ngolah
sawah
Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.
Kalimah di luhur kaasup … pidato.
bubuka
salam pamuka
eusi
panutup
"Hayu urang ka Situ Gedé poé Minggu"
Kalimah di luhur ka asup kalimah ….
pangajak
parentah
panyaram
pangjurung
Leuweung nu sok dipaké ngajaga sato tina kapunahan nyaéta ….
cagar alam
suaka margasatwa
leuweung gerotan
pagunungan
Jelaskeun 3 bagian biantara (pidato)?
Di pantéy mah loba nu digawéna jadi pamayang.
Naon anu disebut pamayang téh?
Naon anu disebut komputer?
Jelaskeun saha ari K.H. Zainal Mustofa téh?
Jieun kalimah tina kecap internét jeung modéren!
