NEW
Font size
WorksheetsBHS Sunda 24
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Dio: “Padamelan bapa salian janten guru agama di sakola, aya padamelan sanés teu, Pa?”
Pa Pepep : “Janten ustadz atanapi guru ngaji.”
Dio: “Langsung wé nya Pa kana jejer anu badé ditaroskeun.”
Pa Pepep : “Sok atuh mangga.”
Dio: “Kumaha pamadegan bapa ngeunaan paripolah rumaja jaman ayeuna?”
Pa Pepep : “Ceuk bapa mah, budak ayeuna téh itu embung, ieu horéam. Jigana budak ayeuna mah tong boro ngaji, maca buku pangajaran gé mumul. Digawé jadi kedul. Malah sok kalah ka loba ngawadul. Kadituna mah loba kibul.”
Dio: “Kinten-kintenna kasang tukangna naon, Pa? Nu matak ngabalukarkeun éta hal téh?”
Pa Pepep : “Anu paling kuatna mah faktor lingkungan, lingkungan kulawarga,
lingkungan sosial, lingkungan media. Nu paling utamana mah lingkungan kulawarga.”
Dio: “Numutkeun bapa, kamajuan teknologi pangaruhna kana paripolah rumaja jaman ayeuna?”
Pa Pepep : “Ngaruh pisan. Justru nagara urang téh keur dijajah. Can merdéka sabenerna mah. Da kanyataanana masih dijajah.”
Dio: “Naon sababna, Pa?”
Pa Pepep : “Ku sabab imanna turun-naék. Keur meumeujeuhna néangan jati diri.’
Dio : “Naon waé anu kudu dipilampah ku ibu rama sangkan kaum rumaja jaman ayeuna henteu kapangaruhan kana pergaulan bebas?”
Pa Pepep : “Ngatik jeung ngadidik kudu bener-bener. Nu jadi fondasi utama nyaéta agama. Élmu agama kudu dinomerhijikeun. Apanan aya hiji ungkara kieu élmu tanpa iman, sasar. Iman tanpa élmu, buta. Jadi, sakumaha pinterna lamun teu iman, dicap goréng. Nu iman tapi teu pinter, angger bakal dicap goréng deui waé.”
Dio : “Naon balukarna saupama tina pergaulan bébas pisan?” ...
Jejer tina sempalan wawancara di luhur nya éta . . . .
Kaayaan jaman ayeuna
Paripolah rumaja jaman ayeuna
Kaayaan iman jaman ayeuna
Pamadegan guru agama
Numutkeun Pa Pepep, kumaha cenah kaayaan rumaja jaman kiwari téh?
Paripolah rumaja jaman kiwari leuwih saged nyanghareupan jaman
Paripolah rumaja jaman kiwari leuwih kreatif
Paripolah rumaja jaman kiwari mumul kana sagala hal
Paripolah rumaja jaman kiwari gaulna tinggaleun
Naon waé anu kudu dipilampah ku ibu rama sangkan kaum rumaja jaman ayeuna henteu kapangaruhan kana pergaulan bebas?
Nurutkeun sagala kabutuhan budak
Kudu méré kabébasan sakahayangna
Kudu ngatik jeung ngadidik bener-bener
Kudu méré fasilitas keur ngembangkeun bakatna
“Pangaruhna kamajuan teknologi kana paripolah rumaja jaman ayeuna kacida gedéna, unggal aya hal nu anyar asup ka nagara urang, langsung disantok” ieu hal ngandung arti yén . . . .
Resep ngumpulkeun barang-barang nu anyar
Bangsa urang téh resep barangbeuli
Resep kanu hal-hal anu anyar
Bangsa urang masih kénéh dijajah
Hal naon waé anu ngébréhkeun goréngna paripolah rumaja kiwari? Iwal
Kurang bémakrama
Dangdanan sakahayangna
Mumul kana gawé jeung diajar
Leuwih kréatif tur rancagé
Kagiatan gunem catur ku hiji narasumber nu tujuanana pikeun meunangkeun informasi disebut ….
ngawangkong
ngobrol
wawancara
diskusi
Ieu di handap nya éta hal-hal nu biasa dilakukeun saméméh wawancara nya éta ....
tangtukeun jejer/topik nu rék diwawancara
tangtukeun narasumber nurék diwawancara
nyieun kacindekan tina wawancara
nyieun sajumlah daptar patalékan ngeunaan topik nu rék diwawancara
Jalma nu diwawancara nu rék dipénta informasi disebut ….
oratos
narasumber
komposer
wartawan
Kecap dasar nu geus dirarangkénan atawa geus maké rarangkén disebut kecap ....
rarangkén
rundayan
asal
imbuhan
Nu kaasup kana conto kalimah réfléktif nya éta ….
Yuni silih poyok jeung adina.
Yani parebut HP jeung alona.
Isal keur nyisiran rambutna.
Ucing hideung jeung ucing belang keur silih koét.
Kalimah nu jejerna ngalakukeun pagéan sarta éta pagawéan téh keuna ka dirina atawa manéhna disebut kalimah …!
Résiproaktif
Réflektif
Paréntah
Wawaran
Nu kaasup kana conto kalimah résiproaktif nya éta ….
Manéhna keur mandi.
Si Zira keur dibaju
Cik atuh maén game-na piligenti jeung uing.
Ulah ulin kadinya
Montong ulin waé ari geus kelas genep téh atuh!
Kalimah di luhur kaasup kana kecap paréntah nu hartina nuduhkeun . . . .
Panggeuri
Pangjurung
Panitah
Panyaram
Mudah-mudahan teu hujan, Gusti!
Kalimah di luhur kaasup conto kalimah paréntah nu eusina nuduhkeun ….
Pangajak
Panyaram
Pangharepan
Pangwawadi
Langkung saé mah pami badé ka jamban téh wawartos heula ka bapa!
Kalimah di luhur kaasup kana conto kalimah paréntah nu eusina nuduhkeun ….
pangajak
panyaram
pangharepan
pangwawadi
Nu kaasup kana conto kalimah paréntah nu eusina nuduhkeun pangajak nya éta ....
Alusna mah ieu lukisan téh ditambahan gambar kebo.
Punten pangasupkeun kana kompan
Ulah kadinya, loba reungit!
Urang lalajo balap motor cross, yu!
Tengetkeun sing gemet!
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Dina ieu kesempetan, sim kuring ngawakilan réréncangan, seja ngahaturkeun séwu nuhun kana sagala kasaéan manah Bapa sareng Ibu Guru salami ngasuh sim kuring sadaya. Bapa sareng Ibu Guru teu weléh sabar ngawurukan sing kuring sadaya sangkan janten jalmi anu cageur, bageur, bener, pinter, singer, cangker, tur parigel. Numuwuhkeun siswa disiplin taat kana aturan, anu terang kana tatakrama sopan santun, anu iman sareng takwa ka Gusti Nu Maha Suci, kanggo pibekeleun hirup sim kuring sadaya ka payunna. Hatur nuhun pisan Bapa, Ibu, mugi-mugi sadaya élmu anu parantos didugikeun ku Bapa sareng Ibu ka sim kuring sadaya mangpaat lahir batin dunya akhérat. Atuh sagala rupi amal kasaéan Bapa sareng Ibu ka sim kuring sadaya, kénging ganjaran anu manglipet-lipet ti Allah SWT. Amiin ya Robbal Alamiin.
Tina sempalan wacana di luhur, katémbong yén jejer biantara di luhur nya éta ngeunaan ….
kasedih guru
paturay tineung guru
paturay tineung budak sakola
piwuruk guru ka murid-muridna
Kecap parigel dina sempalan di luhur hartina sarua jeung ….
loba kanyaho
loba kabisa
kuat tina kasakit
kalakuanana hadé
Jalma nu jago atawa hadé dina nepikeun biantara disebut ….
narator
orator
provokator
wartawan
Gaya atawa téknik biantara ku cara nyatetkeun poin-poin pentingna wungkul disebut téknik ….
improptu
ekstémporan
manuskrip
memoriter
Biantara nu biasa dilakukeun ku bapa Presidén nalika nepikun biantara Kamerdikaan Républik Indonésia nya éta ….
improptu
ekstémporan
manuskrip
memoriter
Nu teu kaasup kana salam bubuka dina biantara nyaéta ….
sampurasun
Assalamu’alaikum
wilujeng wengi
salam hangat
Ieu di handap nya éta hal-hal nu kudu diétoskeun pisan nalika nepikeun biantara …. iwal.
Sora kudu ngoncrang tur béntés
Lentong jeung wirahmana kudu merenah
Neuteup ka saarah
Antare, teu gancang teuing jeung henteu ancad teuing
Kalimah nu dikendalkeun langsung ku panyaturna disebut kalimah ….
sampurna
teu sampurna
teu langsung
langsung
Cirina kalimah langsung nya éta ditndaan ku tanda ….
panyeluk (!)
titik (.)
kekenteng (“….”)
tanya (?)
Perhatikeun kalimah ieu di handap!
1. Naha nitah ka Indra yén hayang dipangmecétankeun suku.
2. Tong ulin waé atuh, bantuan ema!
3. Urang kudu diajar motor, da sok aya butuhna!
4. Manéhna ulin ka Bogor.
5. “ Mang, bajigur hiji! ceuk Danis ka tukang bajigur”
Nu mangrupa conto kalimah langsung nya éta nomer ....
2
3
4
5
Cirina kalimah teu langsung nya éta diwuwuhan ku kecap ….
kira-kira
yén
hayu
cenah
Gaya basa nu ngagunakeun kecap nu hartina dileuwih-leuwihkeun disebut ....
kadalon
rarahulan
ocon
rautan
Nu kaasup kana conto gaya basa kadalon nya éta ….
kulitna salembut sutra
“Hey, ulah naék ka luhur, bisi labuh”
Dara nuju nagleueut Kapal Api.
“Anjeuna téh rada kirang dangu, kedah ngartos!”
Nu mangrupa conto gaya bahasa kaleuleuwihi nya éta …
“Déngé tah ku ceuli!”
Digawé satengah paéh.
ABC mah sarébuan
Yuyun mah rada kirang awas pami maca téh.
